Wilujeung sumping sasih romadhon | Nadzom sunda

Поділитися
Вставка
  • Опубліковано 21 бер 2023
  • Terimakasih untuk selalu mendukung channel ini! Jangan lupa tinggalkan jejak ya.
    Semoga video nya bermanfaat, do'akan juga semoga Risma dan pembaca sehat-sehat dan di lancarkan urusan baik dunia maupun akhirat. Aamiin.
    Follow : @rismayunita07_
    From Channel : Arif Rahman El Fatih
    Marhaban yaa rpmadhon
    Marhaban ya syahro siyam
    Marhaban ya ramadhan
    Marhaban ya syahro siyam
    Wilujeung sumping romadhon
    Sasih pinuh kaberkahan
    Hayu urang diniatan
    Milarian karodhoan
    Sasih romadhon nu mulya
    Panto langit dibaruka
    Ditutup panto naraka
    Pintu barokah pahala
    Hayu urang paruasa
    Ulah males jeung kapaksa
    Karna taak kanu kawasa
    Mugi-mugi ngahapus dosa
    Rugi urang mun kaliwat
    Ibadahna teu sumanget
    Ripuh dunia tur maksiat
    Nalangsa dunia akherat
    Nahan lapar jeung dahaga
    Sanajan aya jeung boga
    Hawa nafsu kudu di jaga
    Mugi lebet ka syurga
    Hayu urang maca Qur’an
    Ngalap ridho jeung ganjaran
    Ulah sampe kaliwatan
    Sanajan bari nundutan
    Pangsae saena jalma
    Anu taat ka agama
    Kana takdir tumarima
    Ka jalma teu pernah toma’
    Hayu seueurkeun sedekah
    Sangkan harta jadi berkah
    Ulah nafsu jeung sarakah
    Engke hanjakal cilaka
    Hayu seueurkeun ngadoa
    Tos sholat langkung utama
    Muntangan kanu kawasa
    Dijauhkeun tina siksa
    Loba jalma nu cilaka
    Sabab ka kolot doraka
    Henteu sieun ka naraka
    Sangsara di alam baka
    Ka masjid hayu dongkapan
    Tempat pinuh kaberkahan
    Jangji Allah bakal masihan
    Rohmat sareng katenangan
    Sifat takabur jauhan
    Sabab eta sifat syetan
    Anu kudu di musuhan
    Ulah sampe di turutan
    Kudu sabar jeung tawakal
    Tumarima teu hanjakal
    Ibadah na ulah miwal
    Kaimanan bisi ical
    Omat ulah sok ngahina
    Nyeurikeun kana hate na
    Jalma taya nu sampurna
    Anging Allah sagalana
    Sholat weungina lakonan
    Sanajan bari nundutan
    Hoream kudu dilawan
    Ulah eleh ku si syetan
    Seueurkeun maca sholawat
    Supaya kengeng syafaat
    Hirup berkah pinuh ku rahmat
    Bagja dunia jeung akherat
    Hayu angkat ka pangaosan
    Ulama hayu caketan
    Supados elmu nambahan
    Bodo henteu katutuluyan
    Ieu nasehat lakonan
    Sanajan sakedik pisan
    Kangge beukeul kahirupan
    Ngalap ridhona Pangeran
    Sholatullah salamullah
    ‘alaa thoha Rosulillah
    Sholatullah salamullah
    ‘alaa yasin habibillah
    Tawassalna bibismillah
    Wabil hadi Rosulillah
    Wakulli mujahidilillah
    Biahlil badriya Allah
    #Pupujuansunda #nadhomsunda #syiiransantri #syairansunda #santrisalafy #siksa #sholat #adzab #qur'an #maot #ajal #ngaji #maot #ajalgeusdatang #dunia

КОМЕНТАРІ • 23

  • @masrurohsiti704
    @masrurohsiti704 4 місяці тому +3

    Neda Widi nadzomna di serat diamalkeun 🙏mugia janten elmu anu manfaat,🤲

  • @user-ps6mw6wv2m
    @user-ps6mw6wv2m 3 місяці тому

    Alhamdulillah nadomna janten pepeling kanggo simabdi

  • @user-rs8ym7wv5j
    @user-rs8ym7wv5j 4 місяці тому

    Amin ya Alloh YRA ❤

  • @user-um1bb7nk1y
    @user-um1bb7nk1y 4 місяці тому +1

    Bagus sekali, salam saya dari Majalengka Jawa Barat.Pepeling nu mawa eling!!!.

  • @user-mv4bk8gt2u
    @user-mv4bk8gt2u 4 місяці тому

    Alhamdulilah tth. Ieu nadom na tuasa ku abdi d amal kn amin yra

  • @AgusSuparmin
    @AgusSuparmin 4 місяці тому

    Alhamdulillah👍💪🙏🏻

  • @ainurrahellwa1140
    @ainurrahellwa1140 Рік тому +2

    Subhannallah walhamdulilah, walailahailaulah wallauhuakbar😍😍

  • @nyayah91
    @nyayah91 4 місяці тому

    Alhamdulillah bisa di share untuk pesantren ramadhan ❤❤❤

  • @rideoneAX125
    @rideoneAX125 Рік тому +1

    Marhaban yaa Ramadhan

  • @galigali-bk2zt
    @galigali-bk2zt Рік тому +2

    Salam dari palembang

  • @user-wl4od1yr1o
    @user-wl4od1yr1o 4 місяці тому

    Assalamualaikum wr wb Mugi janten kabarohan

  • @aprijalgumelar1045
    @aprijalgumelar1045 Рік тому +1

    Barrakallahufik

  • @adebunyamin1807
    @adebunyamin1807 4 місяці тому

    syukron

  • @alampedesaanchannel7142
    @alampedesaanchannel7142 Рік тому

    Salam dari lebaktipar banten selatan

  • @kreatif-qx8lw
    @kreatif-qx8lw Рік тому

    Bagus sekali

  • @jurigkastrol6628
    @jurigkastrol6628 Рік тому +3

    Adem

  • @adis2719
    @adis2719 Рік тому +5

    Nyuhunkeun Widi ka teh Risma Y. Sareng team, setiap nadzom nu diupload, kuabdi ditiron sareng di Aos kangge puji-pujian saqobla magrib/shubuh, haturnuhun

  • @user-oq3mo2re2w
    @user-oq3mo2re2w 4 місяці тому

    Izin save ka, sair nya buat 🙏

  • @aliyarahmawati621
    @aliyarahmawati621 Рік тому +1

    Salam wanoh abdi TI Cianjur

  • @user-mg8pp2cv4f
    @user-mg8pp2cv4f 4 місяці тому

    Uken izin di amal keun nya teh🙏🙏 di angge nadoman nana