Saba Budaya: BADUY ~ CARITA PANTUN TI BADUY JERO

Поділитися
Вставка
  • Опубліковано 13 жов 2024

КОМЕНТАРІ • 131

  • @suzumarko4289
    @suzumarko4289 10 місяців тому +5

    Nama baduy adalah nama pemberian belanda, mereka adalah Sunda Kanekes

  • @AKMALMAULANA-vh9ot
    @AKMALMAULANA-vh9ot 2 роки тому +1

    Assalamualaikum wr.wb Alhamdulillah sim kuring parantos nongton video bu Retty anu judulna Saba Budaya : Baduy Carita Pantun ti Baduy Jero . Masyaallah ku ayana ieu video sim kuring janten terang salah sahiji budaya Sunda ti jaman buhun , nyaéta carita pantun .
    Naon cenah ari Carita Pantun téh ? Carita pantun nyaéta carita anu dilakonan ku juru pantun dina pagelaran ruatan , ilaharna dilakukeun sapeuting jeput , tuluy dimimitian ku rajah pamuka anu eusina sanduk - sanduk pangampura ka gusti nu kawasa ogé ka karuhun minangka ijin / widi sangkan salamet tur lancar . Anu katitén ku simkuring , dina ieu carita pantun téh , nyaritakeun ngeunaan kahirupan atawa kaayaan dina jaman karajaan Pakuan Pajajaran , boh dina alamna , kabudayaanana , kaayan manusana , jrrd.
    Patalina ieu vidéo jeung carita pantun anu dibaca perkelompok dinten Rebo nyaéta sami - sami ngawanohkeun ngeunaan eusi carita pantun , tapi aya ogé babandinganna upama dinten Rebo mah , carita pantunna mun dibaca ringkesanna , pami dina ieu vidéo mah urang teu ngan saukur ngadangukeun carita pantun , tapi urang ogé tiasa ninggal kumaha cara anu leresna dina midangkeun carita pantun . Dina strukturna ogé langkung lengkep anu vidéo ieu .
    Wasta : Akmal Maulana
    Kelas : 3A
    NIM : 2106222

  • @sundajasa
    @sundajasa 2 роки тому +3

    Salila kuliah ngagugulung ngeunaan tiori carita pantun, tata titi carita pantun, pagiling gisik jeung banjar karang pamidangan carita pantun, tapi teu nyaho ngajanggélékna, kumaha ari carita pantun téh? Tah gening ieu aya conto karya carita pantun, najan teu sapeuting jeput, najan teu karasa sakralna, tapi ieu bisa jadi calecer minangka tatapakan karya sastra urang Sunda asli nu teu kapangaruhan ku karya sastra séjén. Ku kituna ngahaturkeun séwu nuhun, laksa kabingahan ka Ibu Chyé Rétty Isnéndés jeung réngrénganana anu geus nalungtik ieu pagelaran carita pantun nu aya di Baduy Jero, mugia waé bisa jadi pecutan ka sakumna balaréa dina raraga ngamumulé, ngariksa, ngajaga, turta ngahudangkeun deui ieu karya sastra Sunda sampakan.
    Ieu carita pantun anu dipagelarkeun ku prepantun Aka Samin téh miboga ciri has nyaéta teu maké kacamata hideung, ogé teu aya sasajian. Galibna mah ieu carita pantun téh nyaritakeun ngeunaan hirup jeung huripna urang Sunda heubeul kana alam sabudeureunana, ogé nyaritakeun Karajaan Padjadjaran/Pakwan duméh aya sababaraha kalina éta prepantun téh nyabit-nyabit ngaran Pakwan atawa Pakuan. Hal nu nyirikeun ieu carita pantun téh auténtik karya Baduy Jero bisa katitén dina raksukanana anu dipaké ku juru pantunna.
    Upama dititénan kalawan nyosok jero, eusi tina ieu carita pantun téh nyaéta
    - Nyaritakeun nu resep ka jalma nu di lawang anu jangkung hideung, tuluy talatah ka barayana sugan tulus, lalamunan sugan suka kamayangan ka nu dénok, montok, konéng, ari suka dijaga-jaga lamun suka teu suka teu dianjangan. Nyalindung di balik panto nilik kana pibeubeureuheun, beubeureuheun sok timburuan. Lamun nganjang dihaja-haja, lamun pulang meungpeung pating ti beurang mah bisi kanyahoan ku deungeun-deungeun lalaga nu timburuan. Nyeri pikir sapeupeuting, sabeurang mah ditimburukeun rumasa nyelap jauh ka indung, ka bapa, kabina-bina timburuan.
    - Nyaritakeun kahirupan jeung kaayaan alam harita di Pakwan Padjadjaran, dina caritana disabit-sabit ngeunaan nguseupan leuwi jero, nu ngajalujur moé kasur, jeung sajabana.
    - Nyaritakeun kageulisan wanoja nu rambut panjangna ngarumpuyuk ka beulah hareup, digembrangkeun ka beulah tukang, ninggang tonggong nu nyéréléng ninggang cangkéng tur rambutna ditukal-ditikel.
    - Nyaritakeun ngeunaan nu calikna di Panca Batang mandé agung.
    - Nyaritakeun ngeunaan ngalemar, aya seureuh kunang tina muncang, seureuh kuning tina jeungjing, aya apu karang, pinang, jeung sajabana.
    - Dina ieu carita disabit-sabit ogé ngeunaan waditra saperti karinding jeung kacapi.
    Mung sakitu nu kapihatur, hapunten nu kasuhun tina saniskara kalepatan. Sastra Sunda nanjeur salawasna!SUNDA! SUNDA JAYA!
    Ku Zulfahmi Romadona (2007887)
    Référénsi:
    Isnendes, C. R. (2010). Teori sastra. JPBD FPBS UPI.
    Isnendes, R. (2014). Estetika Sunda sebagai bentuk kearifan lokal masyarakat sunda tradisional dalam sawangan pendidikan karakter. Edusentris, 1(2), 194-206.
    Isnendes, R. (2016). Upacara Seba Baduy: Sebuah Perjalanan Politik Masyarakat Adat Sunda Wiwitan. Jurnal Masyarakat Dan Budaya, 18(2), 47-58.
    Hernawan, R. I., & Kurniawan, E. IDIOM BADUY SEBAGAI CARA PANDANG KEARIFAN LOKAL DALAM HARMONISASI KESEIMBANGAN KOSMOS.

  • @rahayuamanda1628
    @rahayuamanda1628 2 роки тому

    Masyaallah saé pisan Ibu, saparantos sim kuring ningal vidio ieu alhamdulillah miboga pangaweruh anu anyar sanajan aya sababaraha hal anu teu dipikaharti, sok sanajan kitu tapi hal éta anu ngalantarankeun sim kuring langkung hoyong terang. Ku sabab ayana panalungtikan ti Ibu saparakanca sim kuring jadi langkung terang ngeunaan pantun Baduy.
    Carita pantun téh salah sahiji karya sastra Sunda buhun. Ku kituna basa anu digunakeun dina carita pantun téh nyaéta basa Sunda buhun, saperti carita pantun baduy nu ditepikeun ku juru pantun dina ieu video nu ngagunakeun basa Sunda buhun nu méh teu kaharti. Ku sabab kitu sim kuring teu ngartos eusi carita pantunna sacara gembleng. Carita Pantun mangrupa carita anu dilakonkeun dina pagelaran pantun ku Ki Juru Pantun. Anu jadi jejer dina pantun teh nyaéta jurupantunna jeung kacapi nu miboga pungsi pikeun mirig. Juru pantunna biasanya jalma anu lolong. Lamun misalna henteu lolong, juru pantun teh sok maké kacamata hideung, ceunah mah sangkan bisa konsentrasi nalika mantun.
    Umumna mah rangkay carita pantun téh dimimitian ku Rajah Pamuka, ditéma ku mangkat carita, nataan karajaan jeung lalakon, satuluyna dipungkas ku Rajah Pamunah atawa Rajah Panutup.
    Dina Rajah Pamuka jurupantun sanduksanduk heula, neneda ka nu ngawasa, pédah rék mantun. Sababna kitu téh dina carita pantun baris nutur galur nu kapungkur, mapay carita nu baheula. Jurupantun amit-amit ka dedemit, neneda ka karuhun jeung lelembut, sangkan lungsur langsar, salamet mantun nepi ka isuk. Ceuk anggapan jeung kapercayaan mah nu dilakonkeun dina carita pantun téh mangrupa carita nyata nu kungsi kajadian.
    Upama nilik carita pantun ti Baduy jero téh mangrupa salah sahiji tradisi lisan anu sipat sakral jeung dipidangkeun teu sagawayah, lantaran aya nu nyebut ogé yén carita pantun Baduy mah, sipat magis na téh luhur lantaran murni kénéh. Salian ti éta, carita pantun Baduy hususna di Baduy jero, biasana diturunkeun sacara lisan, lantaran teu aya kabiasaan sapertos nulis, jsb. Dina carita pantun Baduy jero, katingali pisan aya hal anu has, anu teu bisa dipanggihan dimamana, diantarana aya raksukanana (bodas-bodas-hideung), tuluy aya kacapi nu mibanda 9 kawat, sarta aya basa anu unik lantaran teu kapanggih dina kahirupan sapopoé.
    Référensi:
    Rosidi, Ajip. (2009). "Ngalanglang Kasusastraan Sunda". Bandung: Kiblat Buku Utama
    Koswara, D. (2010). Sastra Sunda Buhun, Bandung: JPBD FPBS UPI.
    Rahayu Amanda
    3B
    2104886
    Apresiasi Prosa & Drama

  • @AswadiBaduy
    @AswadiBaduy 3 місяці тому

    hebat baduy bisa cerita tama buku

  • @raniaprianti3579
    @raniaprianti3579 2 роки тому

    Masyaallah ibu, hatur nuhun saparantosna simkuring nongton ieu vidio, simkuring janten terang nu kumha ari carita pantun téh. Ieu carita pantun téh di pagelarkeun ku Aka Samin ti Baduy Jero.
    Carita pantun mangrupa salah sahiji sastra lisan anu aya di tatar Sunda ti taun 1518 maséhi. Éta carita pantun téh biasana dipagelarkeun ku tukang pantun anu lolong atawa sok make kaca panon hideung lantaran carita pantun mah sifatna sakral. Pikeun nambahan kasakralan nana éta carita pantun, sok disadiaan sasajén pikeun sarat jeung éta juru pantun ge kudu puasa dina magelarkeunna. Ieu carita pantun biasana nyaritakeun kahirupan urang Sunda buhun kana alam sabudereunana, ogé ngeunaan karajaan Galuh jeung Pakuan Pajajaran.
    Wasta: Rani Nuraprianti
    NIM: 2100736
    Kelas: 3A

  • @1a_rarasmuktikirana528
    @1a_rarasmuktikirana528 2 роки тому

    Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh
    Sateuacanna hatur nuhun ka ibu Chye Retty Isnesdes anu parantos ngapungkeun ieu pintonan ogé ka sadaya tim peneliti anu kantos nalungtik ngeunaan carita pantun di Baduy janten ieu pintonan teh pikeun pencerdasan kanggo sim kuring khususna anu teu acan terang kumaha carita pantun anu aya di Baduy.
    Anu sim kuring terang ngeunaaan carita pantun nyaéta Carita pantun teh salah sahiji karya sastra Sunda heubeul anu diekspresikeun wangun puitis anu dipidangkwun ku juru pantun. Dina carita pantun dijerona biasana aya rajah bubuka, nyebatkeun dewa-dewa, nyebatkeun karajaan Sunda, ogé dipungkas ku rajah panutup.
    Carita pantun biasana dipidangkeun di pagelaran nyaéta nu ngaranna mantun, biasana dilakukeun peuting, dipirig ku kacapi, juru pantun anu lolong, make kacamata hideung, make raksukan Sunda, ogé aya sasajen.
    Dina pintonan anu di unggah ku Bu Chye Retty Isnesdes kalawan judul Saba Budaya: Baduy ~ CARITA PANTUN TI BADUY JERO nyaéta pintonan carita pantun ti Baduy Aka Samin nu jadi juru pantun katiten perbedaan ti ciri-ciri carita pantun anu biasana. Dina carita pantun anu aya di Baduy katinggal yen juru pantun teu lolong ogé teu ngangge kacamata hideung. Aka Samin ogé ngangge raksukan khas Baduy. Dina manyun ieu teu aya sasajen anu biasana aya nalika pagelaran pantun.
    Sanaos sim kuring kirang ngartos kana basa anu aya dina carita pantun ieu, nanging aya sababaraha anu kakuping nyaéta carita pantun ieu aya nyaritakeun kumaha kahirupan masyarakat sunda jaman buhun.
    Sakitu ti sim kuring, hapunten kana sagala kakirangan ogé kalepatan dina basana.
    Wassalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh
    Raras Mukti Kirana
    2102326
    3A
    2021

  • @innasajuliwandina31
    @innasajuliwandina31 2 роки тому +2

    Bissmillahirahmanirahim
    Sateuacana sim kuring ngahaturkeun mangrewu-rewu nuhun ka Ibu Retty nu parantos masihan élmu tur informasi enggal ka sim kuring, hususna ngeunaan carita pantun nu aya di daérah Baduy. Alhamdulillah saatos nongton éta vidio téh tangtuna waé urang tiasa wanoh kumaha mintonkeun pantun téh, dipirig nganggo kacapi tur biasana dihaleuangkeun ku Juru Pantun.
    Éta pintonan carita pantun téh kawilang saé pisan, sanaos nu dipintonkeunana mung inti-intina hungkul ogé. Mung upami nilik deui tina hal-hal nu séjénna, éta vidio téh kawilang kirang jelas artikulasina, utamina dina jalmi nu mantunna, teras seueur suanten-suanten ti luar nu kacandak, antukna dina ngupingkeun kekecapanana kirang ka kuping. Teras kumargi durasina kawilang panjang, antukna nu nongton téh ngaraos jenuh.
    Upama nilik tina téma-téma nu nyangking dina éta carita pantun téh nyaéta medar ngeunaan kumaha kahirupan nu aya di karajaan.
    Salian ti éta istilah pantun baduy mimiti digunakeun ku J.J. Meyer (1891) waktu midangkeun tulisanana ngeunaan sawatara lalakon pantun. Lalakon nu disebutanana aya sapuluh, nyaéta Bima Wayang, Gajah Lumantung, Kidang Panadri, Kuda Gandar, Kuda Wangi, Langga Sari, Panambang Sari, Paksi Keling, Radén Tegal, jeung Rangga Séna.
    Ngeunaan kumaha basa jeung eusina basajan pisan, monoton, teu mentingkeun unsur hiburan, dipirig ku kacapi leutik. Tina judul-judul anu ditataan di luhur katingali yén anu dipaké judul lalakon téh nyaéta ngaran tokohna.
    Aya ogé sababaraha ungkara atawa kekecapan nu ngandung ma'na tur harti nu kawilang luyu jeung kaayaan masarakat nu aya di Kampung Baduy, di antarana nyaéta:
    1. Nu patalina jeung hukum.
    Contona waé dina ungkara "Mun hukum kancra kancas ...", ieu ungkara téh ngandung maksud nu kawilang luhur, nilik tina hukum adat nu aya di daérah Baduy nu kawilang heuras tapi lemes, pinuh ku kadisiplinan, tur sipatna fléksibel.
    Ku kituna, kahirupan di masarakat Baduy jauh tina kriminalitas, kajahatan, atawa kaributan nu mawa dampak négatif. Antukna, masarakat Baduy téh dikondisikeun sangkan miboga sikep jujur.
    2. Nu patalina jeung alam.
    Contona waé dina ungkara "Gunung ulah dilebur, lebak ulah diruksak ...". Éta hal téh miboga ma'na yén urang Baduy mah hirupna téh nyaluyukeun jeung alam tapi teu ngaéksploitasi. Masarakat Baduy leuwih loba nu ngajaga, jeung alam ogé bisa sosobatan jeung masarakat Baduy.
    3. Nu patalina jeung kakulawargaan.
    Contona waé dina ungkara "Hiji bérés, dua ruwis (roés), tilu runtut ...". Éta ungkara téh ngagambarkeun prinsip karukunan dina kahirupan rumah tangga. Urang Baduy percaya yén rumah tangga nu hadé téh mangaruhan lingkungan di sabudeureunana, leuwih leugana mangaruhan désa jeung sakabéh tanah ulayat jeung alam buana raya.
    4. Nu patalina jeung gaul di masarakat.
    Contona waé dina ungkara "Jadi kuntul sauyunan, jadi gagak sagelengan ...". Éta ungkara téh ngagambarkeun kumaha urang Baduy hirup jeung gaul di masarakat. Urang Baduy mangrupa komunitas nu kompak, gotong royong, silih asih, silih pikanyaah. Antukna, sacara komsis kawangun masarakat nu hadé, normatif, tur pinuh ku ékspétasi ajén-ajen dina kahadéan.
    5. Nu patalina jeung kapamimpinan.
    Di Baduy, pamingpin téh ditunjuk lain dipilih ku masarakatna. Nu milihna nyaéta baresan kolot atawa sesepuh nu nyumponan sacara lahir jeung batin. Prosés milihna ngabutuhkeun waktu nu kawilang panjang, éta panalungtikan sesepuhna téh dikuatkeun ku ilapat atawa ilham ngaliwatan puun (pamingpin pangluhurna, dina sisi spiritual) jeung dukun. Éta hal téh ditilik tina ungkara "Pemimpin mah kudu landung tali ayunan (kudu) laér tali aisan ..."
    Mung sakitu anu kapihatur, hapunten bilihna seueuer kakirangan. Hatur nuhun Ibu 🙏🏻
    Pustaka Rujukan:
    Ruhaliah. (2020). Sejarah Sastra Baru. Bandung: UPI Press.
    Hernawan., Retty Isnendes., & Eri Kurniawan. (2017). Idiom Baduy sebagai Cara Pandangan Kearifan Lokal dalam Harmonisasi Keseimbangan Kosmos. [Online]. Diaksés tina: www.researchgaterut/
    Wasta: Innasa Juliwandina
    NIM: 2006634
    Kelas: 3A

  • @dedenmurdiansah224
    @dedenmurdiansah224 2 роки тому +1

    Assalamualaikum wr, wb alhamdulillah ibuu reeus pisan ningali ieu carita pantun ti suku Baduy, kacida beungharna kabudayaan nu aya di urang teh husuna nu aya di tanah Sunda, mugia kapayuna kabudayaan di tanah Sunda tiasa langkung nanjeur, tiasa langkung sumebar di masarakat sunda, ogé simkuring tiasa meunangkeun elmu ngeunaan carita pantun ogé tiasa terang kumaha lumangsungna carita pantun hususna carita pantun suku Baduy.
    Carita pantun mangrupa karya sastra sunda heubeul dina wangun prosa. Tapi bentenna carita pantun sareng prosa nu sanés nyaéta dina carita pantun mah naskah na di tulis sapertos wangun puisi atanapi teu ngaguluyur. Dina carita pantun teu ngan saukur caritana tapi aya oge rajah bubuka jeung rajah Pamunah atawa rajah panutup, nu eusina nyaéta menta ka gusti nu maha Suci sangkan lumangsungna pagelaran pantun bisa lancar teuaya halangan harungan dugi ka tutugna.
    Carita pantun di pantunkeun ku juru pantun, nu biasana juru pantun didieu teh lolong, tapi kusabab geus mekarna jaman jadi saha wae nu bisa mantun nya bisa jadi juru pantun. Carita pantun teh di gelarkeun sapeuting jeput ti ngawitan ba'da isa tug dugi ka subuh.
    Carita pantun di luhur nyaéta nyaritakeun ajaran sapopoé masarakat Baduy.
    Sakitu nu tiasa ku sim kuring di dugikeun, hapunten bilih aya kekecapan nu kirang merenah.
    Ogé hatur nuhun ka Ibu Retty anu parantos nalungtik carita pantun nu aya di suku Baduy margi ieu kawilang penting pisan kanggo urang generasi nu teu terang yén di Baduy oge aya carita pantun.
    Wasta : Deden Murdisnsah
    NIM : 2100319
    Kelas : 3A

