Ulah sok dipupusingkeun | Nadzom sunda

Поділитися
Вставка
  • Опубліковано 30 бер 2023
  • Terimakasih untuk selalu mendukung channel ini! Jangan lupa tinggalkan jejak ya.
    Semoga video nya bermanfaat, do'akan juga semoga Risma dan pembaca sehat-sehat dan di lancarkan urusan baik dunia maupun akhirat. Aamiin.
    Follow : @rismayunita07_
    From Channel : Ruang Syairan
    Ulah sok di pupusingkeun
    Da kabeh geus di takdirkeun
    Mun memang bagean anjeun
    Pasti datangna ka anjeun
    Kitab Al-qur’an nu agung
    Nyaangan ka jalma luhung
    Nyarios Allah nu agung
    Rizki kabehan di tanggung
    Teu aya rizki nu hirup
    Manusia jeung makhluk hidup
    Anging rizkina dicukup
    Ku Allah Saumur hirup
    Sing rhido kana bagean
    Da eta teh kawajiban
    Uah sok ambeuk-ambeukan
    Mun keur saeutik bagean
    Ulah sok di pupusingkeun
    Kabeh atos di takdirkeun
    Jodo pati bagja anjeun
    Kabeh atos di tangtukeun
    Ulah sok mikiran anjeun
    Kana nu tos di seratkeun
    Ka Allah ngado’a anjeun
    Anu sae pikeun anjeun
    Ulah sok dipikasedih
    Naon anu nyieun sedih
    Memangna ge eta peurih
    Supados anjeun teh merdih
    Baheum ku anjeun kapeurih
    Sumputkeun eta kasedih
    Sagala nu nyieun peurih
    Aya ubar anu matih
    Moal aya tina ubar
    Iwal ti tawakal sobar
    Allah nu masihan jangler
    Ka Hambana nu kasamar
    Sobaran eta kanyeuri
    Anu aya dina ati
    Pasrahkeun kabeh ka Gusti
    Ka Allah nu Maha suci
    Anjeun sing bisa nyumputkeun
    Naon anu piseudiheun
    Anjeun sing bisa nempokeun
    Naon anu pibungaheun
    Sanggakeun eta sadaya
    Ka Gusti Allah ta’alla
    Eta nu langkung sae na
    Tibatan anjeun nalangsa
    Naon anu tos di alaman
    Eta janten pelajaran
    Pelajaran kangge urang
    Supados henteu nyalahan
    Eta kabeh bagean
    Perjalanan kahirupan
    Sangkan hirup pangalaman
    Tiasa nganasehatan
    Ulah sok garoreng sangka
    Kana takdir ti Gustina
    Kudu sing aralus sangka
    Kana qodo jeung qodarna
    Moal ayana masalah
    Lamun henteu aya hikmah
    Moal ayana ujian
    Pasti aya kabagjaan
    #Pupujuansunda #nadhomsunda #syiiransantri #syairansunda #santrisalafy #siksa #sholat #adzab #qur'an #maot #ajal #ngaji #maot #ajalgeusdatang #dunia

КОМЕНТАРІ • 25