  • @dzikrighifari8780
    @dzikrighifari8780 2 роки тому

    Bismillahirrahmanirrahim
    Hatur nuhun sateuacanna ibu, video na sae pisan, sabada nonton ieu video sim kuring janten nambihan pangaweruh nu utamina dina carita pantun.
    Carita pantun biasana dipidangkeun di pagelaran nyaéta nu ngaranna mantun, biasana dilakukeun peuting, dipirig ku kacapi, juru pantun anu lolong, make kacamata hideung, make raksukan Sunda, ogé aya sasajen. Maca carita pantun téh carana dihaleuangkeun ku Ki Juru Pantun. Geuning carita pantun téh prak-prakanana teu kudu dina sapeuting jeput waé, sanajan Ki Pantunna teu maké kacamata hideung jeung euweuh sasajén pisan, tapi masih kénéh karasa sakralna. Dina mantun carita pantun téh dipirig ku kacapi, tur caritana matok. Salian ti éta juru pantun ogé kudu bisa nyarita, ngacapi, ngabodor, tur ngarajah dina salila mantun. Juru pantun ogé ilaharna mah ku lalaki. Patalina ieu vidéo jeung carita pantun anu dibaca perkelompok dinten Rebo nyaéta sami-sami ngawanohkeun ngeunaan eusi carita pantun, tapi aya ogé babandinganna, upama dinten Rebo mah, carita pantunna mun dibaca ringkesanna, pami dina ieu vidéo mah urang teu ngan saukur ngadangukeun carita pantun, tapi urang ogé tiasa ninggal kumaha cara anu leresna dina midangkeun carita pantun. Dina strukturna ogé langkung lengkep anu vidéo ieu.
    Sakitu nu ku sim kuring kapihatur hapunten bilih aya kekecapan nu teu mereunah.
    Wasta: Dzikri Ahmad Ghifari
    Kelas: 3A
    NIM: 2105946

  • @lisanshidqizulfahmi8459
    @lisanshidqizulfahmi8459 2 роки тому

    Ku cerdasna bangsa urang, tos kasampak ti karyana. Matak leres nya, Ibu. Anu ngabentenkeun manusa sareng ciptaan Allah nu sanes kantenna teh nya eta ku ayana budaya. Katambih deui, sim kuring reeus pisan ti ngawitan dibabarkeun jadi urang Sunda, dipasihan kasempetan kuliah di Pendidikan Bahasa Sunda, diajar carita pantun, anu saterasna nyakseni ieu pantun, geuning bangsa urang teh lain bangsa samanea. Sok sanaos saur nu di luhur mah nyebatna ieu teh "tinggaleun jaman", teu ningalkeun kamajuan, padahal mah puguh ayeuna anu tinggaleun teh. Buktina, ayeuna mah sagala rupana kudu dicatet, hese pisan ngingetna. Atuh karuhun urang, dulur nu di lembur malihan mah tiasa ngapalkeun carita pantun nu kacida panjangna.
    Mung nya eta kitu, sim kuring oge sami isin, Ibu. Sok sanaos kasebat urang Sunda, tapi sim kuring teu tiasa napak dina lalampahan sakumaha karuhun masihan conto. Bororaah apal kana pantun, dinten Rebo kamari dipiwarang maos ringkesan, rajah bubuka, rajah panutup di kelas Apresiasi Prosa jeung Drama oge meuni ku janten seeur istigfar. Kacida panjangna, katambih ku basa anu teu dipikawanoh ku sim kuring dina mangsa kiwari.
    Kalebet nalika ningal ieu carita pantun nu dipantunkeun ku dulur urang ti Kanekes. Sok sanaos teu sakola sacara formal, tapi leres Lisan ayeuna mah sanggem yen aranjeunna malihan mah langkung diajarna ti batan urang. Di mana wae, iraha wae, oge sagala rupa nu kasampak dina alam sabudeureunana, tuluy jadi pangajaran nu ngasah kamampuh pikiran jeung rasa. Ieu janten buktos yen dulur urang nu di Kanekes teh malihan mah langkung cerdas ti urang. Buktosna aya dina kamampuh mantunkeun carita pantun ieu.
    Hatur sewu nuhun, Ibu.
    Wasta: Lisan Shidqi Zul Fahmi
    NIM: 2100438
    Kelas: 3A, 2021

  • @nurlianaawulandari18
    @nurlianaawulandari18 2 роки тому +1

    Wasta: Nurliana W
    Kelas: 3B
    Assalamu'alaikum warohmatulohi wabarokatuh. Sabada niténan ieu video Saba Budaya: BADUY~CARITA PANTUN TI BADUY JERO sim kuring jadi reueus kana basa Sunda. Sabab geuning dina ieu carita pantun téh masih seueur kekecapan anu teu dipikaharti ku sim kuring. Hartina basa Sunda téh beunghar. MasyaAllah... Alhamdulillah...
    Carita pantun atawa lalakon pantun nyaéta carita rékaan anu dilalakonkeun ku juru pantun dina pagelaran ruatan anu disebut mantun. Midangkeunna ku cara dihaleuangkeun bari dipirig ku kacapi. Eusi caritana ngandung unsur pamohalan jiga dongéng. Sacara umum carita pantun mah bentukna puisi, tapi mengisahkan jeung aya paguneman.
    Ieu carita pantun téh eusina nyaritakeun ngeunaan Pakuan Pajajaran. Carita pantun dianggap carita Sunda nu asli, sabab latarna di jaman Pakuan jeung Pajajaran.
    Struktur dina carita pantun aya rajah bubuka, narasi, déskripsi, dialog, monolog, rajah panutup.

  • @shabrinasalsabila8648
    @shabrinasalsabila8648 2 роки тому

    Assalamualaikum wr.wb ibu sateuacana, sim kuring ngahaturkeun nuhun pisana ka ibu anu tos masihan informasi sareng élmu nu ageung pisan mangpaatna kanggo sadayana khususna kanggo sim kuring. Saatos sim Kuring nongton éta carita pantun téh sim kuring janten terang kumaha carana mintonkeun éta carita pantun téh. Carita panton téh nyaéta hiji seni pintonan carita pitutur/lisan sastra Sunda kuna bari ditembangkeun sarta dipirig ku kacapi. Pantun mangrupa hiji wanda seni nu kawilang geus kolot. Kamekaran seni pantun salajéngna dicirikeun ku nambahanana carita-carita pantun nu ajénna dianggap luhung. Carita pantun dibawakeun ku juru pantun, Juru pantun nyaéta tukang mantun atawa jalma anu biasa ngalalakonkeun carita pantun dina pagelaran ritual (ngaruat) anu disebut mantun. Umumna mah lalaki anu jadi juru pantun téh, can kungsi kacatur aya juru pantun awéwé.
    Ieu carita pantun ngabahs ngeunaan rakyat jeung sabunderena khususna daérah Baduy. Hukum adat di daérah Baduy kawilang heuras. Saeutik kajadian goreng sabab hukumna nu heuras éta. Kaayaan masarakatna ogé alus, gotong royong masih keneh seeur di terapkeun di daérah Baduy. Masih seeur tradisi-tradisi nu di pertahankeun di daérah Baduy éta.
    Pintonan Carita Pantun ieu saé pisan mung soantena kirang kadangu. Durasina Panjang pisan margi emang carita pantunmah durasina sok paranjang.
    Hatur Nuhun sateuacana, mung sakitu nu tiasa ku sim kuring dugikeun punten bilih seeur lepat dina penulisan atanapi walerana. Wassalamualaikum wr.wb
    Pustaka Rujukan :
    Wikipedia.org
    Wasta : Shabrina Salsabila
    NIM : 2003775
    Kelas : 3A

  • @raihanputra7043
    @raihanputra7043 2 роки тому +1

    Masya Allah saé pisan Ibu. Hatur nuhun ogé ka para peneliti nu tos nalungtik ngeunaan carita pantun baduy. Ku aya ieu panalungtikan téh simkuring janten terang kana kumaha juru pantun baduy nalika mantun. Teu kedah jauh jauh ka baduy pami rek ningal carita pantun baduy. Sakali deui hatur sewu nuhun ka ibu saparakanca nu tos nalungtik ngeunaan carita pantun baduy.
    Carita pantun téh salah sahiji karya sastra sunda heubeul dina wangun prosa. Sok sanajan dina wangun prosa tapi dina naskahna mah carita pantun teh ditulis sapertos puisi. Henteu ngaguluyur. Eusi dina carita pantun téh henteu langsung kana caritana tapi aya rajah bubuka jeung rajah panutup. Rajah bubuka eusina téh menta widi ka hyang.
    Carita pantun dipidangkeun dina pagelaran mantun. Juru pantun téh biasana mah lolong tapi lamun henteu ge sok dikacamata. Éta téh pikeun nginget-nginget deui eusi carita pantunna. Nalika pagelaran carita pantun sok dipirig ku kacapi. Pagelaran mantun biasana sok sapeuting jeput. Tapi aya ogé nu nepika tilu peuting atawa opat peuting. Dina pagelaran mantun teh henteu sagawayah margi dina pagelaran mantun teh kudu mere sasajen.
    Carita pantun diluhur nyaritakeun ajaran sapopoé masarakat baduy. Salian éta simkuring ogé sababarakali nguping kecap pakuan. Bisa waé ieu carita pantun téh aya patalina jeung karajaan pakuan. Dina ieu carita pantun seeur kekecapan nu simkuring nembe nguping.
    Sakitu nu ti simkuring tiasa dugikeun. Hapunten ibu bilih seeur kekecapan nu kirang merenah. Sakali deui Hatur sewu nuhun ka Ibu sareng rengrengan nu parantos nalungtik ngeunaan carita pantun baduy
    Wasta : Muhammad Raihan Putra Sandy
    NIM : 2102688
    Kelas : 3A

  • @jalalludinnoermuktie455
    @jalalludinnoermuktie455 2 роки тому

    Assalammualaikum wr.wb
    Dina ningali pintonan ieu abi salaku orang sunda rasa na reeus pisan lantaran dina jaman ayeuna anu tos hese pisan neangan juru pantun jeung seniman tradisional teh atos sesah lantaran tos kabawa ka jaman anu modern anu mana masyarakat teh tos hilap kana tradisi sareng kesenian anu aya dina daerah na.
    Hatur nuhun oge ka dosen-dosen anu tos dateng ka baduy jero anu mana keneh kandel pisan kana tradisi sareng kesenian sunda anu mana di baduy jero mah teu acan kapangaruhan ku parubahan jaman.
    Carita pantun teh biasa na netelakeun kaayaan jalma dina mangsa eta anu mana eta carita teh tos aya tina karajaan sunda keneh aya, eta hal teh di kuatkeun ku naskah sang hyang siksa kandang kersian anu aktuliskeun ti taun 1518 masehi.
    Sanajan dina ieu fidio teu pati jelas sora anu di haluangkeun ngan dina nu kadenger na ieu carita pantun teh nyaritakeun kaayaan jalma jaman buhun anu ngalakukeun kagiatan-kagiatan anu biasa dilakukeun dina jaman eta.
    Wasalammualaikum wr.wb
    JALALLUDIN NOER MUKTIE,3B,2004624

  • @dikhairawan3679
    @dikhairawan3679 2 роки тому

    Alhamdulillah sapartos sim kuring nongton ieu video, sim kuring boga èlmu anyar ngeunaan carita pantun. Sanajan seeur basa jeung carita anu dipikahartos tapi dina gurat badagna kahartos.
    Dina bubuka na aya rajah pamuka, juru pantun sasaur kanu maha kawasa ka para karuhunna sangkan dibèrè kalancaran dina ngalaksanakeun acara mantun kalawan lancar. Juru pantun Aka Samin, dina mantun biasana anu mantun tèh nganggo kacamata hideung. Tapi dina video ieu juru pantunna teu nganggo lolong, sareng teu aya sasajèn dina acara na.Aka Samin nganggo raksukan kgas Baduy, ditingali tina cara makè iket na anu khas saluyu jeung warna kamprètna. Dina eusi carita pantun ieu tèh nyaritakeun ajaran sapopoè masarakatna, cara hirup masarakat baduy nu tuluy hormat kana alam. karajaan Pakuan anu sebatkeun, mèrè nyaho yèn latar anu dicaritakeun tèh jamanna karajaan Pakuan. Masarakat Baduy tèh masih kènèh kuat dina ajèn ajèn budaya karuhun, salah sahiji na dina budaya carita pantun ieu.
    Sok sanajan seeur kekecapan anu ahèng dina ngupingna. Sacara gurat badag, ieu carita pantun tèh nyaritakeun ajèn ajèn dina unggal kagiatan ti masarakat baduy.
    Wasta : Dikha Irawan
    NIM : 2107468
    Kelas : 3B

  • @Mfznr
    @Mfznr 2 роки тому

    Assalamualaikum wr. wb.
    Alhamdulillah ku ayana ieu video téh ngajadikeun cukang lantaran hususna mahasiswa Pendidikan Bahasa Sunda sangkan nyaho kana carita pantun, anu kiwari mah geus kawilang langka. Ieu carita pantun téh mangrupa carita asli Sunda anu gelar dina abad ka-14, ogé mangrupa sastra Sunda anu henteu kapangaruhan ku nu séjén. Patula patalina ieu video jeung konsep carita pantun nyaéta ieu carita pantun téh dipingpin ku lalaki bari mirig kacapi. Saupama ditilik tina katangtuan juru pantun, jaman baheula mah juru pantun téh kudu lolong jeung make kacamata hideung, tapi saupama nilik di jaman kiwari mah, saperti vidio anu dipintonkeun ieu juru pantun téh henteu lolong jeung henteu make kacamata hideung, lantaran ieu carita pantun mangrupa ciri has ti carita pantun baduy jero.
    Nalika macakeun carita pantun, juru pantun kudu bisa fokus atawa museur kana eusi caritaan , ulah nepi ka salah lantaran bisa jadi mamala keur juru pantun, nu nongton sarta nu boga maksud lantaran carita pantun mah sakral. Dina ieu carita pantun téh aya rajah anu mangrupa jampé nu dibarengan ku kayakinan, ogé dina nalika bérés papantunan (lagu) jiga sisindiran éta sifatna banyol jeung kritikan. Dijaman kiwari mah, ieu carita pantun téh bisa katénjo ku nu nonton, sakumaha contoh dina ieu video anu mintonkeun juru pantun anu keur mantun. Saupama nilik di jaman baheula, anu mantun téh henteu katénjo ku nu nongton, ngan kakuping sora jentringna kacapi, henteu dipintonkeun jeung juru pantunna. Tapi sok sanaos kitu, henteu ngurangan kana ajén-ajén anu rék ditepikeun dina caritana.
    Pamungkas, sim kuring ngahaturkeun nuhun ka Ibu Chye Retty Isnendes anu parantos ngawanohkeun sarta mintonkeun ngeunaan carita pantun Baduy Jero, mugia ku ayana ieu video téh bisa jadi pecutan ka urang salaku masarakat Sunda sangkan bisa ngamumulé kana budaya jeung sastra Sunda anu kiwari geus mimiti kapohokeun.
    Sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya kalepatan, hatur nuhun.
    Wasta : M. Fauzan Ramadhan
    Kelas : 3B
    NIM : 2103786

  • @annisamutiahdz7154
    @annisamutiahdz7154 2 роки тому

    Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh
    Alhamdulillah sabada nongton video diluhur sim kuring jadi terang kumaha mantun the di daerah baduy jero. sanajan seeur anu kirang jeung sesah dipikaharti ku sim kuring sorangan salaku orang awam. Didieu sim kuring bade ngajelaskeun sakedih ngeunaan carita pantun.
    Carita pantun mangrupa carita amu ditepikeun sacara lisan dina wangun basa ugeran, bari dipirig ku kacapi. Aya bagean nu digalantangkeun jeung bagean nu dikawihkeun. Caripa pantun teh kaasup sastra sunda buhun. Anapon struktur tina caripa pantun teh aya rajah bubuka, eusi dina caritana, jeung rajah penutup anu sok disebat pge rajah pamunah. Carita pantun the caritaan anu dilakonkeun ku anu disebut juru pantun dina pagelaran ruatan anu disebut mantun. Carita pantun biasana dipagelarkeun sapeuting jeput nepi ka tutug the dimimitian ti bada isa. Ukuran ti carita pantun the umumna paranjang. Dumasar kana mediana, carita pantun digelar dina lisan, jeung ngandung hal anu mere kesan pamohalan.
    Panginten sakitu wa, hapunten pami aya kekecapan anu kirang merenah
    Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh
    Annisa Muti’ah Dzukuwwah
    3B/ 2004122

  • @dinanuraini5876
    @dinanuraini5876 2 роки тому +1

    Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.
    Masyaallah, reueus pisan ibu, sabada nongton ieu vidio sim kuring janten nambihan pangaweruh anyar, yén carita pantun anu asalna ti Baduy Jero téh mangrupa salah sahiji carita pantun anu asalna asli ti Sunda.
    Carita Pantun nyaèta carita rekaan anu di lalakonkeun ku juru pantun jeung pagelaran ruatan (ritual) anu disebut mantun bisa di pirig ku kacapi, biasana di haleuangkeun. Carita pantun biasana di pagelarken sapeuting jeput ti bada isya. Ukuran carita pantun téh umumna paranjang, dumasar kana media ogé carita pantun gelar dina lisan ngandung hal-hal anu mèrè kesan pamohalan.
    Upama nilik kana wanguna, carita pantun téh mangrupa wangun ugeran ( puisi) anu dijerona diwangun kusabaraha bagian diantarana aya bagian rajah, bagian deskripsi, bagian narasi, dialog jeung monolog jeung rajah panutal/pamuah.
    Sanajan teu patos kacangkeum sacara kasaluruhan, eusi carita pantun anu digelarkeun ku Juru Pantun téh nyaèta Aka Samin téh diantarana nyaritakeun ngeunaan kahirupan urang Sunda jaman baheula, ngeunaan alam sabudereunana ogé ngeunaan Pakuan Pajajaran. Dina carita pantun ieu anu digelarkeun ku Aka Samin téh miboga ciri has na, diantarana nyaèta teu aya sasajen ogé teu maké kacamata hideung anu biasana Juru Pantun mah sok teu leupas tina kacamata hideung, tapi dina ieu pagelaran Aka Samin béda tinu lian teu make kacamata hideung. Raksukan anu dipaké ku Juru Pantun téh mangrupa salasahiji raksukan has asal Baduy.
    Mung sakitu anu tiasa didugikeun ku sim kuring, hapunten bilih seueur kalepatan dina kekecapan. Hatur nuhun
    Wassalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh.
    Wasta : Dina Nuraini
    Kelas : 3A
    NIM : (2008193)

  • @anitanurlaela5816
    @anitanurlaela5816 2 роки тому

    Masyaallah, sae pisan, hatur nuhun Ibu parantos ngaupload video ieu, sok sanaos teu acan kantos ka Baduy nanging janten terang carita pantun nu di haleuangkeun ku juru pantun ti Baduy jero teh nu kumaha, tangtosna eta teh nambihan pangaweruh kangge simkuring.
    Carita pantun mangrupa salah sahiji karya sastra Sunda wangun ugeran atawa puisi. Aya 2 rupa puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta carita pantun jeung wawacan. Sedengkeun aya oge puisi Sunda anu eusina teu mangrupa carita nyaeta sisindiran, mantra, guguritan jeung sajak.
    Sanajan carita pantun mangrupa karya sastra wangun puisi, carita pantun teh sok dipagelarkeun saperti ngadongeng, carita anu dibarengan ku kacapi. Carita pantun ayeuna mah geus langka. Ku kituna urang kudu reueus jeung ngaapresiasi nalika aya nu mintonkeun carita pantun nu dihaleuangkeun ku juru pantun. Aya nu netelakeun yen dina tahun 50an carita pantun kungsi ngalaman masa-masa-jayana.
    Upama ditilik tina strukturna, carita pantun teh dibagi jadi genep bagean. Bagen-bagean anu aya dina carita pantun nyaeta bagean rajah, bagean narasi, bagean deskripsi, bagean dialog, bagean monolog jeung bagean rajah panutup. Dina eusi anu aya dina bagean deskripsi sok disebut "papantunan". Papantunan anu aya dina bagean deskripsi mangrupakeun bagean anu sok dipikaresep ku anu lalajo carita pantun.
    Carita pantun atawa papantunan, upama dibandingkeun jeung pantun anu aya dina sastra Indonesia, beda. Ari pantun anu aya dina sastra Indonesia mah nyaeta sarua jeung sisindiran anu aya dina sastra Sunda. Sedengkeun carita pantun mah pantun anu wangunna carita, cara mintonkeunna oge beda.
    Carita pantun ti Baduy jero ieuteh mangrupa salah sahiji tradisi lisan, diturunkeunna ngaliwatan lisan sabab di Baduy jero teu aya kabiasaan nulis tea, tuluy sipatna oge sakral, teu dipidangkeun sacara sagawayah lantaran aya nu netelakeun yen carita pantun Baduy mah sipat magis na luhur sabab murni keneh.
    Nu jadi juru pantun dina ieu video nyaeta Aka Samin, raksukan nu dianggo na ge nyaeta raksukan khas Baduy, ditingali tina cara make iketna anu khas jeung warna bajuna. Dina eusi carita pantun ti Baduy jero ieuteh nyaritakeun gambaran jeung ajaran sapopoe masarakat Baduy, Karajaan Pakuan, rupa awewe nu aya di masarakat Baduy, ngeunaan alam sabudeureun, jsb.
    Wasta : Anita Nurlaela
    NIM : 2101188
    Kelas : 3B

  • @ismaahadiah4568
    @ismaahadiah4568 2 роки тому

    Assalamu'alaikum wr. wb
    Masya allah sae pisan, Saparantos nyakseni kana pintonan carita pantun baduy diluhur, sim kuring jadi aya kapanasaran pikeun ngupingkeun langsung éta carita téh, sabab nu kakuping ayeuna ku sim kuring téh rada kirang jelas kitu, tapi alunan tina gamelan nu dipirig ku juru pantun nyaéta Aka Samin téh enakeun pisan, sanajan aya cariosan yén juru pantun mah biasana lolong, tapi tina ieu video tiasa ka buktoskeun yén teu sakabéh juru pantun téh lolong ayeuna mah, nu penting pikiran fokus pikeun nyarita atawa mantun, sabab carita pantun mah sumebar na lisan, janten kedah bener-bener fokus nalika mantunkeun atawa nyaritakeun téh.
    Carita pantun nyaéta salah sahiji karya sastra sunda buhun nu mangrupa wacana narasi atawa lalakon panjang nu dilisankeun ku cara dihaleuangkeun atawa dicaritakeun dina pagelaran husus (ritual) nu disebut mantun. Carita Pantun téh disebut pagelaran husus (ritual) sabab dina ngayakeunana teu bisa sagawayah, kudu aya sasajén jeung mantra-mantra heula saméméhna. Dina prak-prakanana Carita pantun téh sok dipirig ku sora kacapi, tuluy dipagelarkeun na téh biasana mah peuting ngarah sapeuting jeput. Wacana narasi dina carita pantun téh gemblengna mah mangrupa puisi, padalisan-padalisan nu ngandung wirahma.
    Eusi carita pantun nu dipidangkeun ku Aka samin nyaéta ngeunaan kahirupan sapopoé Sunda baheula, kumaha lingkungan Sunda baheula teh, kumaha kabiasaan urang Sunda baheula téh jsb. Dina ieu carita pantun nyaritakeun ogé ngeunaan salah sahiji karajaan Sunda baheula, nyaeta Karajaan Pakuan Pajajaran nu kasebut-sebut dina ieu carita pantun, sok sanaos teu kacangkem naon anu kacaritakeun ngeunaan éta karajaan téh, sabab aya sababaraha kecap anu kirang jelas jeung sesah dipikahartos ku sim kuring. Tapi sanaos kitu, sim kuring tetep reueus jeung panasaran hoyong nyakseni langsung kana prak-prakan mantun. Sakitu nu tiasa kapihatur, hapunten bilihna aya kekecapan anu kirang merenah, Hatur Nuhun.
    Isma Ahadiah
    2008444
    3B

  • @detikania7868
    @detikania7868 2 роки тому +1

    Bismillah...
    Masyaa Allah saé pisan vidéona, Ibu. Mani reueus ningalna ogé.
    Pedaran ngeunaan carita pantun parantos didugikeun di mata kuliah Aprésiasi Prosa jeung Drama ku kersana Bu Chyé Rétty Isnéndés, nanging dina kaayaan ayeuna niténan ieu vidéo téh jadi leuwih resep pikeun neuleuman pangaweruh ngeunaan carita pantun.
    Carita pantun téh kiwari mah geus rada langka dipintonkeun. Tapi ku kituna sim kuring ngarasa reueus ningal dina vidéo ieu Carita Pantun ti Baduy Jero anu eusi caritana miboga réa pangajaran keur kahirupan. Carita pantun ieu biasana ngalalakonkeun kajadian anu nyampak dina waktu harita (ilaharna dina kahirupan Sunda baheula). Upama nilik tina téma-téma nu nyangking dina carita pantun téh nyaéta medar ngeunaan kumaha kahirupan nu aya di karajaan.
    Maca carita pantun téh carana dihaleuangkeun ku Ki Juru Pantun. Geuning carita pantun téh prak-prakanana teu kudu dina sapeuting jeput waé, sanajan Ki Pantunna teu maké kacamata hideung jeung euweuh sasajén pisan, tapi masih kénéh karasa sakralna. Dina mantun carita pantun téh dipirig ku kacapi, tur caritana matok. Salian ti éta juru pantun ogé kudu bisa nyarita, ngacapi, ngabodor, tur ngarajah dina salila mantun. Juru pantun ogé ilaharna mah ku lalaki.
    Aya sababaraha ungkara atawa kekecapan nu ngandung harti luyu jeung kaayaan masarakat nu aya di Baduy Jero, nyaéta: 1). Patali jeung alam; 2). Patali jeung hukum; 3). Patali jeung kakulawargaan; 4). Patali jeung masarakat; jeung 5). Patali jeung kapamingpinan.
    Hal éta mangaruhan pisan kana kahirupan, ku sabab réa ajén-inajén anu bisa ku urang dicangking tur dilarapkeun kana kahirupan sapopoé.
    Aya ogé sasaruaannana jeung carita pantun anu kamari ku sim kuring dibaca di kelas ngeunaan Radén Tandjung nyaéta sarua nyarita ngeunaan kaayaan di karajaan, caritana ogé basajan.
    Sanajan ayeuna geus mikaweruh ngeunaan carita pantun, tapi tong nepi ka eureun di dieu kudu bisa nyiar pangaweruh ngeunaan carita pantun di wewengkon séjén, bisa jadi aya bédana.
    Mung sakitu anu tiasa didugikeun, hapunten bilih seueur kakiranganana. Mugia ibu teu bosen-bosen masihan pangaweruh ka sim kuring ogé ka mahasiswa séjénna ngeunaan kasundaan anu sakitu luhung ajénna.
    Wasta: Deti Kania
    NIM: 2101032
    Kelas: 3B

  • @suherdise1883
    @suherdise1883 3 роки тому +2

    Alhamdulillah... Asli te di ropea ku politik Mataram.

  • @nabilahnuraini9631
    @nabilahnuraini9631 2 роки тому

    Alhamdulillah saatos sim kuring nyakséni ieu video ngeunaan carita pantun ti Baduy Jero téh nambahan pangaweruh nu langkung jembar pikeun sim kuring.
    Carita pantun atawa lakon pantun nya éta carita nu biasa dilakonkeun ku juru pantun dina pagelaran ruatan nu disebut mantun. Biasana pagelaran pantun lumangsung sapeuting jeput, dimulai sanggeus Isya nepi ka subuh (Iskandarwassid, 1992: 100). Nurutkeun Rusyana (1981: 80) nyebutkeun yén tempat jeung waktu nu dicaritakeun dina carita pantun umumna keur jaman Karajaan Galuh (nu mandeg dina abad ka-8 jeung runtuh dina abad ka-13). Dumasar kana susunan caritaanana carita pantun miboga struktur atawa susunan carita pantun diantarana aya rajah, aya bagéan nu dicaritakeun, aya bagéan nu didialogkeun, jeung aya bagéan nu ditembangkeun.
    Dina ieu video, paméntasanana carita pantunna dituturkeun hiji alat musik nya éta ku kacapi (kacapi 9 kawat). Pagelaran carita pantun di Baduy lumangsung tanpa maké sasajén, teu maké kacamata hideung, jeung eweuh panongton. Lamun aya sasajén ogé mung aya jiga séréh pinang apu, perangkat keur ngalemar. Tiasa ditingali dina ieu video, yén Aki Samin mangrupa juru pantunna, anjeunna mangrupa urang Baduy asli.
    Salah sahiji tradisi lisan anu mibanda sipat sakral jeung teu dipidangkeun sacara sagawayah téh nya éta carita pantun ti Baduy ieu. Ku lantaran ceuk sakaol béja mah carita pantun Baduy, sipat magisna luhur sabab murni kénéh.
    Rujukan:
    Koswara, Dedi. (2010). Sastra Sunda Buhun. Bandung: CV. Wahana Karya Grafika.
    Wasta: Nabilah Nur’aini
    NIM: 2102613
    Kelas: 3A

  • @dianisaaini8152
    @dianisaaini8152 2 роки тому

    Masya Allah saè pisan Ibu pidanganna, meni reueus ningalina😊. Simkuring teu acan kantos ningali nu magelarkeun carita pantun kumargi sapertosna mah di wewengkon simkuring mah tos teu aya carita pantun teh, ku kituna ayana dokumèntasi sapertos kieu tèh tiasa nambihan pangaweruh kanu ningalina utamina anu teu acan wanoh kana carita pantun.
    Carita pantun tèh nyaèta carita rèkaan anu lakonkeun ku juru pantun dina pagelaran ruatan anu disebut mantun. Mantun biasana dipirig ku kacapi, sapertos dina ieu video nya tangtos èta ogè di pirigna ku kacapi. Wangun carita pantun tèh nyaèta aya rajah nu mangrupa salah sahiji ciri utama anu ngabedakeun carita pantun jeung seni (sastra) sejenna. Nu matak mantes upama aya nu nyarita, lain carita pantun upama euweuh rajahan, tuluy aya bagean deskripsi nyaeta bagian anu ngagambarkeun tingkah paripolah tokoh carita dina hiji kajadian. Bagian narasi atawa nyaritakeun, ditepikeun dina mangsa juru pantun nyambungkeun hiji kajadian kana kajadian saterusna. Beda jeung rajah katut kajadian deskripsi (papantunan), lebah bagian narasi mah henteu ditembangkeun. Tapi sanajan kitu angger bae dipirig ku kacapi najan ukur digalantangkeun bae oge, tuluy aya monolog, dialog, jeung rajah panutup.
    Dina èta video eusina ngeunaan kahirupan masarakat Sunda buhun jeung alamna, ogè nyaritakeun ngeunaan karajaan Galuh jeung Pakuan Pajajaran. Tapi jaman baheula mah juru pantun tèh sok disebut lolong sabab sok makè kacamata hideung, naha cenah kunaon sok makè kacamata hideung? Sabab manèhna sok melong siga nu melong lolong (atawa melong kosong), manèhna kitu tèh sabab keur ngingetkeun ingetanna ngarah kuat. Tapi dina ieu video mah aya bèdana sabab juru pantunna teu makè kacamata hideung, jeung teu disadiaan sasajèn, tangtu wae èta teh geus aya perubahaan jaman.
    Wasta: Dianisa Aini
    NIM: 2100664
    Kelas: 3A

  • @aisyahhh6981
    @aisyahhh6981 2 роки тому

    Assalamualaikum wr.wb
    Masya allah sae pisan bu.. Saatos sim kuring nonton teh meni reeus pisan gening masih aya anu ngamumule sastra lisan. Pantun téh hiji wangun kasenian titinggal karuhun urang. Béda jeung kasenian lianna, anu jadi lulugu dina pantun nyaéta karya sastrana anu mangrupa leunjeuran lalakon atawa carita. Lalakon anu turun tumurun nepi ka kiwari dina wujud lisan. Hanjakal ku generasi kiwari mah kurang dipikaresep lantaran meureun karasana geus tinggaleun jaman, henteu nyaritakeun kaayaan jaman kiwari. Padahal carita pantun téh pituin milik urang Sunda. Pantun Baduy mangrupa kearifan lokal masarakat di tengah-tengah lobana tabu anu dilarapkeun ka masarakat ieu. Pantun mangrupa pesen ogé minangka saluran komunikasi jeung pangaweruh tradisional masarakat Baduy.
    Dina masyarakat baduy kudu tetep mertahankeun tradisi lisanna ngaliwatan tuturan anu disebut mantun. Anu dimaksud pantun didieu tuturan dina aturan jeung ajaran adat, adat, doa jeung puja anu kuasa, mitologi jeung legenda luluhur, sarta aturan jeung ajaran kahirupan pantun.
    Sakitu anu tiasa didugikeun neda dihapunten pisan bilih seueur kalelepatan. Hatur nuhun.
    Wassalamualaikum wr wb.
    Wasta: Nenden Aisyah
    Kelas:3A
    Nim: 2006580

  • @saripahoktapiani3110
    @saripahoktapiani3110 2 роки тому +1

    Assalamu'alaikum, masyaallah saé pisan bu ieu carita pantun baduy téh.
    Carita pantun atawa lalakon pantun nyaéta carita rékaan anu dilalakonkeun ku juru pantun dina pagelaran ruatan (ritual) anu disebut mantun (Iskandarwassid dina Koswara, 2010:20). Dina magelarkeunana pantun mah umumna sok dipirig maké kacapi. Jalma anu magelarkeun carita pantun disebut tukang pantun atawa juru pantun. Juru pantun téh umumna, salian ti geus kolot ogé lolobana anu teu ningal (lolong).
    Anapon struktur nu aya dina ieu carita pantun baduy téh di antarana nyaéta: (1) rajah bubuka, mangrupa bagéan anu ditembangkeun ku juru pantun saméméh mangkat carita, eusi rajah mangrupa sanduk-sanduk ka karuhun lantaran rék ngamimitian mantun; (2) narasi, nyaéta bagéan anu ditepikeun dina mangsa juru pantun nyambungkeun hiji kajadian kana kajadian saterusna; (3) déskripsi, mangrupa bagéan anu ngagambarkeun tingkah paripolah tokoh carita dina hiji kajadian; (4) dialog nyaéta paguneman antara para palakuna; (5) monolog, nyaéta nyarita sorangan atawa nyarita dina jero haté; jeung (6) rajah panutup, mangrupa bagéan anu ditembangkeun ku juru pantun di ahir pikeun mungkas carita.
    Carita pantun téh salah sahiji karya sastra Sunda buhun. Ku kituna basa anu digunakeun dina carita pantun téh nyaéta basa Sunda buhun, saperti carita pantun baduy nu ditepikeun ku juru pantun dina ieu video nu ngagunakeun basa Sunda buhun nu méh teu kaharti. Ku sabab kitu sim kuring teu ngartos eusi carita pantunna sacara gembleng.
    Anapon eusi tina carita pantun baduy anu kacangkem ku sim kuring téh nyaéta:
    - Nyaritakeun nu resep ka jalma nu di lawang anu jangkung hideung, tuluy talatah ka barayana sugan tulus, lalamunan sugan suka kamayangan ka nu dénok, montok, konéng, ari suka dijaga-jaga lamun suka teu suka teu dianjangan. Nyalindung di balik panto nilik kana pibeubeureuheun, beubeureuheun sok timburuan. Lamun nganjang dihaja-haja, lamun pulang meungpeung pating ti beurang mah bisi kanyahoan ku deungeun-deungeun lalaga nu timburuan. Nyeri pikir sapeupeuting, sabeurang mah ditimburukeun rumasa nyelap jauh ka indung, ka bapa, kabina-bina timburuan.
    - Nyaritakeun kahirupan jeung kaayaan alam harita di Pakuan Pajajaran, dina caritana disabit-sabit ngeunaan nguseupan leuwi jero, nu ngajalujur moé kasur, jeung sajabana.
    - Dicaritakeun ogé kageulisan wanoja nu rambut panjangna ngarumpuyuk ka beulah hareup, digembrangkeun ka beulah tukang, ninggang tonggong nu nyéréléng ninggang cangkéng tur rambutna ditukal-ditikel.
    - Disabit-sabit ngeunaan nu calikna di Panca Batang mandé agung.
    - Dicaritakeun ngeunaan ngalemar, aya seureuh kunang tina muncang, seureuh kuning tina jeungjing, aya apu karang, pinang, jeung sajabana.
    - Dina ieu carita disabit-sabit ogé ngeunaan waditra saperti karinding jeung kacapi.
    Sakitu anu tiasa ku sim kuring dugikeun, hapunten bilih aya kalepatan. Hatur nuhun bu🙏
    Référénsi:
    Koswara, D. (2010). Sastra Sunda Buhun. Bandung: JPBD FPBS UPI.

  • @dewikaniachannel8649
    @dewikaniachannel8649 Рік тому

    Asalamualaikum, ibu nyuhunkeun widi kanggo ngunduh ieu video. Kanggo bahan ajar carita pantun di kelas. Hatur nuhun ibu. Luar biasa sae videona. Reueus ninggalina.

  • @ratnasari8630
    @ratnasari8630 2 роки тому

    Maa Syaa Allah, Ibu sim kuring ngaraos bingah sareng reueus pisan lantaran vidéo nu didokuméntasikeun ku Ibu. Sim kuring janten terang carita pantun anu tacan kapangaruhan ku Mataram atawa carita pantun aslli Sunda. Sim kuring ngahaturkeun nuhun ka Ibu sareng saparakanca nu atos ngadokuméntasikeun sareng nalungtik carita pantun ieu margi carita pantun asli Sunda téh kawilang langkina sareng janten pangaweruh anu énggal pikeun sim kuring.
    Carita Pantun mangrupa wacana narasi atawa lalakon panjang anu biasa dilisankeun atawa dicaritakeun dina pagelaran husus (ritual) anu disebut mantun. Dipagelarkeunana biasana sapeuting jeput. Anu ahli dina nyaritakeun pantun téh disebutna juru pantun. Pidangan carita pantun biasana bari dipirig ku kacapi. Juru pantun umumna lalaki, katitén ogé dina vidéo diluhur juru pantunna lalaki, ogé biasana juru pantun téh lolong atanapi nganggo kaca soca hideung nu fungsina pikeun nu mantun pokus dina midangkeun carita pantun, namung dina vidéo di luhur katawisna teu lolong sareng teu nganggo kaca soca hideung. Salian ti nyaritakeun carita pantun, juru pantun ogé bari ngacapi.
    Dina eusi carita pantun di luhur nu digelarkeun ku juru pantun Aka Samin nyaritakeun ngeunaan kumaha kahirupan urang Sunda ogé alam sabudeureunna, sarta nyabit-nyabit Karajaan Pajajaran, namung suanten dina vidéo téh kirang jelas, sim kuring ngupingna mung saalit.
    Mung sakitu ti sim kuring, hapunten Ibu bilihna seueur basa nu kamalayon. Ogé sim kuring ngahaturkeun nuhun ka Ibu parantos midéo ieu carita pantun.
    Wasta : Ratnasari
    NIM : 2003106
    Kelas : 3A

  • @dedefarhanm3891
    @dedefarhanm3891 2 роки тому +1

    Assalamualaikum Wr. Wb.
    Alhamdulillah saparantos nonton ieu video, sim kuring janten apal, aya gambaran kumaha nalika aya pagelaran carita pantun. Sareng nambihan kapanasaran kumaha rasana ngadangukeun atawa nonton sacara langsung pagelaran carita pantun.
    Carita pantun nyaéta carira anu dilakonkeun atawa dicaritakeun dina pagelaran carita pantun ku Juru Pantun. Dina carita pantun sok aya Rajah pamuka nu eusina biasana sanduk-sanduk kanu maha kawasa, sangkan dipaparin kalancaran nalika magelarkeun carita pantun, tuluy aya mangkat carita nu eusina inti carita pantun, jeung dipungkas ku Rajah pamunah atawa Rajah panuyup. Nu jadi Juru Pantun biasana sok lolong jeung maké kacamata hideung, sarta aya sasajén nu disadiakeun. Tapi dina ieu video mah, juru pantunna nyaéta Aka Samin teu lolong jeung teu maké kacamata hideung, sarta teu disadiakeun sasajén. Nalika pagelaran carita pantun, biasana juru pantun bari mirig kacapi.
    Dina ieu pagelaran carita pantun ku Aka Samin, nyaritakeun kahirupan urang Sunda buhun, alam sabudeureun, jeung nyaritakeun karajaan Pajajaran (sok sanaos sim kuring kirang paham kana caritaanana, jeung seueur kekecapan anu sesah dipikahartos).
    Raksukan juru pantun dina ieu video nyaéta ngagunakeun raksukan has urang Baduy nyaéta warna bodas, bodas, jeung hideung.
    Mung sakitu anu tiasa kapihatur, hapunten bilih aya kalepatan
    Wasta : Dede Farhan Mubarok
    NIM : 2000045
    Kelas : 3A

  • @muhamadraflifauji7689
    @muhamadraflifauji7689 2 роки тому

    Sim kuring ngarasa reueus pisan ninggal ieu vidio, margi di jaman kiwari masih kénéh aya anu nalungtik sastra Sunda buhun. Numutkeun sim kuring nu anyaran kana ninggali ieu carita pantun, lentong nu nyarita teh pati jelas, jadi asa monoton pisan ningali vidiona. Nalika nguping ieu carita pantun, jelas yén ieu carita pantun teu kapangaruhan ku dunya luar. Hartina, carita pantun ieu mangrupa carita pantun Baduy asli. Ku kituna sim kuring bisa nilik sababaraha hal anu muncul dina ieu carita pantun Baduy.
    Carita pantun mangrupa karya sastra buhun, carita anu kawilang panjang anu hirup dina jaman Karajaan Pajajaran. Carita pantun ditepikeun sacara lisan, caritana ngenaan sabudeuran Karajaan Pajajaran, dipintonkeun dina kagiatan anu bisa diréngsékeun dina jangka waktu anu lila atawa sapeuting nepi ka tilu poé tilu peuting.
    Carita pantun anu dibawakeun ku juru pantun Aka Samin teu make sasajén. lolobana carita dina sajak ieu nyaritakeun hirup jeung huripna urang Sunda buhun. Ieu carita pantun nyaritakeun ngeunaan Karajaan Pajajaran/Pakwan. Carita pantun ieu bisa dibuktikeun yén karya asli Baduy Jero tina baju anu dipake ku juru pantun.
    Mung sakitu anu tiasa ku sim kuring tepikeun, hapunten kana kakiranganna. Hatur nuhun
    Sampurasun.
    Muhamad Rafli Fauji
    2009988
    3A

  • @donisariman
    @donisariman Рік тому

    👍

  • @caosaindriyani9759
    @caosaindriyani9759 2 роки тому

    Assalamualaikum Wr.Wb ibu.
    Ieu carita pantun mangrupa hal anu aneh pikeun sim kuring, kulantaran karek ninggal/ngadangukeun carita pantun anu sagemblengna. Masyaallah nembe ayeuna sim kuring ninggal carita pantun anu asalna ti baduy jero. Carita pantun ieu teh biasana sok dipintonkeun ku juru pantun.
    Anapon dina video carita pantun di luhur, juru pantun na teu lolong jeung deui teu ngangge kacamata sapertos juru pantun anu lianna. Bisa jadi ieu nu jadi ciri khas urang baduy jero nalika mintonkeun carita pantun. Carita pantun ieu salah sahiji karya sastra sunda buhun anu bentukna lisan. Durasi waktu carita pantun teh biasana sok lami kusabab caritana anu panjang. Juru pantun oge kedah museur kana eusi caritana. Jadi biasana anu jadi juru pantun teh sanes jalma anu sagawayah.
    Juru pantun oge biasana dipintonkeun jeung sasajen. Sim kuring ngahaturkeun nuhun ka ibu Chye Retty Isnendes anu parantos nyayogikeun ieu vidio di youtube, bisa jadi ieu teh cara urang ngamumule budaya sunda anu jaman kiwari mah tos aheng.
    Sakitu anu tiasa ku sim kuring dugikeun.
    Wassalamualaikum Wr.Wb
    Wasta : Caosa Indriyani
    NIM : 2007890
    Kelas : 3A

  • @dadangsudarsonoAsmar-Network
    @dadangsudarsonoAsmar-Network 9 місяців тому

    ieu nu kedah teras dimumule saterasna , nuhun pisan ibu...

  • @punyamamaa7541
    @punyamamaa7541 Рік тому

    Mirip budaya suku Ainu di Jepang,

  • @annisasadiyah4843
    @annisasadiyah4843 2 роки тому

    Bismillahirrahmanirrahiim..
    Numutkeun sim kuring pagelaran mantun dina ieu video teh kalebet mantun anu tos keuna ku modernisasi. Lantaran upama nilik kana sajarah pagelaran carita pantun (mantun) di mangsa heubeul mah, anu janten juru pantun téh biasana teu tiasa ningali (lolong). Ieu hal téh patali jeung kasakralan pagelaran carita pantun harita. Lantaran teu tiasa ningali, juru pantun bisa leuwih pokus jeung "husyu" dina macakeun carita pantunna. Sedengkeun dina ieu pidéo mah juru pantunna éstuning tiasa ningali. Lantaran dina udaganana ogé béda, pagelaran pantun jaman kiwari mah langkung pokus kana tujuan hiburan dina raraga ngamumulé tradisi budaya. Sanajan kitu, teu ngurangan kana naon nu ditepikeun ku juru pantun. Sanajan sim kuring teu patos ngartos, tapi upami dititén mah dina ieu pidéo téh nyaritakeun mangsa Karajaan Pakuan Pajajaran. Dibacakeun ku juru pantun nu nganggo raksukan pangsi bodas has urang Baduy/Kanékés jero. Sakumaha biasana, juru pantun bari metik kacapi ogé. Tapi teu disadiaan sasajén, lantaran tadi téa pagelaran carita pantun digelar minangka hiburan ogé salah sahiji jalan pikeun ngawanohkeun sarta ngamumulé tradisi budaya.
    Mugia saterasna tradisi budaya Sunda tiasa langkung dipikawanoh, hususna ku masarakat Sundana. Dina kakeunaan ku modernisasi ogé, dipiharep teu ngaleungitkeun ajén-ajén sarta pesen/amanat nu ditepikeunana.
    Anissa Sadiyah
    (3A)
    2003895

  • @haznaputriazzahra348
    @haznaputriazzahra348 2 роки тому

    Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakattuh. Maasyaa Allah pisan Ibu sim kuring ngarasa reueus ningal ieu video, juru pantun anu nuju mantun, sanajan sakedap tapi karasa pisan suasanana.
    Carita pantun mangrupa bagéan tina folklor jenis mitos. Diciptakeuna carita pantun henteu kawatesan jang ngahibur hungkul, tapi ogé media panganteur pesen moral, émosional, ajén-ajén kahirupan jsb nu dianggep suci ku masarakat Sunda. Carita pantun kaasupna kana karya sastra heubeul klasik.
    Biasana mah Juru pantun téh mantunna sapeuting jeput, bari maké kacamata, da biasana mah panonna lolong. Tapi dina ieu carita pantun juru pantunna henteu di kacamata hideung, bisa jadi lantaran henteu lolong jeung geus kapangaruhan ku jaman modéren.
    Ditilik tina eusina, sim kuring sesah nampi informasi ti ieu carita pantun lantaran aya sababara kecap nu teu dipikawanoh. Nu ditangkep ku sim kuring mah ieu carita téh nyebut-nyebut ngaran Pakuan, berarti aya patalina jeung Kerajaan Pakuan jaman baheula. Teras aya ogé ngenaan kahirupan jaman buhun.
    Mung sakitu Ibu nu tiasa ku sim kuring dipikahatur, hatur nuhun.
    3A
    2008209
    Hazna Putri Azzahra

  • @amimahzataismah5911
    @amimahzataismah5911 2 роки тому

    Assalamualaikum alhamduliah saatos sim kuring nontol vidéo ngeunaan Saba Budaya Carita Pantun ti Baduy jero janten nabihan deui pangaweuh masih seuseur pisan budaya, kasenian, pangaweuh nu ku sim kuring teu uningan ngahaturkeun nuhun pisan ka ibu ayana youtube ibu tèh janten nabihan pisan pangaweuh pikeun sim kuring ti widang seni conto pupujian sunda teras widang satra ekranisasi carpon jeung sajabana
    Carita pantun nyata carita Sunda Buhun jeung Anu pura-pura dilalakonkeun kalawan kalawan dipingpin ku kacapi. Jalma anu magelarkeun carita pantun disebut pantun atawa juru pantun. Sacara umum, umur kolot geus kolot jeung loba antara anu jeung lolong. Ayeuna mah kasenian geus meh tilem rhyme. Juru pantun Loba nu geus pangsiun tina profesi. Sabab ayeuna mah geus langka, jigana mah. Saurna, juru Pantun teh matak keuheul. Genteng-gentengna dipotong-potong cenah, sok sarua wae, jadi mun manggung mah, utamana di imah, di lembur, atawa di panén.
    Pami nilik dina Konsep carita pantun yen carita pantun biasana juru pantun tur dipirig ku kacapi. Juru pantunna lalaki, ganggo kaca soca, sakumaha anu biasana ki juru pantun paké nalika mantun.mun ditilik dina video ieuma si juru pantun teu pake kacama jeung raksukanana ogé baju masarakat asli Baduy
    mung sakitu nu tiasa ku sim kuring di pedar ngeunaan carita pantun mugia janten manfaat kanggo sim kuring sareng rerencangan hatur nuhun ibu
    dicutat : basasunda.com/sejarah-dan-pengertian-carita-pantun/

  • @chaturprasetyoaji41
    @chaturprasetyoaji41 2 роки тому

    Assalamualaikum Wr. Wb. Alhamdulillah, saatos sim kuring nonton ieu vidio mantun anu juru mantun na teh ti Baduy jero, sim kuring reeus pisan, gening kabeungharan budaya urang teh, hususna kabeungharana sastra lisan di tatar Sunda teh masih keneh aya jeung aya nu ngamumulena. Sim kuring nga apresiasi pisan kanggo ibu/bapa dosen sim kuring anu tos datang langsung ka Baduy jero pikeun nalungtik kabeungharan kabudayaan hususna satra lisan anu asli ti tatar Sunda.
    Carita pantun mangrupa salah sahiji hasil sastra lisan Sunda asli anu geus aya ti taun 1518 Masehi (Atja & Danasasmita, 1981: 40). Katerangan ngeunaan carita pantun, lalakon pantun, atawa seni mantun aya dina naskah Sunda kuna Sanghyang Siksa Kanda Ng Karesian (1440 Saka; 1518 Masehi).
    Carita pantun Baduy mangrupa bagian tina tradisi lisan Sunda anu leuwih gedé tibatan carita pantun nu liaana anu aya di Jawa Barat. Kisah atawa kajadian anu aya dina carita pantun Baduy nyaritakeun ngeunaan pamohalan para bangsawan atau kaum ménak karajaan Sunda kuna nyaéta karajaan Pajajaran jeung Galuh.
    Hapunten pisan sim kuring teu tiasa ngomenan langkung teleub ngeunaan carita anu aya dina ieu carita pantun, kumargi basa anu di digunakeun ku juru pantun teh kirang dipikahartos ku sim kuring, sim kuring neda di hapunten bilih na kekecapan atanapi basa nu di ketik ku sim kuring kirang marenah, sakali deui hatur nuhun ka ibu retty nu atos ngashare ieu vidio carita pantun pikeun pangaweruh urang sadaya. Hatur nuhun, Wassalamualaikum Wr. Wb.
    Chatur Prasetyo Aji, 2004156, 3B
    Sumber referensi:
    van Zanten, W. (2020). Carita Pantun Storytelling. In Music of the Baduy People of Western Java (pp. 181-215). Brill.
    Koswara, D., Haerudin, D., & Permana, R. (2016). Nilai-nilai pendidikan karakter bangsa dalam khazanah sastra Sunda klasik: Transformasi dari kelisanan (orality) ke keberaksaraan (literacy) carita pantun Mundinglaya Di Kusumah (kajian struktural-semiotik dan etnopedagogi). Jurnal Penelitian Pendidikan, 14(2).

  • @mohamaddanilrizaldi410
    @mohamaddanilrizaldi410 2 роки тому

    Assalamualaikum Wr. Wb.
    Masyaallah kalintang saé pisan vidiona Ibu, sabada nyakséni ieu vidio, sim Kuring ngaraos reueus tur janten langkung jembar pangaweruh ngeunaan carita pantun sanajan henteu dongkap langsung ka éta patempatan. Sipatna sakral ilaharna carita pantun digelarkeun ku ayana sasajén tur juru pantunna ngalakukeun ritual puasa. Juru pantun ogé biasana mah mung saurang, jadi juru pantun téh nu nyarita ogé nu ngacapi. Ku kituna sarat jadi saurang Juru Pantun téh diantarana aya kuat tirakat, hapal kana caritana, tur kudu bisa ngacapi jeung ngahariring. Nalika macakeun carita pantun, juru pantun kudu bisa fokus atawa museur kana eusi caritaan , ulah nepi ka salah lantaran bisa jadi mamala keur juru pantun, nu nongton sarta nu boga maksud lantaran carita pantun mah sakral. Dina ieu carita pantun téh aya rajah anu mangrupa jampé nu dibarengan ku kayakinan, ogé dina nalika bérés papantunan (lagu) jiga sisindiran éta sifatna banyol jeung kritikan.
    Dina ieu vidio carita pantun, tiasa dipatalikeun sareng sababaraha konsép-konsép pedaran ngeunaan carita pantun anu parantos didugikeun dina mata kuliah aprésiasi prosa. Katawis dina vidio aya hiji jalma anu nyarita dipirig ku kacapi. Tah jalmi éta disebat juru pantun, kusabab nyaritakeun carita pantun kusorangan tur dipirig ku kacapi, tur caritana matok. Salian ti éta juru pantun ogé kudu bisa nyarita, ngacapi, ngabodor, tur ngarajah dina salila mantun. Mantun sorangan nya éta kagiatan nyaritakeun carita pantun ku dipigawé ku carita pantun tur luyu jeung aturan mantun. Juru pantun kudu lalaki, dina ieu vidio katawis pisan yén juru pantunna lalaki trus raksukana ogé bodas-bodas-hideung
    Mung sakitu ti sim kuring, hatur nuhun ka Ibu anu parantos masihan kasempetan pikeun sim kuring ngaaprésiasi ieuh video carita pantun. Hapunten bilih aya kekecapan anu kirang merenah sareng sadaya kalepatan dina kekecapan. Hatur nuhun
    Wassalamualaikum Wr. Wb.
    Wasta : Mohamad Danil Rizaldi
    NIM : 2003283
    Kelas : 3A

  • @wulanpurnamasari9240
    @wulanpurnamasari9240 2 роки тому

    Masya allah saé pisan ieu pidangana, hatur nuhun ibu, ieu video téh nambihan kajembaran sim kuring.
    Dina carita pantun biasana aya rajah pamuka, eusi carita, sareng rajah pamunah. Dina rajah pamuka, juru pantun biasana sanduk-sanduk kanu kawasa, ka para karuhun sangkan acara mantun lungsur langsar, sabab ieu carita pantun biasana diangkat tina kajadian asli.
    Dipatalikeun sareng konsép-konsép dina carita pantun atanapi mantun. Dina ieu pidangan katawis aya juru pantun nyaéta Aka Samin, dina mantun biasana juru pantun téh jalma anu lolong atawa kudu dikacamata hideung. Tapi dina ieu pidangan téh juru pantunna teu lolong ogé teu nganggo kacamata hideung, sareng teu aya sasajén dina acara mantun téh sabab émang di baduy jero mah tara aya sasajén dina ayana ogé ngan sirih pinang apu atawa perangkat pikeun ngalemar. Ngeunaan caritana dina ieu pidangan sim kuring teu patos paham kana naon anu dicarioskeun margi aya dina sababaraha bagéan kekecapanana anu teu kakuping jelas sareng kekecapana teu dipikahartos. Tapi anu kacangkem ku sim kuring mung ngeunaan kahirupan alam sabudeureun di karajaan pajajaran, Raja, ratu, para putri ogé kasabit-sabit dina ieu carita pantun.
    Sakitu anu tiasa ku sim kuring di dugikeun. Hapunten bilih seueur kalepatan. Hatur nuhun
    Wasta: Wulan Purnamasari
    NIM: 2098286
    Kelas: 3A

  • @salmaatsriya
    @salmaatsriya 2 роки тому

    Alhamdulillah sim kuring parantos nongton video bu Retty anu judulna Saba Budaya : Baduy ~ Carita Pantun ti Baduy Jero. Masyaallah ku ayana ieu video sim kuring janten terang salah sahiji budaya Sunda ti jaman buhun, nyaéta carita pantun. Komo deui ti Baduy, kumargi sim kuring teu acan kantos ningal langsung kumaha pagelaran carita pantun téh.
    Carita pantun kaasup kana warna sastra heubeul dina wangun puisi. Carita Pantun mangrupa carita anu biasana dilakonkeun ku jurupantun dina pagelaran ruatan anu disebut mantun. Aya sababaraha bagian carita anu ditembangkeun bari dipirig ku kacapi. Sarupa jeung anu aya dina pintonan Saba Budaya : Baduy ~ Pantun ti Baduy Jero, jurupantun magelarkeun carita pantun dipirig ku kacapi.
    Nalika nongton ieu carita pantun seueur kekecapan anu asing dikupingkeun ku sabab carita pantun kaasup kana sastra heubeul/buhun. Tapi kadangu aya nyabit-nyabit Pakuan anu tangtu ieu carita pantun téh nyaritakeun ngeunaan Karajaan Pakuan. Salian ti éta ieu carita pantun téh eusina ajén-ajén kahirupan utamina masarakat Baduy. Tangtu kasohor yén masarakat Baduy téh masih kuat dina ngajén budaya-budaya karuhun, salah sahijina ogé tina budaya carita pantun.
    Patali jeung carita pantun anu sim kuring baca di kelas, yén carita pantun téh miboga struktur anu sarua. Sim kuring maca naskah carita pantun "Kembang Panyarikan" nu mana Ratu Kembang Panyarikan miboga lalakon dina ieu carita pantun. Kembang Panyarikan anu mantuan Raden Aliman Sanjaya pikeun meunangkeun Nyi Sumur Bandung. Dina naskah carita pantun Kembang Panyarikan miboga struktur rajah pamuka, mangkat carita anu nyaritakeun kaayaan karajaan jeung tokoh carita anu boga lalakon tuluy dipungkas ku rajah pamunah atanapi rajah panutup (Rosidi,1983).
    Référénsi :
    Koswara, D., 2021, Sastra Sunda Klasik, Bandung : UPI PRESS.
    Isnéndés, C., 2010, Teori Sastra, Bandung : JPBD FPBS UPI.
    Wasta : Salma Atsriya Setiani
    NIM : 2102257
    Kelas : 3A

  • @tasyanurilmi1286
    @tasyanurilmi1286 2 роки тому

    Sim kuring reueus bu, masih kénéh aya nu nalungtik sastra buhun asli urang Sunda. Alhamdulillah mugi janten kasaéan kanggo ibu spk.
    Carita Pantun ti Baduy Jero
    Pikeun sim kuring anu awam, nonton pidangan ieu téh rumaos asa monoton, teu kaharti naon nu nuju dipidangkeun. Mung sim kuring seja matalikeun sareng pangaweruh sim kuring ngeunaan carita pantun.
    Sabada nongton dugi ka réngsé écés pisan ieu Carita Pantun téh acan kapangaruhan ku pangaruh luar, hartosna ieu carita pantun carita pantun tulén/ asli ti urang Sunda Baduy. Sim kuring nilik kana sababaraha hal nu aya dina pidangan carita pantun ti Baduy.
    Biasana nu midangkeun carita pantn téh disebutna Ki Pantun/ Jurupantun. Ari nu ilaharna jurupantun téh lolong. Lantaran upama teu lolong biasana “moal kataékan”. Didieu mah jurupantunna normal baé, teu lolong. Hal éta teu jadi pasualan, lantaran nilik kana situasi jeung kondisi kaayeunakeun ogé kamekaran carita pantun. Tina waditra anu dipaké. Kacapi anu dipaké mangrupa kacapi pantun nu ilahar dipaké. Kawatna ngan 9, kacapina leutik saluyu jeung kacapi asli Baduy. Raksukan anu dipaké ogé baju masarakat Baduy asli. Warnana bodas-bodas nyirikeun kasucian téa. Basajan jeung teu loba warna. Teu maké kaca panon hideung deuih. Los bolostrong baé.
    Waktu mantun ilaharna sapeuting jeput, nu mantun dibarengan ku pirig kacapi téa. Tapi saluyu jeung parobahan jaman ti mangsa ka mangsa nya lilana mantun teu sapeuting jeput. Contona waé dina Pantun Baduy nu ieu ngan sajam leuwih.
    Ngeunaan basa jeung eusina teu pati jelas jeung kaharti naon nu dilalakonkeun. Nu kapireng ku Simkuring ngan sababaraha kecap éta gé kadituna teu kaharti. Jadi hésé pikeun nyambungkeun caritana. Ari fungsi carita pantun téh pikeun hal nu spiatna ritua ogé teu sagawayah. Henteu nga saukur ramé jeung ngahibur. Dina carita pantun Baduy gé eusina nu basajan teu mentingkeun fungsi hiburanna. Ari rangkay caritana mah sami baé aya rajah pamuka, mangkat carita, nataan karajaan jeung nu boga lakon, ngalalalkon dipungkas ku rajah pamunah atawa rajah panutup (Rosisi, 2009:32).
    Rajah pamuka biasana neneda ka nu Maha Kawasa sangkan dipaparin kalancaran dina ngalalakonkeun. Eusi anu dicaritakeun gé teu sami. Unggal wewengkon pasti béda saluyu jeung naon anu rék dilalakonkeunana.
    Wasta : Tasya Nur Ilmi
    NIM : 2008293
    Kelas : 3A Pendidikan Bahasa Sunda

  • @kucingterbang4092
    @kucingterbang4092 9 місяців тому

    Iramanya mirip dayak

  • @kucingterbang4092
    @kucingterbang4092 9 місяців тому

    Izin share ya bu , mau saya taro di grup Asean Heritage

  • @hasbysurya9869
    @hasbysurya9869 2 роки тому

    Masyaallah kalintang saé pisan vidiona Ibu, sabada nyakséni ieu vidio, sim Kuring ngaraos reueus tur janten langkung jembar pangaweruh ngeunaan carita pantun sanajan henteu dongkap langsung ka éta patempatan. Anapon ieu téh mangrupa carita pantun anu dipagelarkeun ku juru pantun, Aka Samin ti Baduy Jero.
    Carita pantun téh mangrupa salah sahiji hasil sastra lisan asli ti tatar Sunda anu aya ti taun 1518 Maséhi (Atja & Danasasmita, 1981 : 40). Ilaharna carita pantun sok dipagelarkeun ku tukang pantun nyaéta disebut juru pantun, ilaharna juru pantun téh katelah ku jalma lolong atawa waé sok maké kaca panon hideung lantaran carita pantun téh sipatna sakral, jadi tarékah juru pantun pikeun museur kana carita anu dipagelarkeunana. Lian ti éta, pikeun nambahan sakralna éta carita pantun, sok disadiakeun sababaraha sasajén pikeun sarat tur sok dibarengan ku juru pantun anu puasa heula. Dina magelarkeunana, juru pantun teu sembarangan, aya sababaraha sarat anu kudu dicumponan, diantarana waé apal kana carita, kuat tirakat, bisa ngacapi bari mantun.
    Tina éta katerangan, tangtu katawis aya sababaraha anu béda dina carita pantun orang Baduy, jeung carita pantun anu biasana. Diantarana, Juru pantun Aka Samin teu maké kaca panon hideung, tuluy teu disadiakeun ogé sasajén siga carita pantun ilaharna, dina raksukan nyaéta maké baju has baduy nyaéta bodas. Anapon carita pantunna nyaritakeun ngeunaan Kahirupan urang Sunda Buhun kana alam sabudereunana, nyaritakeun karajaan Galuh jeung Pakuan Pajajaran.
    Sakitu anu kapihatur, hapunten seueur kakirangan dina pangaweruh sim Kuring. Hatur nuhun ka Bu Retty anu parantos masihan vidio-vidio hususna dina kancah sastra pikeun urang sadayana, anu tangtuna seueur mangpaatna kanggo nambihan élmu pangaweruh hususna dina widang sastra.
    Hatur nuhun😊🙏
    Wasta : Hasby Surya Nugraha
    NIM : 2009779
    Kelas : 3A

  • @rantritriyanti5393
    @rantritriyanti5393 2 роки тому +1

    Masya Allah Saé pisan Bu, Ngingetkeun sim kuring ka Baduy. Jadi kangen ka Abah Karta sareng ambu:(. Reueus pisan tos nalungtik ngeunaan sastra buhun urang Sunda.
    Sim kuring kantos ka Baduy nalika SMA kelas 12, tapi sim kuring teu acan kantos ninggal juru pantun Baduy mantun keun Pantun Baduy. Tapi ku ayana panalungtikan Ibu spk Sim kuring tiasa terang ngeunaan pantun Baduy.
    Sabada Sim kuring nongton ieu video dugi réngsé Sim kuring miboga pangaweruh anyar sanajan aya sababaraha hal anu ku Sim kuring kirang dipikahartos. Tapi éta ngabalukarkeun kapanasaran nu jero pisan sim kuring. (Mugia aya kasempetan sim kuring hoyong ka Baduy deui 😁).
    Sanajan dina kabiasaan mah Juru Pantun téh lolong namung dina pintonan ieu mah teu lolong. Tapi éta teu jantén masalah,
    Juru pantun nu aya dina video ieu téh ngagunakeun raksukan has Baduy jero nyaéta bodas, bodas jeung hideung
    Carita pantun téh nyaéta carita rékaan anu dilakonkeun ku Juru Pantun. Mantun Dina video ieu téh anu Juru Pantun na aka Samin téh dipirig ku kacapi bari dihaleuangkeun.
    Ti carita pantun ieu téh panjang. Dumasar kana mediana, carita pantun ieu gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal anu mere kesan pamohalan.
    Upama nililk kana eusina, carita pantun ieu téh nyaéta gambaran jeung ajaran sapopoé masarakat Baduy. Jeung aya nyaritakeun ogé karajaan Pakuan sabab dina sababaraha scene Juru Pantun téh nyebut-nyebut "Pakuan"
    Carita pantun Baduy téh sakral soalna patali sareng ritual. Biasana ogé sok aya sasajén pami carita pantun mah tapi ieumah henteu, kusabab émang tara aya sasajén dina ayana ogé ngan saukur sirih pinang apu atawa perangkat pikeun ngalemar.
    Nu dimaksud pantun didieu téh sanés sagemblengna karya sastra tapi leuwih nyoko kana aturan jeung ajaran adat sarta aturan kahirupan.
    Hatur nuhun Ibu spk, tos nalungtik ieu, hatur nuhun ngageuingkeun ka diri sim kuring 🙏🏻☺️
    Jati diri urang Sunda téh aya di urang Kanekes. Nu aya di tangtu ulah nepi ka aya nu ngaganggu. Kaharti karasa nyata🙏🏻 salam rahayu kangge suku Baduy.
    Wasta : Rantri Triyanti
    Kelas : 3A
    Nim : 2008216

  • @cicinurhayati3651
    @cicinurhayati3651 2 роки тому

    Assalamualaikum Wr. Wb.
    Alhamdulillah Simkuring parantos nongton ieu carita pantun. Reeus pisan, margi di mangsa kiwari masih kénéh aya nu maham sarta tiasa langsung ngapraktékeun carita pantun. Neda widi ngadugikeun kamandang simkuring ngeunaan carita pantun.
    Carita pantun nyaéta salah sahiji karya sastra sunda buhun. Carita pantun nyaéta lalakon atawa carita anu ditepikeun sacara lisan dina wangun basa ugeran, bari dipiring ku kacapi. Aya bagéan anu digalantangkeun jeung aya bagéan anu dikawihkeun, tapi angger bari dipiring ku kacapi. Anu nepikeun carita pantun disebutna juru pantun, biasana aya dina kaayaan lolong. Carita pantun mangrupa karya sastra murni urang Sunda, lantaran teu kapangaruhan ku sastra deungeun. Carita pantun tos aya dina mangsa Karajaan Pajajaran, luyu sareng nu disebatkeun dina naskah Sanghyang Siksa Kanda Ng Karesian. Carita pantun nu kawéntar nyaéta Ciung Wanara, Mundinglaya di Kusumah, Lutung Kasarung, jeung Sulanjana. Sedengkeun aya opat pantun nu disebut-sebut dina naskah Sanghyang Siksa Kanda Ng Karesian, nyaéta Langgalarang, Banyakcatra, Siliwangi, jeung Haturwangi.
    Anapon carita pantun miboga struktur nyaéta:
    Rajah bubuka: ieu bagéan téh ditembangkeun ku juru pantun, eusina mangrupa sanduk-sanduk, ménta idin ka karuhun supaya kagiatan mantun ieu téh berkah jeung lumangsung kalawan lancar jeung salamet. Rajah ogé mangrupa ciri has dina carita pantun, lantaran minangka pangbéda carita pantun jeung karya sastra lianna.
    Narasi: juru pantun nepikeun kajadian hiji jeung nu lianna kalawan nyambung. Biasana ieu bagéan téh teu ditembangkeun, tapi tetep dipiring ku kacapi.
    Déskripsi: bagéan nu ngagambarkeun paripolah lalakon nu aya dina carita, biasana bagéan ieu sok dihaleuangkeun.
    Dialog: eusina mangrupa paguneman-paguneman para lalakon.
    Monolog: bagéan dimana juru pantun nyarita sorangan.
    Rajah panutup: dihaleuangkeun diahir carita pantun.
    Dina Carita Pantun ti Baduy Jero ieu, katingal yén juru pantunna lalaki, ngora kénéh, bisa ningali (teu lolong) tapi maham kana eusi carita pantun, ogé tiasa ngacapi. Maké raksukan has baduy, nyaéta warna bodas-bodas-hideung.
    Sakitu anu tiasa didugikeun.
    Hapunten bilih aya kecap-kecap nu kirang merenah.
    Hatur nuhun.
    Waalaikumsalam Wr. Wb.
    Référénsi: Buku Téori Sastra ku Chye Retty Isnendes.
    Wasta: Cici Nurhayati
    NIM: 2000770
    Kelas: 3B

  • @Baleseniciwasiat
    @Baleseniciwasiat 3 роки тому +1

    Sae pisan Teh. Nembe terang pami Kang Samin sok Mantun. Sakerang Ki Jurubasa Ayah Armaen wungkul. Nuhun ka Tim anu tos berbagi. Mangpaat pisan.

  • @susiapriliani7568
    @susiapriliani7568 2 роки тому

    Bismillahirrahmanirrahim.
    Masyaallah Ibu saé pisan, hatur nuhun ogé videona Ibu, janten tiasa terang kumaha carita pantun ti baduy jero téh sanaos teu tiasa langsung ngajugjug ka baduyna.
    Carita pantun nya éta carita anu digelarkeun ku tukang pantun anu biasa disebut juru pantun. Juru pantun téh biasana mah lolong (buta), upami teu lolong biasana mah sok maké kacamata hideung, lantaran carita pantun téh sipatna sakral, jadi juru pantun kudu museur kana carita nu digelarkeunana. Kusabab sipatna sakral éta, biasana carita pantun digelarkeun ku ayana sasajén tur juru pantunna ngalakukeun ritual puasa. Juru pantun ogé biasana mah mung saurang, jadi juru pantun téh nu nyarita ogé nu ngacapi. Ku kituna sarat jadi saurang Juru Pantun téh diantarana aya kuat tirakat, hapal kana caritana, tur kudu bisa ngacapi jeung ngahariring.
    Carita pantun anu digelarkeun ku juru pantun Aka Samin ieu ti Baduy Jero ieu miboga ciri has nya éta teu maké kacamata hideung, ogé teu aya sasajen. Carita anu digelarkeun ku Juru Pantun Aka Samin nyaritakeun ngeunaan kumaha kahirupan urang Sunda buhun ogé kumaha alam sabundereunana, carita pantun nu digelarkeun ku Juru Pantun Aka Samin ieu ogé nyaritakeun ngeunaan Karajaan Pajajaran Karajaan Pajajaran/Pakuan Pajajaran (kusabab aya sababaraha kali Juru Pantun nyebut-nyebut “Pakuan” sanaos saleuwihna mah sim kuring teu pati paham kana caritana). Dina raksukkan anu dianggo ku Juru Pantunna ogé mangrupa raksukan has ti Baduy Jero nya éta bodas-bodas hideung.
    Mung sakitu anu tiasa kapihatur, mugia ieu video dokumentasi mantun téh seueur mangpaatna pikeun dijadikeun média ngawanohkeun carita pantun ti tatar sunda dina mangsa kiwari anu dimana carita pantun téh ampir musnah.
    Hatur nuhun Ibu 🙏🏻
    Wasta : Susi Apriliani
    NIM : 2008245
    Kelas : 3A

  • @renitaherdiani8572
    @renitaherdiani8572 2 роки тому

    Assalamualaikum Wr.wb
    Masyaallah ibu vidona saè pisan, sim kuring anu teu acan ka baduy jadi ngaraos wanoh kana salah sahiji kagiatan anu diayakeun ku urang baduy. Dina vidio Saba Budaya Baduy (Carita Pantun ti Baduy Jero) sim kuring ngaraos miboga pangaweruh anu anyar ngeunaan Carita pantun hususna carita pantun baduy jero sanajan aya sababaraha hal anu ku sim kuring kirang dipikahartos, tapi èta tèh jadi nuwuhkeun kapanasaran sim kuring ngrunaan carita pantun baduy jero.
    Carita pantun nyaèta salah sahiji Sastra Sunda Buhun anu biasana nu turunkeun sacara lisan. Carita pantun mangrupa carita anu biasa di caritakeun ku juru pantun ( jalma anu mantun) dina pagelaran ruwatan atawa ritual anu biasana disebut mantun. aya sababaraha hal anu jadi ciri nalika rèk jadi juru pantun, biasana juru pantun tèh lalaki, sok ngahaleuangkeu carita pantun bari dipirig ku kacapi, dina sababara daerah biasana juru pantun tèh lolong ( teu bisa ningali/buta), naha juru pantun tèh lolong? lantaran jalma anu lolongmah leuwih fokus/ konsentrasi kana galur carita pantun, tapi dina vidio ieumah juru pantun Baduy jero teu lolong, saleresnamah teu nanaon asalkan juru pantunna tiasa konsentrasi kana carita pantun anu di haleuangkeunna.
    Dina pagelaranna carita pantun tèh miboga 2 jinis nyaèta anu sipatna hiburan jeung ritual, carita pantun biasana sumebar ngaliwatan lisan. Hususna di daèrah baduy jero anu teu acan kapangaruhan ku teknologi masarakat na tèh masi keneh raket pisan ka sasamana.
    Carita Pantun miboga sababaraha struktur nyaeta ayana rajah pamuka, mangkat carita, ngadèskripsikeun kaayaan karajaan jeung tokoh carita anu mumara, teras dipungkas ku rajah panutup.
    Raksukan anu di pakè ku juru pantun dina ieu vidio tè mangrupa raksukan has urang baduy jero nyaèta raksukan warna bodas bodass jeung hideung. Juru pantun anu aya dina vidio ieu tèh nyaèta Aka Samin salah sahiji urang Baduy asli.
    Carita anu ka tangkep ku sim kuring dina carita pantun anu dihaleuangkeu ku Aka Samin ieu nyaèta ngeunaan kaayaan jeung ajaran urang Baduy, dina sababaraha bagean sim kuring nguping kecap "pakuan" sim kuring ngaraos lamun ieu tèh nyaritakeun ngeunaan karajaan pakuan, aya ogè kecap "kahuruan" saur sim kuring mah ieu teh nyaritakeun ngeunaan kaayaan alam atawa kaayaan daerah urang baduy, salajaengna aya bagean tina carita pantun ieu anu nyaritakeun awewe dicirian ku kalimah buuk hideung panjang, awakna lenjang, budak parawan jangkung leutik, jsb.
    kacindekanna, carita pantun Baduy Jero tèh mangrupa salah sahiji tradisi atawa ciri anu aya di masarakat baduy, anu sumenarna tèh sacara lisan teras miboga sipat sakral sarta teu bisa dihaleuangkeun ku jalma asal, kudu ku ahlina nyaèta juru pantun lantaran sipatna anu sakral husuna carita pantun baduy anu saurna aya unsur magisna lantaran masih keneh murni teu kacampur ku kaayaan luar (aya keneh kapercayaan kana karuhun atawa alam).
    Mung sakitu anu tiasa ku sim kuring pedar, hatur nuhun ka ibu Chye Retty Isnendes sareng Dosen dosen anu sanesna atos nalungtik ngeunaan Carita Pantun Baduy Jero ieu, sim kuring anu teu acan ka Baduy jadi ngaraos wanoh ngalangkungan vidio ieu. Mugia sim kuring sareng rèrèncangan sadaya tiasa ka Baduy ningal langsung kasenian asli urang baduy. Sumanget sadayana, diantos vidio salajengna ibu 😊✨
    Referensi:
    Koswara, Dedi. (2010). Sastra Sunda Buhun. Bandung:JPBD FPBS UPI
    Rosidi, Ajip.(1993). Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Jatiwangi: Tjupumanik
    Wasta : Renita Herdiani
    NIM : 200194
    Kelas : 3A

  • @hilmani7732
    @hilmani7732 2 роки тому

    Dumasar kana mediana, Carita pantun ieu gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal anu pamohalan. Carita pantun mangrupa Carita anu biasa dilakukeun ku tukang pantun atawa juru pantun dina pagelaran ruwatan/ritual anu biasana disebut mantun. Dina carita pantun ti Baduy Jero ieu, katingali yen juru pantunna lalaki, ngora keneh, bisa ningali (teu lolong) tapi maham kana eusi carita pantun jeung bisa ngacapian.
    Nilik kana eusina, carita pantun ieu teh nyaeta gambaran jeung ajaran sapopoe masarakat Baduy, jeung nyaritakeun oge karajaan Pakuan. Sabab dina sababaraha scene juru Pantun teh nyebut-nyebut "Pakuan", carita pantun Baduy teh aya patalina jeung ritual, jadi sakral.
    Carita pantun miboga wangun struktur:
    1. Rajah Pamuka
    2. Mangkat carita
    3. Rajah pamunah
    Dina carita pantun Baduy Jero, katingali pisan aya hal anu has, anu teu bisa dipanggihan dimana-mana. Diantarana aya raksukanana (bodas-bodas-hideung), kacapi anu mibanda 9 kawat, sarta aya basa anu unik jeung teu kapanggih dina Kahuripan sapopoe.
    Sakitu anu kapihatur, hatur nuhun.
    Wasta: Hilma Nur Iklima
    Kelas: 3B
    NIM: 2101042

  • @zellinedarmawan4336
    @zellinedarmawan4336 2 роки тому

    Assalamualaikum Ibu, saatos ningali video ieu sim kuring meni reueus pisan... Janten uninga yén masih aya budaya Sunda anu murni di jaman kiwari. Di dieu sim kuring badé ngajelaskeun sakeudik ngeunaan carita pantun.
    Carita pantun atawa ngan disebut pantun téh nyaéta hiji seni pintonan carita pitutur/lisan sastra Sunda nu bari ditembangkeun sarta dipirig ku kacapi. Ieu dipidangkeun ku saurang "juru pantun" nu ogé maénkeun kacapi.
    Pantun mangrupa hiji wanda seni nu kawilang geus kolot. Catetan pangkolotna nu nyebutkeun ngeunaan pantun aya dina naskah kuna Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian taun 1518 nu nyebutkeun ngeunaan carita pantun Langgalarang, Banyakcatra, jeung Siliwangi nu dipidangkeun ku "prépantun", juru pantun téa.
    Juru pantun nyaéta tukang mantun atawa jalma anu biasa ngalalakonkeun carita pantun dina pagelaran ritual (ngaruat) anu disebut mantun. Umumna mah lalaki anu jadi juru pantun téh, can kungsi kacatur aya juru pantun awéwé. Juru pantun réa anu teu ningali (lolong, tunanétra). Ieu hal téh bisa jadi réa pakuat-pakaitna, hususna jeung pasipatan midangkeun carita pantun anu merlukeun konséntrasi, lantaran (wacana) lalakon téh kudu diapalkeun, apal cangkem, ditalar.
    Alat musik nu sok mirig pintonan pantun téh kacapi. Seni pantun dipidangkeun dina dua bentuk: (1) pikeun hiburan jeung (2) pikeun ritual.
    Pantun Baduy. Ieu pantun téh nyaéta wanda pantun nu asalna atawa sumebar di wewengkon Baduy (Kanékés Rawayan). Aya sababaraha lalakon Pantun Baduy, nyaéta:
    - Bima Wayang
    - Gajah Lumantung
    - Kidang Panandri
    - Kuda Gandar
    - Kuda Wangi
    - Langga Sari
    - Panambang Sari
    - Paksi Keling
    - Radén Tegal
    - Rangga Séna
    Référénsi: Wikipédia Sunda
    Wasta: Zelline N D D
    NIM: 2004216
    Kelas: 3B

  • @eunikebumi522
    @eunikebumi522 2 роки тому

    Allhamdulilah Simkuring parantos nyakseni Vidio Saba budaya: Baduy~Carita pantun ti Baduy Jero. Masyaallah hatur nuhun ibu kuayana Vidio ieu janten nambihan pangaweruh Simkuring utamina dina Widang kabudayaan. Sakumaha nu dipikaterang biasana juru pantun teh lolong atawa ngagunakeun kaca Panon hideung supados fokus nanging dina vidio ieu mah henteu.
    Carita pantun mangrupa Carita anu biasana dilakonan ku juru pantun dina pagelaran ruatan dilaksanakeun sapeuting jeput,dibukana ku rajah pamuka pikeun nyuhunkeun panghampura kagusti oge karuhun minangka izin pikeun kasalametan jeung kalancaran.
    Upama ditilik tina eusina,Carita pantun ieu teh nyaritakeun ngeunaan kumaha hirup kumbuh manusa jeung alam sabudereunna oge nyaritakeun ngeunaan Pakuan berarti aya patalina jeung karajaan Pakuan jaman baheula. Sanaos ieu Carita pantun kirang dipikahartos tapi teu ngurangan kapanasaran kuring ngeunaan urang Baduy Jero hususna dina adat tradisina.
    Wasta: Eunike Bumi Pertiwi
    Kelas: 3B
    Nim: 2104341
    Matkul: Apresiasi Prosa dan Drama

  • @nurultaupikarahman9068
    @nurultaupikarahman9068 2 роки тому

    Assalamualaikum wr.wb.
    Masyaallah saé pisan ibu. Ku ayana pidangan video ieu ngeunaan carita pantun ti baduy jero téh tiasa nambihan pangaweruh anu jembar pisan dina budaya sunda komo di jaman kiwari masarakat anu kurang wanoh kana budaya sorangan. Tapi, dina ieu channel midangkeun video anu kacida reueusna malihan mah dugi ka di talungtik heula ku ibu sareng nu sanesna sateuacan dipidangkeun katitén dina videona waé ieu téh dipidangkeunna sacara asak.
    Carita pantun atawa lalakon pantun nyaéta carita rékaan anu dilalakonkeun ku juru pantun dina pagelaran ruatan (ritual) anu disebut mantun. Mantun biasa dipirig ku kacapi sarta biasana dihaleuangkeun. Carita pantun ilaharna dipagelarkeun sapeuting jeput nepi ka tutug téh dimimitian ti bada isa. Ukuran carita pantun umumna paranjang. Dumasar kana médiana, carita pantun gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal anu méré kesan pamohalan. Carita pantun téh kaasup sastra lisan. Turun tumurunna jeung sumebarna tatalepa ku cara lisan. Munasabah upama dina kamekaranana timbul sababaraha versi. Aya pantun Bogor, aya pantun Priangan, jeung pantun baduy.Upama nililk kana eusina, carita pantun teh umumna ngabogaan pola nu sarua. Lalakon pantun nu kaasup golongan galur simpay teh henteu rea. Contona : pantun ciung wanara, lutung kasarung, jeung mudinglaya di kusumah. Lalakon pantun anu leunjeuran caritana galur simpay teh,umurna leuwih kahot (batan anu caritana galur leunjeuran). Upama nilik kana wangunna, carita pantun teh mangrupa wangun ugeran (puisi). Dijerona diwangun ku sababaraha bagian : aya bagian rajah pamuka, mangkat carita, nataan karajaan jeung nu boga lakon, ngalalalkon dipungkas ku rajah pamunah atawa rajah panutup (Rosisi, 2009:32).
    Upama nilik kana konsép-konsép dina carita pantun atanapi mantun. Carita pantun anu digelarkeun ku juru pantun Aka Samin ti Baduy Jero ieu miboga ciri has nya éta teu maké kacamata hideung, teu lolong ogé teu aya sasajen sabab émang di baduy jero mah tara aya sasajén dina ayana ogé ngan sirih pinang apu atawa perangkat pikeun ngalemar. Carita anu digelarkeun ku Juru Pantun Aka Samin nyaritakeun ngeunaan kumaha kahirupan urang Sunda buhun ogé kumaha alam sabundereunana, Carita pantun nu digelarkeun ku Juru Pantun Aka Samin ieu ogé nyaritakeun ngeunaan Karajaan Pajajaran Karajaan Pajajaran atanapi Pakuan Pajajaran kusabab aya sababaraha kali Juru Pantun nyabit-nyabit “Pakuan” di karajaan pajajaran, Raja, ratu, para putri. Dina raksukkan anu dianggo ku Juru Pantunna ogé mangrupa raksukan has ti Baduy Jero nya éta bodas-bodas hideung.
    Hapunten pisan sim kuring teu tiasa ngomenan langkung teleub ngeunaan carita pantun ieu, kumargi basa anu di digunakeun na teh kirang dipikahartos ku sim kuring. Sim kuring neda di hapunten bilih na kekecapan kirang marenah, sakali deui hatur nuhun ka ibu anu parantos masihan kasempetan pikeun ngomentaran ieu vidio carita pantun pikeun pangaweruh urang sadaya. Hatur nuhun.
    Wassalamualaikum Wr. Wb.
    Pustaka Rujukan : www.scribd.com/document/389241001/Materi-Carita-Pantun-Sunda-Lengkap
    Wasta : Nurul Taupika Rahman
    NIM : 2005954
    Kelas : 3A

  • @septianipuspita8014
    @septianipuspita8014 3 роки тому +2

    Mantap👍🥺

  • @NurMaulidaMuslim
    @NurMaulidaMuslim 2 роки тому

    Assalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh.
    Alhamdulillah ibu videona téh mangpaat pisan, janten terang nu kumaha carita pantun ti adat baduy téh.
    Carita pantun téh bisa disebut ogé lakon pantun, nyaéta carita anu biasa dilakonkeun ku juru pantun dina pagelaran ruatan anu disebut mantun (Koswara, 2010:20). Dina kamus R.A. Danadibrata nétélakeun yén carita pantun téh nyaéta carita pararaton atawa dongéng ngeunaan raja-raja di jaman Karajaan Galuh atawa Sunda, anu dilagam-lagukeun ku tukang pantun/juru pantun sorangan bari dipirig ku kacapi anu ditabeuhna ku sorangan. Carita pantun téh geus aya ti abad ka-14 anu sumebarna sacara lisan, anu eusina nyaritakeun ngeunaan Karajaan Pajajaran. Biasana carita pantun téh sok dipagelarkeun bari dipirig ku kacapi jeung waktuna sok sapeuting jeput. Tukang pantun atawa juru pantunna oge biasana sok picek atawa lolong panonna. Namung dina ieu video mah juru pantunna henteu lolong atawa picek. Juru pantun biasana doble job, boh nu ngahairirngkeun caritana boh nu ngacapina. Sarat jadi juru pantun mah tangtuna kudu hapal kana eusi carita pantunna, picek atawa lolong, sarta ngalaksanakeun puasa pikeun ritual. Upami teu lolong mah juru pantunna sok nganggo kacamata hideung. Biasana nalika ngalaksanakeun pagelaran carita pantun téh aya ritual husus anu nyadiakeun sasajén, sarta milih poé anu pas pikeun ngalaksanakeunna.
    Carita pantun miboga struktur di jerona. Tah anu kahiji struktur carita pantun téh nyaéta rajah bubuka, aya mangkat carita/dimulaina carita anu ngadéskripsikeun kaayaan atawa tokohna, anu pamungkasna aya rajah pamunah atawa rajah panutup. Numutkeun Pustaka Ilmu (2019) struktur carita pantun téh aya 3, nyaéta rajah bubuka, eusi (anu ngawengku déskripsi, narasi, dialog, jeung monolog), sarta rajah panutup. Unsur-unsur anu aya dina carita pantun nyaéta juru pantun jeung kacapi. Geus disebutkeun yén fungsi carita pantun di jaman baheula mah pikeun ruatan/ritual, namung di jaman ayeuna mah fungsina pikeun sarana hiburan.
    Dina video Seni Saba Budaya: BADUY ~ CARITA PANTUN TI BADUY JERO téh katinggal juru pantunna (Aka Samin) pameget, namung teu lolong, hapal eusi carita pantunna, tiasa ngahariring jeung mirig kacapi, ogé nganggo raksukan has baduy anu warnana Sunda pisan nyaéta hideung jeung bodas.
    Eusi carita pantun dina ieu video téh kirang jelas mantunkeunna. Namung masih aya anu kadangu mah. Eusina téh nyaéta:
    1. Nyaritakeun ngeunaan alam sabudeureun, katinggal aya dina kalimah ieu:
    -Manuk riringkang, manuk ringkang, puyuh, manuk sodong , piit (.....)
    2. Nyaritakeun ngeunaan kahirupan masarakat Sunda anu aya didinya, aya dina kalimah ieu:
    -Sipat cicing pami inik sipat nonggoh kami nyaho-nyaho mah di budi rahayuna ari ngepat bari sisindir.
    3. Nyaritakeun geunaan lalaki anu bogoh ka awéwé, aya dina
    -Ngangirim tindang ka nu jangkung hideung lamun talatah ka barayana sugan tulus urang anamunan sugan suka kamayangan ka nu dénok, montok, konéng, ari suka dijaga-jaga lamun suka, teu suka teu di anjangan.
    4. Nyaritakeun karajaan Pakuan Pajajaran, aya dina kalimah ieu:
    -Kacaritakeun Pakuan harapan nu aya di Pajajaran.
    Hatur nuhun, mung sakieu anu tiasa didugikeun. Hapunten seueur kakirangan sareng kalepatan. Mugia mangpaat, wassalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh.
    Ieu aya sababaraha sumber anu dijadikeun référénsi ku abdi:
    Danadibrata, R.A.(2006).KAMUS BASA SUNDA R.A. DANADIBRATA.Bandung: Panitia Penerbiatan Kamus Basa Sunda gawé bareng jeung PT Kiblat Buku Utama
    Koswara, Dedi.(2010). SASTRA SUNDA BUHUN.Bandung: JPDBD FPBS UPI
    Wasta: Nur Maulida Muslim
    NIM: 2000020
    Kelas: 3A

  • @anwarridwanulloh8572
    @anwarridwanulloh8572 2 роки тому

    Carita pantun mangrupa Carita anu biasa dilakonan ku juru pantun atawa Ki pantun dina pagelaran ruatan (ritual) anu biasana dilaksanakeun sapeuting jeput ti bada isa nepi ka subuh. Dina carita pantun biasana bubuka na maké rajah, jeung dipungkas ogé ku rajah pamunah.
    Wangun carita pantun diantarana aya rajah, narasi, déskripsi, dialog, monolog, rajah panutup.
    Dina èta video eusina ngeunaan kahirupan masarakat Sunda buhun jeung alamna, oge nyaritakeun ngeunaan karajaan Galuh jeung Pakuan Pajajaran. Tapi jaman baheula mah juru pantun tèh sok disebut lolong sabab sok makè kacamata hideung, naha cenah kunaon sok makè kacamata hideung? Sabab manehna sok melong siga nu melong lolong (atawa melong kosong), manèhna kitu teh sabab keur ngingetkeun ingetanna ngarah kuat. Tapi dina ieu video mah aya bedana sabab juru pantunna teu make kacamata hideung, jeung teu disadiaan sasajen, tangtu wae eta teh geus aya perubahaan jaman.
    Wasta : Anwar Ridwanulloh
    Kelas : 3B
    NIM : 2103824

  • @wafiqcumana804
    @wafiqcumana804 2 роки тому

    Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.
    Alhamdulillah sabada nyakséni video “Saba Budaya: Baduy - Carita Pantun Ti Baduy Jero”, téh masyaallah meni saé pisan teras tangtosna original. Sabada nyakséni ieu video, sim kuring janten terang kumaha kaayaan upami mantun di daerah Baduy, hususna Baduy jero. Salian ti éta, ngaliwatan video ieu ogé, sim kuring mibanda pangaweruh anyar anu unik pisan boh tina basa boh tina adat, jeung sajabana. Sanajan seueur basa anu kirang dipikahartos teras aya sababaraha basa ogé anu teu kakuping, sim kuring janten aya rasa “ketertarikan” ngeunaan carita pantun anu aya di Baduy.
    Carita pantun atawa lakon pantun téh mangrupa carita nu biasa dilakukeun ku tukang pantun atawa juru pantun dina pagelaran ruwatan/ritual anu biasana disebut mantun. Biasana dina pagelaran carita pantun téh, juru pantun (kudu lalaki) sok ngahaleuangkeun carita pantun bari dipirig ku kacapi, sarta juru pantun téh biasana mah lolong lantaran méh leuwih fokus kana alur caritaan jeung teu ningali kamamana. Dina pagelaran carita pantun ogé, aya dua jenis nya éta aya nu sipatna ritual jeung nu sipatna hiburan. Lantaran kaasup sastra Sunda Buhun, carita pantun téh biasana diturunkeun sacara lisan, hususna di daerah Baduy jero anu teu kapangaruhan ku budaya ti luar. Dina carita pantun, biasana mibanda struktur saperti aya rajah pamuka, mangkat carita, ngadéskripsikeun kaayaan karajaan jeung tokoh carita nu mumara, tuluy dipungkas ku rajah panutup (Rosidi, 1983).
    Dina ieu video, tiasa katingali yén nu jadi juru pantun téh nyaéta Aka Samin nu mangrupa urang Baduy asli, lantaran tiasa katingali ogé dina raksukanana ngangge raksukan urang Baduy anu has, nya éta bodas-bodas-hideung. Salian ti éta, dina video ieu téh juru pantunna teu lolong, tuluy caritaanana kirang lengkep. Aka Samin salaku juru pantun, ngahaleuangkeun carita pantun bari dipirig ku kacapi nu kawatna aya 9.
    Dina video carita pantun ieu, anu kakuping ku sim kuring mah ngeunaan kumaha gambaran jeung ajaran sapopoé masarakat Baduy, tuluy aya caritaan ngeunaan Karajaan Pakuan (lantaran nyebut-nyebut kecap “Pakuan”), tuluy aya bagian caritaan nu nyaritakeun ngeunaan alam (sim kuring nguping kecap “kahuruan”), tuluy aya bagian ngeunaan rupa awéwé (sim kuring nguping kecap buuk hideung panjang tuluy awakna lenjang, jsb), tuluy di akhir video aya kecap-kecap ngeunaan rempah, utun, jeung sambel tur asakan babangkoangan. Salian ti éta, di awal video sim kuring seueur nguping kecap “dengeun” teras kadituna mah mangrupa paripolah lakon.
    Ku kituna, carita pantun ti Baduy jero téh mangrupa salah sahiji tradisi lisan anu mibanda sipat sakral jeung teu dipidangkeun sacara sagawayah, lantaran aya nu nyebut ogé yén carita pantun Baduy mah, sipat magis na téh luhur lantaran murni kénéh. Salian ti éta, carita pantun Baduy hususna di Baduy jero, biasana diturunkeun sacara lisan, lantaran teu aya kabiasaan sapertos nulis, jsb. Dina carita pantun Baduy jero, katingali pisan aya hal anu has, anu teu bisa dipanggihan dimamana, diantarana aya raksukanana (bodas-bodas-hideung), tuluy aya kacapi nu mibanda 9 kawat, sarta aya basa anu unik lantaran teu kapanggih dina kahirupan sapopoé.
    Mung sakitu anu tiasa kapihatur, hatur nuhun pisan, Ibu. Hapunten pisan tina sagala rupi lepat sareng kakiranganana. Mugia tina channel ieu, tiasa teras medal karya-karya anu sanésna.
    Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.
    Référénsi:
    Anonim. (2009). Carita Pantun. [Forum online]. Diaksés tina sundasamanggaran.blogspot.com/2009/08/carita-pantun.html
    Koswara, Dedi. (2010). Sastra Sunda Buhun. Bandung: JPBD FPBS UPI
    Rosidi, Ajip. (1983). Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Jatiwangi: Tjupumanik
    Wasta : Wafiq Nuraini Cumana
    NIM : 2003924
    Kelas : 3B

  • @jihanintanp8246
    @jihanintanp8246 2 роки тому

    Alhamdulillah saparantos rengse ninggal pintonan anu judulna SABA BUDAYA : Carita Pantun ti Baduy Jero, janten nambihan pangaweruh simkuring ngeunaan budaya, khususna Kana Carita Pantun.
    Anu kusimkuring terang mah, Carita pantun atawa lalakon pantun nyaeta carita rekaan anu dilalakonkeun ku juru pantun dina pagelaran ruatan (ritual) anu disebut mantun. Mantun biasa dipirig ku kacapi sarta biasana dihaleuangkeun. Carita pantun biasanya dipagelarkeun sapeuting jeput nepi ka tutug teh dimimitian ti bada isa. Ukuran carita pantun umumna paranjang. Dumasar kana mediana, carita pantun gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal anu mere kesan pamohalan.
    Carita pantun teh kaasup sastra lisan. Turun tumurunna jeung sumebarna tatalepa ku cara lisan. Munasabah upama dina kamekaranana timbul sababaraha versi. Aya pantun Bogor, aya pantun Priangan, jeung pantun Baduy.
    Carita Pantun Oge biasana dipantunkeun ku juru Panton anu lolong, Atawa make kacamata hideung Sangkan fokus Dina ngawidangkeun Carita Pantun.
    Dina pintonan anu di unggah ku Bu Chye Retty Isnendes, Yen Dina eta pintonan Carita Pantun, juru pantunna teu lolong, Kitu Oge teu make kacamata hideung. Dina eta video Oge nyaritakeun ngeunaan Pakuan. Lain kur eta hungkul, Dina Carita Pantun ieu nyaritakeun kumaha kahirupan manusa Jeung alam.
    Upama nililk kana eusina, carita pantun teh umumna ngabogaan pola nu sarua, nyeta ngalalakonkeun Raja Pajajaran, anu keur ngalegaan nagara anyar, atawa neangan pijodoeun.
    Upama nilik kana wangunna, carita pantun teh mangrupa wangun ugeran (puisi). Dijerona diwangun kusababaraha bagian : aya bagian rajah, bagian deskripsi, bagian narasi, dialog jeung monolog jeung rajah panutup/pamunah
    Wasta : Jihan Intan Pratiwi
    Kelas : 3B
    NIM : 2101411

  • @tutiramdiani3492
    @tutiramdiani3492 2 роки тому

    Assalamu’alaikum Wr. Wb.,
    Maa Syaa Alloh saé pisan bu.. Alhamdulillah, sabada ningal vidéo dokuméntasi ngeunaan Saba Budaya - Carita Pantun ti Baduy jero janten nambihan pangaweruh anyar kanggo sim kuring ngeunaan carita pantun tur janten tiasa terang yén carita pantun ti Baduy Jero téh mangrupa salah sahiji carita pantun anu buhun tur masih kénéh asli ti Sunda.
    Sakumaha patalina sareng matéri perkuliahan ngeunaan konsep-konsep carita pantun anu parantos di dugikeun ku ibu, yén carita pantun téh mangrupa carita nu sipatna lisan sareng digelarkeunana téh dina kagiatan anu disebut Mantun. Patalina sareng vidéo ieu téh yén carita pantunna dicaritakeun ku juru pantun tur dipirig ku kacapi. Juru pantunna lalaki, sareng nganggo raksukanana ogé baju masarakat asli Baduy. Anu warnana bodas-bodas hideung. Tapi dina ieu vidéo, ki juru pantunna téh teu nganggo kaca soca, sakumaha anu biasana ki juru pantun paké nalika mantun. Tuluy teu aya sasajén-sasajén sakumaha anu aya dina sababaraha sumber anu dipikaterang ku sim kuring dina mantun. Sok sanaos kitu teu ngirangan rasa ka sakralan dina mantunna ogé.
    Dina carita pantunna ogé, anu kacangking ku sim kuring eusi caritana téh ngeunaan kahirupan masarakat Sunda dina jaman buhun tur kumaha hirup kumbuh masarakat Sunda dina mangsa buhun.
    Hatur nuhun sateuacanna, mung sakitu anu tiasa ku sim kuring dugikeun, hapunten tina sadaya kalepatan.
    Wassalamu’alaikum, Wr. Wb.
    Wata : Tuti Ramdiani
    NIM : 2000383
    Kelas : 3 A

  • @rioprasaid1491
    @rioprasaid1491 2 роки тому

    Assalamualaikum wr.wb
    Alhamdulillah sim kuring parantos nongton video bu Retty anu judulna Saba Budaya : Baduy Carita Pantun ti Baduy Jero. Masyaallah ku ayana ieu video sim kuring janten terang salah sahiji budaya Sunda ti jaman buhun, nyaéta carita pantun.
    Dina ieu video, tiasa katingali yén nu jadi juru pantun téh nyaéta Aka Samin nu mangrupa urang Baduy asli, lantaran tiasa katingali ogé dina raksukanana ngangge raksukan urang Baduy anu has, nya éta bodas-bodas-hideung. Salian ti éta, dina video ieu téh juru pantunna teu lolong, tuluy caritaanana kirang lengkep. Aka Samin salaku juru pantun, ngahaleuangkeun carita pantun bari dipirig ku kacapi nu kawatna aya 9. Dina video carita pantun ieu, anu kakuping ku sim kuring mah ngeunaan kumaha gambaran jeung ajaran sapopoé masarakat Baduy, tuluy aya caritaan ngeunaan Karajaan Pakuan (lantaran nyebut-nyebut kecap "Pakuan"), tuluy aya bagian caritaan nu nyaritakeun ngeunaan alam (sim kuring nguping kecap "kahuruan"), tuluy aya bagian ngeunaan rupa awéwé (sim kuring nguping kecap buuk hideung panjang tuluy awakna lenjang, jsb), tuluy di akhir video aya kecap-kecap ngeunaan rempah, utun, jeung sambel tur asakan babangkoangan. Salian ti éta, di awal video sim kuring seueur nguping kecap "dengeun" teras kadituna mah mangrupa paripolah lakon.
    Kukituna carita pantun diluhur nyaritakeun ajaran sapopoé masarakat baduy. Salian éta simkuring ogé sababarakali nguping kecap pakuan. Bisa waé ieu carita pantun téh aya patalina jeung karajaan pakuan. Dina ieu carita pantun seeur kekecapan nu simkuring nembe nguping.
    Mung sakitu anu tiasa kapihatur. Hapunten ibu bilihna sim kuring seeur knéh kalepatan
    Wassalamualaikum wr.wb.
    Référénsi:
    Koswara, Dedi. (2010). Sastra Sunda Buhun
    Bandung: JPBD FPBS UPI
    Rosidi, Ajip. (1983). Ngalanglang
    Wasta: Rio Prasaid Satriadi
    NIM: 2102167
    Kelas: 3A

    • @derymaulana4574
      @derymaulana4574 2 роки тому

      Assalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarokatuh
      Bismillahirrohmanirrohim.
      Maa sya allah, alhamdulillah Ibu sabada sim kuring nyakséni éta video, sim kuring ngaraos reueus tur bingah pisan lantaran vidéo anu didokuméntasikeun téh seueur pisan pangaweruh anyar anu bisa ku urang ala tur larapkeun.
      Tina éta video tiasa dititénan carita pantun anu teu kapangaruhan ku Mataram, anu mana ieu téh mangrupa carita pantun asli sunda buhun.
      Carita Pantun mangrupa wacana narasi atawa lalakon panjang anu biasana dilisankeun anu dipidangkeun dina pagelaran husus anu sok disebut mantun. Pagelaran ieu sok dilaksanakeun salila sapeuting jeput.
      Jalma anu sok mantun disebut juru pantun, umumna sok lalaki tapi aya waé anu juru pantun awéwé. Jeung deuih juru pantun biasana lolong, tapi dina pidangan di luhur mah sapertosna juru pantunna teu lolong.
      Juru pantun sok dipirig maké kacapi, dina video di luhur juru pantun dipirig ku kacapi anu kawatna aya 9.
      Dina eusi carita pantun di luhur nu digelarkeun ku juru pantun Aka Samin téh nyaritakeun kaayaan kahirupan urang sunda katut alam sabudeureunana, lian ti éta aya ogé nyabit-nyabit perkawis Karajaan Pajajaran, kumaha paripolah urang sunda di masarakat jsb-na.
      Margi ngagunakeun basa sunda buhun, ku kituna seueur kekecapan anu kirang kadangu ogé kirang kapiharti ku sim kuring.
      Hatur nuhun pisan ka ibu sareng rengrengan anu parantos ngadokumentasikeun sarta nalungtik Carita Pantun Ti Baduy Jero.
      Wasta: Dery Maulana Yusuf
      Kelas: 3A
      NIM: 2103072

  • @intertigaputra
    @intertigaputra 8 місяців тому

    Sora nu marurung

  • @deaameliaputri3119
    @deaameliaputri3119 2 роки тому

    Assalamualaikum Wr. Wb.
    Carita pantun nya éta lalakon (carita) anu ditepikeun sacara lisan dina wangun basa ugeran, bari dipirig ku kacapi.
    Aya bagéan anu digalantangkeun jeung aya bagéan anu dikawihkeun deuih. Tapi angger bari dipirig ku kacapi. Anu nepikeun carita pantun disebutna juru pantun.
    Ku lantaran tadina mangrupa carita nu sakral, tangtu aya ritual nu dilakukeunana, di antarana ayana sasajén jeung mantra, dimimitian jeung ditutup ku rajah, ayana sarat jeung pantrangan pikeun nu mantun jeung nu nanggapna, waktu jeung lalakonna teu sagawayah, jeung hal-hal séjénna.
    Salasahiji ciri anu ngabédakeun carita pantun jeung karya seni lianna, dina carita pantun mah aya rajah. Nya éta bagéan pantun anu ditepikeunana dihaleuangkeun. Eusina sanduk-sanduk ka Nu Mahasuci, lantaran rék ngamimitian mantun, disebutna “rajah bubuka”. Dina rajah pamukana jurupantun nunuhun ka nu mapayung, neneda ka nu kawasa, pédah rék mantun "nutur galur nu kapungkur, mapay carita baheula". Ki jurupantun amit-amit ka nu daremit, neda paralun ka karuhun jeung lelembut-lelembut,sangkan salamet mantun nepi ka isuk. Sangkan waluya nu mantun, nu ngabandungan, jeung nu dilalakonkeun. Unggal jurupantun boga karuhun nu teu weléh dipuhit, biasana karuhun nu dianggap boga jasa ngabaladah muka éta tempat. Tapi ari pantun Baduy mah teu gumantung ka karuhun.
    Salian ti éta ogé aya “rajah panutup” anu ditepikeun dina lekasan carita. Sarua deuih éta ogé dihaleuangkeun. Ngan henteu sakabéh juru pantun sok ngagunakeun “rajah panutup” anu sok disebut ogé “rajah pamunah”.
    Référénsi:
    www-jabarnews-com.cdn.ampproject.org/v/s/www.jabarnews.com/pasundan/amp/pr-1731219913/sastra-jeung-seni-sunda-mikawanoh-carita-pantun?amp_js_v=a6&_gsa=1&usqp=mq331AQKKAFQArABIIACAw%3D%3D#aoh=16385322173171&referrer=https%3A%2F%2Fwww.google.com&_tf=Dari%20%251%24s&share=https%3A%2F%2Fwww.jabarnews.com%2Fpasundan%2Fpr-1731219913%2Fsastra-jeung-seni-sunda-mikawanoh-carita-pantun
    Ruhaliah. (2020). Sajarah Sastra Sunda. Bandung: UPI Press
    Wasta : Dea Amelia Putri
    NIM : 2006974
    Kelas : 3B

  • @fauziirr
    @fauziirr 2 роки тому

    Sapertos nu dipikaterang ku urang sadaya yén Carita Pantun mangrupa Carita anu biasana dilakonan ku juru pantun dina pagelaran ruatan (ritual), anu biasana dilaksanakeun sapeuting jeput (ti isya nepi subuh).
    Saacan kana inti, carita pantun dibuka ku rajah pamuka, saperti dina ieu vidéo nu nyabit-nyabit nyuhunkeun panghampura ka gusti ogé karuhun minangka izin supaya dipasihan kasalametan jeung kalancaran.
    Inti dina carita pantun didieu nyaritakeun ngeunaan kahirupan urang Sunda jaman baheula, kumaha hirup kumbuh jeung alam sabudeureunana. Kakuping ogé dina caritana nyabit-nyabit ngeunaan pakuan, dimana kahirupan urang Sunda baheula ngeunaan raja Pakuan harita.
    Carita pantun urang Baduy didieu teu ngansaukur medar ngeunaan karya sastra tapi leuwih nyoko kana tradisi urang baduy sorangan. Dina raksukanna ogé katingali pisan ciri gas urang Baduy sorangan. Jeung anu ngabentenkeun Carita pantun urang Baduy jeung sejenna nyaéta dina juru pantunna. Biasana anu jadi juru pantun téh anu lolong atawa upama teu lolong maké kacamata, tujuan utamana mah sangkan juru pantun téh fokus jeung teu kaganggu ku hal-hal anu séjén. Tapi dina carita pantun dina ieu vidéo juru pantunna teu lolong ogé teu nganggo kacamata, nilik kana ngembangna jaman ogé hal ieu bisa jadi geus kacampuran ku hal anu modérn.
    Carita pantun téh kiwari mah geus rada langka dipintonkeun. Tapi ku kituna sim kuring ngarasa reueus ningal dina vidéo ieu Carita Pantun ti Baduy Jero anu eusi caritana miboga réa pangajaran keur kahirupan. Carita pantun ieu biasana ngalalakonkeun kajadian anu nyampak dina waktu harita (ilaharna dina kahirupan Sunda baheula). Upama nilik tina téma-téma nu nyangking dina carita pantun téh nyaéta medar ngeunaan kumaha kahirupan nu aya di karajaan.
    Maca carita pantun téh carana dihaleuangkeun ku Ki Juru Pantun. Geuning carita pantun téh prak-prakanana teu kudu dina sapeuting jeput waé, sanajan Ki Pantunna teu maké kacamata hideung jeung euweuh sasajén pisan, tapi masih kénéh karasa sakralna. Dina mantun carita pantun téh dipirig ku kacapi, tur caritana matok. Salian ti éta juru pantun ogé kudu bisa nyarita, ngacapi, ngabodor, tur ngarajah dina salila mantun. Juru pantun ogé ilaharna mah ku lalaki.
    Aya sababaraha ungkara atawa kekecapan nu ngandung harti luyu jeung kaayaan masarakat nu aya di Baduy Jero, nyaéta: 1). Patali jeung alam; 2). Patali jeung hukum; 3). Patali jeung kakulawargaan; 4). Patali jeung masarakat; jeung 5). Patali jeung kapamingpinan.
    Wasta : Fauzi Ramadhan
    NIM : 2104055
    Kelas : 3B

  • @refinadwi3692
    @refinadwi3692 2 роки тому

    Assalamu'alaikum warohmatulohi wabarokatuh. Sabada niténan ieu video Saba Budaya: BADUY~CARITA PANTUN TI BADUY JERO sim kuring jadi reueus kana basa Sunda. Sabab geuning dina ieu carita pantun téh masih seueur kekecapan anu teu dipikaharti ku sim kuring. Hartina basa Sunda téh beunghar. MasyaAllah... Alhamdulillah...
    Carita pantun atawa lalakon pantun nyaéta carita rékaan anu dilalakonkeun ku juru pantun dina pagelaran ruatan anu disebut mantun. Midangkeunna ku cara dihaleuangkeun bari dipirig ku kacapi. Eusi caritana ngandung unsur pamohalan jiga dongéng. Sacara umum carita pantun mah bentukna puisi, tapi mengisahkan jeung aya paguneman.
    Ieu carita pantun téh eusina nyaritakeun ngeunaan Pakuan Pajajaran. Carita pantun dianggap carita Sunda nu asli, sabab latarna di jaman Pakuan jeung Pajajaran.
    Struktur dina carita pantun aya rajah bubuka, narasi, déskripsi, dialog, monolog, rajah panutup.
    Sumber: Sundapedia
    Wasta: Refina Dwi A. S
    NIM: 2107482
    Kelas: 3B

  • @alexreformer696
    @alexreformer696 3 роки тому

    Mantap, Téh..
    Tradisional pisan, raksukan Baduy jero..

  • @muhammadhalimabdurrozaq3526
    @muhammadhalimabdurrozaq3526 2 роки тому

    Assalamu'alaikum W. W.
    Masyaallah hatur nuhun pisan ibu parantos nga upload video nu sae tur loba elmuna dina vidio ieu, nu ngajantenkeun abi langkung terang ngeunaan carita pantun. Sakumaha nu abdi terang biasana juru pantun teh nganggo kaca panon hideung nanging dina vidio ieu mah aki samin teh teu nganggo kaca panon hideung, teras carita pantun anu di pidangkeun ku aki samin teh nu kacangkem ku abdi mah nyaeta nyaritakeun kahirupan sunda buhun, alam, oge ngeunaan karajaan pajajaran. Sakitu anu tiasa ku abdi cangkem punten bilihna aya kekecapan nu kirang marenah ti abdi Muhammad Halim Abdurrozaq kelas 3B. Hatur nuhun ibu

  • @kripsangratu3063
    @kripsangratu3063 3 роки тому +1

    Sae pisan.

  • @santisukmawati2929
    @santisukmawati2929 2 роки тому

    Assalamualaikum wr.wb.
    Saé pisan Bu. Ku ayana ieu dokuméntasi carita pantun hususna carita pantun Baduy ngajantenkeun sim kuring wanoh kana carita pantun nu asli wujud caritana, sanaon mung potongan tina panjangna carita pantun nu kawitna dipagelarkeun kalayan sapeuting jeput janten mung sa-jam wungkul. Carita pantun nu dipagelarkeun dina ieu video teh kirang jelas intonasi juru pantunna, antukna rada sesah kanggo nyangkem eusi tina éta carita pantun. Sanaos ti éta, seueur kekecapan anu sesah dipikahartos.
    Carita pantun mangrupa karya sastra buhun, mangrupa dongéng nu kawilang panjang sarta hirup dina mangsa karajaan Pajajaran. Carita pantun sipatna lisan, dipagelarkeun dina kagiatan mantun kalayan durasi waktu nu panjang atawa sapeuting jeput nepi ka tilu poé tilu peuting, caritana ngeunaan sabudeureun karajaan Pajajaran, jeung nu nyaritana disebut juru pantun.
    Saupama dipatalikeun jeung pedaran matéri anu kantos dipedar di kelas, carita pantun téh dipagelarkeun ku ayana sasajén, dina ieu video mah henteu. Numutkeun informasi juru pantun téh lolong, tapi dina ieu video mah henteu. Tapi kasakralan dina ieu carita pantun moal leungit, utamana carita pantun Baduy anu memang sakral pisan lantaran patali jeung tradisi atawa ritual masarakatna.
    Eusi tina ieu carita pantun Baduy téh teu kacangkem sacara kasaluruhan, tapi disabit-sabit ngeunaan kahirupan sapopoé masarakat Sunda sarta ngeunaan Pakuan Pajajaran. Disabit-sabit ogé ngeunaan perkara anu patalina jeung panganténan.
    Ditilik tina sisi éstétika raksukan anu dipaké ku juru pantun mangrupa raksukan nu has ti Baduy jero nyaéta iket bodas, baju luhuran bodas, jeung calana hideung. Ajén falasifah tina warna raksukan bodas nyaéta warna bodas téh ngalambangkeun kabersihan, boh kabersihan lahir (jasmaniah) boh kabersihan batin (batiniah/haté) nu aya dina diri manusa. Warna bodas téh ngahartikeun ayana kahadéan-kahadéan nu natrat dina budaya Sunda.
    Sakitu anu tiasa didugikeun neda dihapunten bilih seueur kalepatan boh dina basa boh dina perkara anu didugikeunana. Hatur nuhun.
    Wassalamualaikum wr.wb.
    (Santi Sukmawati_3B_2008297)

  • @saputra_wahyu
    @saputra_wahyu 2 роки тому +1

    Saréngséna nyakséni video carita pantun ti masarakat Baduy jero, katitén yén carita pantun téh masih aya kamekaranana, jeung masih aya nu mantunna. Urang Baduy nganggap carita pantun salaku hiji hal anu sakral jeung teu meunang dipagelarkeun sacara sagawayah. Dina ieu vidéo, réa kekecapan anu kawilang ahéng. Tapi éta hal minangka ciri kabeungharan basa Sunda jeung unikna pantun Baduy.
    Sacara umum pantun Baduy kabagi kana pantun anu sifatna ritual adat, jeung pantun nu mangrupa sarat salametan atawa hajat kulawarga. Sanajan kitu, boh pantun ritual boh pantun salametan miboga sarat-sarat anu tangtu pikeun juru pantunna (Ki Pantun). Juru pantun Baduy diperedih jembar pangaweruh tur mahér bisa maénkeun kacapi sangkan mantun lumangsung kalayan sampurna. Prosés transmisi pangaweruh kana carita pantun, lumangsung kalayan tatalépa antara tukang mantun. Éta sababna tukang mantun téh kiwari mah kawilang langka. Lantaran mantun lain pagawéan anu gampang, teu sagawayah jalma bisa mantun. Juru pantun kudu miboga ingetan anu kuat. Carita anu sakitu panjangna dilalakonkeun kalayan ditalar, galur caritana malapah gedang ulah nepi ka aya nu kaliwat. Tapi kiwari mah carita pantun téh dipidangkeun salaku hiburan baé, geus kawilang langka anu ngajadikeun mantun téh salaku ritual. Sanajan kitu disababaraha wewengkon di tatar Sunda, teu nutup kamungkinan aya kénéh anu ngayakeun tradisi mantun salaku ritual.
    Carita pantun kaasup carita asli urang Sunda. Carita pantun lahir mangsa abad ka-14. Lantaran dina carita pantun disuat-suat ngeunaan karajaan Pajajaran. Tapi aya ogé anu miboga pamadegan yén carita pantun téh leuwih aya ti heula saméméh ngadegna karajaan Pajajaran. Ku sabab dina carita pantun Ciung Wanara nyaritakeun karajaan Galuh, kitu ogé dina carita pantun Lutung Kasarung dicaritakeun Karajaan Pasir Batang. Dua karajaan éta upama ditilik dina sajarahna, tangtu ayana saméméh karajaan Pajajaran. Carita pantun ilaharna miboga wangun struktur:
    1) rajah pamuka
    2) mangkat carita
    3) rajah pamunah
    Referensi:
    Koswara, D. (2021). Sastra Sunda Klasik. Bandung: Upi Press.
    Soepandi, A. (1976). "Khasanah Kesenian Baduy dan Pandeglang." Bandung: Proyek Penunjang Peningkatan Kebudayaan Jawa Barat.
    Wasta: Wahyu Saputra (2100408)
    Kelas: 3A

  • @whysosirius2288
    @whysosirius2288 2 роки тому +1

    Assalamualaikum, sampurasun Bu...
    Sae pisan kanggo bahan ajar sareng referensi

  • @mrcandiaz3434
    @mrcandiaz3434 8 місяців тому

    Hallo, apakah saya bisa mendapatkan paper/jurnal/penelitian soal pantun baduy jero ini? Terima kasih banyak🙏

  • @shoofiinurrizkidzakiah5704
    @shoofiinurrizkidzakiah5704 2 роки тому +2

    Bismillahirrahmanirrahim,
    Carita Pantun mangrupa salah sahiji karya sastra Sunda buhun nu asli ti Sunda. Kecap asli didieu hartina henteu kapangaruhan ku budaya deungeun. Carita Pantun mangrupa carita anu dilakonkeun dina pagelaran pantun ku Ki Juru Pantun. Anu jadi jejer dina pantun teh nyaéta jurupantunna jeung kacapi nu miboga pungsi pikeun mirig. Jurupantunna biasanya jalma anu lolong. Lamun misalna henteu lolong, juru pantun teh sok maké kacamata hideung, ceunah mah sangkan bisa konséntrasi nalika mantun.
    Umumna mah rangkay carita pantun téh dimimitian ku Rajah Pamuka, ditéma ku mangkat carita, nataan karajaan jeung lalakon, satuluyna dipungkas ku Rajah Pamunah atawa Rajah Panutup.
    Dina Rajah Pamuka jurupantun sanduksanduk heula, neneda ka nu ngawasa, pédah rék mantun. Sababna kitu téh dina carita pantun baris nutur galur nu kapungkur, mapay carita nu baheula. Jurupantun amit-amit ka dedemit, neneda ka karuhun jeung lelembut, sangkan lungsur langsar, salamet mantun nepi ka isuk. Ceuk anggapan jeung kapercayaan mah nu dilakonkeun dina carita pantun téh mangrupa carita nyata nu kungsi kajadian.
    Saparantos sim kuring ngupingkeun video carita pantun di luhur, aya sababaraha eusi nu kacangking ku sim kuring, namung henteu lengkep. Eusina teh ngeunaan Kahirupan masarakat Sunda jaman buhun. Kumahahirup kumbuhna sarta kumaha Kahirupan sapopoéna. Salian ti éta kagambar ogé kumaha kaayaan alam Sunda jaman buhun. Sarta carita ngeunaan paguneman saurang raga deungeun jeung hihi budak.
    Salian ti éta kacaritakeun ogé ngeunaan bumi pakuwan Pajajaran.
    Video carita pantun di luhur nalika dipatalikeun jeung konsep-konsep mantun katingali aya bédana. Salah sahijina juru pantun anu henteu lolong sarta henteu maké kacamata hideung, nu mangrupa pangaruh moderenisasi.
    Mung sakitu ti sim kuring, hatur nuhun ka Ibu anu parantos masihan kasempetan pikeun sim kuring ngaaprésiasi ieuh video carita pantun. Hapunten bilih aya kekecapan anu kurang merenah, sareng kakirangan lianna.
    Hatur Nuhun
    Shoofii Nurrizki Dzakiah
    2005223
    3A
    Référénsi: Rosidi, Ajip. (2009). "Ngalanglang Kasusastraan Sunda". Bandung: Kiblat Buku Utama

  • @jessikaameliahadiansyah5803
    @jessikaameliahadiansyah5803 2 роки тому

    Bismillahirrahmanirrahim.
    Alhamdulillah saparantos nongton vidéo Saba Budaya: BADUY~CARITA PANTUN TI BADUY JERO, sim kuring ngaraos reueus, sabab masih kénéh aya anu tiasa mantun dina Carita Pantun, ogé ngahaturkeun réwu nuhun ka Ibu Retty, margi ku ayana ieu vidéo, simkuring janten terang kumaha cara midangkeun carita pantun anu leres, nyaéta ditalar sareng dipirig ku kacapi. Nanging upama ditilik deui dina ieu vidéo téh rada kirang jelas sora anu nuju mantunna, oge aya sababaraha sora diluar anu mangaruhan kana sora nu mantun. Sok sanaos kitu, éta hal téh henteu ngirangan ajén budaya tur éstétika dina Carita Pantun.
    Naon cenah ari Carita Pantun téh? Carita pantun nyaéta carita anu dilakonan ku juru pantun dina pagelaran ruatan, ilaharna dilakukeun sapeuting jeput, tuluy dimimitian ku rajah pamuka anu eusina sanduk-sanduk pangampura ka gusti nu kawasa ogé ka karuhun minangka ijin/widi sangkan salamet tur lancar. Anu katitén ku simkuring, dina ieu carita pantun téh, nyaritakeun ngeunaan kahirupan atawa kaayaan dina jaman karajaan Pakuan Pajajaran, boh dina alamna, kabudayaanana, kaayan manusana, jrrd.
    Patalina ieu vidéo jeung carita pantun anu dibaca perkelompok dinten Rebo nyaéta sami-sami ngawanohkeun ngeunaan eusi carita pantun, tapi aya ogé babandinganna, upama dinten Rebo mah, carita pantunna mun dibaca ringkesanna, pami dina ieu vidéo mah urang teu ngan saukur ngadangukeun carita pantun, tapi urang ogé tiasa ninggal kumaha cara anu leresna dina midangkeun carita pantun. Dina strukturna ogé langkung lengkep anu vidéo ieu.
    Wasta: Jessika Amelia Hadiansyah Putri
    Kelas : 3A
    NIM : 2103992

  • @hariristrn.197
    @hariristrn.197 2 роки тому +1

    Alhamdulillah, sabada nyakséni vidéo Carita Pantun ti Baduy Jero simkuring janten wanoh kana prak-prakan mantun téh. Sanaos seeur keneh anu teu acan kahartos.
    Carita pantun mangrupa Carita anu biasa dilakonan ku juru pantun atawa Ki pantun dina pagelaran ruatan (ritual) anu biasana dilaksanakeun sapeuting jeput ti bada isa nepi ka subuh. Dina carita pantun biasana bubuka na maké rajah, jeung dipungkas ogé ku rajah pamunah.
    Carita pantun kaasup kana sastra lisan anu turun tumurun jeung sumebarna ku cara tatalépa (lisan ka lisan). Dina pagelaran pantun bisana ki pantun na atawa juru pantun na sok jalma nu lolong, saupama teu lolong ogé juru pantun na sok maké kacamata hideung lantaran butuh konséntrasi anu fokus pisa.
    Saperos dina vidéo Carita Pantun ti Baduy Jero ieu dipidangkeun na maké waditra kacapi. Dina prak-prakan na midangkeun/magelarkeun carita pantun téh di Baduy mah teu maké sasajén, dina pintonan diluhur ogé juru pantun na teu maké kacamata hideung.
    Carita pantun diluhur eusina nyaritakeun Pakuan Pajajaran.
    Wangun carita pantun diantarana aya rajah, narasi, déskripsi, dialog, monolog, rajah panutup.
    Wasta : Hariri Sutrini
    NIM : 2101301
    Kelas : 3B

  • @tuhasa
    @tuhasa 3 роки тому +1

    Pantun Buhun. Hatur nuhun.

  • @silviefinesa9352
    @silviefinesa9352 2 роки тому

    Assalamu’alaikum w. w.
    Sateuacanna simkuring ngahaturkeun nuhun ka Ibu anu parantos masihan pancén sakaligus élumna kanggo urang sadayana.. MaasyaAllah, saé pisan ibu.. Saparantos nyakséni ieu video kalayan leres-leres téh Alhamdulillah simkuring hususna ogé réréncangan sadayana janten uninga kumaha nalika mintonkeun hiji pantun téh. Sanggem simkuring mah sanajan anu aya di video eusina mung intina hungkul, tapi tos kawilang saé pisan. Naming aya sababaraha anu janten miss dina ieu video téh sapertos kirang jelasna suanten juru pantun, lian ti éta ogé kaayaan sekitar ka rekam jelas suantenna, anu ngabalukarkeun sorana teu fokus ka hiji sora nu mantun.
    Sakumaha anu ku simkuring apal, yén biasana juru pantun téh nyaéta maké kaca panon hideung anu lolong, tapi dina ieu video mah ku Aki Samin henteu maké ku sabab teu lolong. Tuliy dina carita pantun geus biasa dibuka ku Rajah pamuka sangkan lancar pikeun magelarkeun acarana, dipungkas ku Rajah panutup minangka sukur dipaparin kalancaran salila acara. Carita pantun anu dibawakeun ku Aki Samin téh kahartina nyaritakeun kahirupan Sunda buhun, alam, ogé nyuat-nyuat ngeunaan karajaan Pajajaran. Dina ieu vidéo bisa kaniléy kumaha perbédaanana. Leuwih sederhana, terus tina raksukanana dina ieu vidé téh maké baju warna bodas hideung.
    Pamungkas, sok sanaos kawilang aya sababaraha perbédaan, tapi teu ngirangan kana pamaksadan ayana ieu pintonan téh.
    Hatur nuhun.
    Wassalamu’alaikum w. w.
    Wasta : Silvie Finesa
    NIM : 2000552
    Kelas : 3A

  • @tintinmulyani6697
    @tintinmulyani6697 2 роки тому

    Assalamualaikum W. W.
    Alhamdulillah saparantos nongton ieu video sim kuring janten terang carita pantun ti Baduy Jero.
    Carita pantun nyaéta carita anu sipatna lisan, biasana dicaritakeun ku saurang juru pantun dina pagelaran anu disebut mantun. Baheula mah juru pantun téh nyaéta lalaki anu lolong jeung maké kaca mata hideung. Pagelaran carita pantun biasana diayakeun sapeuting jeput, dipirig ku kacapi, jeung biasana sok aya sasajén sabab pagelaran carita pantun téh mangrupa hiji hal anu sipatna sakral.
    Patali jeung hal diluhur, dina ieu video tiasa katinggal aya Aka Samin anu nuju mantun bari dipirig ku kacapi tur nganggo raksukan has Baduy, anu jadi béda dina ieu video nyaéta juru pantunna teu ngagunakeun kaca mata hideung, teu aya sasajén, ogé dipidangkeunna henteu dina waktu peuting, tapi hal éta henteu ngurangan kasakralan tina pagelaran carita pantun.
    Sanaos kirang jelas sareng kahartos basa na, carita pantun dina ieu video nyaritakeun ngeunaan kahirupan masarakat Sunda jaman buhun.
    Mung sakitu anu kapihatur, hapunten bilih aya kekecapan anu kirang merenah, haturnuhun.
    Wassalamualaikum W.W.
    Tintin Mulyani (2008473) -3B

  • @baduyputraputrabaduy2529
    @baduyputraputrabaduy2529 2 роки тому +1

    Ayah sanati kaka

  • @adefiktif9933
    @adefiktif9933 3 роки тому +1

    Hatur nuhun Bu.

  • @MuhamadRidwan-nd4nr
    @MuhamadRidwan-nd4nr 2 роки тому

    Assalamualaikum, Sampurasun, Salam Baktos Bu...
    Manawi nu tos ka Dokumentasikeun aya sabahara saeu'eur, mugia tiasa uninga sanaos tebih ka baduy na.

    • @chyerettyisnendes5232
      @chyerettyisnendes5232  2 роки тому

      Perkawis carita pantun Baduy mah rada sesah, margi sakral (patali sareng ritual). Ieu nu ditampilkeun ge mung 'kembang2na'. Janten teu acan seueur penelitian pantun Baduy mah. Tapi pami aya pertunjukkanna di Baduy Luar, urang tiasa ngupingkeun.

  • @lieswahyuni478
    @lieswahyuni478 3 роки тому +2

    Hatur nuhun ibu.... Kangge bahan ajar...^^

  • @m.ridwanalamsyahh.1033
    @m.ridwanalamsyahh.1033 2 роки тому

    Assalamu'alaikum Ibu.
    Di dieu sim kuring baris ngadugikeun pamadegan atanapi koméntar kana video di luhur.
    Saréngséna nyakséni video ngeunaan carita pantun ti masarakat Baduy jero, sim kuring janten terang yén carita pantun téh masih hirup, masih mekar, sarta masih aya juru mantunna di Baduy jero mah. Salian ti carita pantun ogé saleresna masih aya wanda sastra lisan lianna saperti mantra, legenda, carita rakyat, susuwalan, pikukuh nu masih hirup tur mekar di masarakat Baduy umumna. Numutkeun Sulaiman Djaya (2012), pantun nu lahir di masarakat Baduy mangrupa pantun nu miboga ajén magis jeung spiritual nu leuwih murni tibatan pantun-pantun nu lahir ti masarakat atawa komunitas-komunitas adat Sunda lianna. Urang Baduy sorangan nganggap carita pantun salaku hiji hal nu sakral jeung teu meunang dipagelarkeun sacara sagawayah. Dina video di luhur bisa katitén yén carita pantun ngagunakeun alat musik kacapi pikeun mirig nu mantun. Salaku kasenian nu hirup ti jaman Hindu nepi ka Islam, teu héran lamun ungkara atawa ajaran juru mantun mangrupa campuran tina kadua éta jaman. Saperti nu kapanggih dina video, aya kecap-kecap istighfar, Dewata, Pohaci, karuhun, buyut, jsb. Dina video carita pantun di luhur réa kekecapan nu kawilang ahéng pikeun sim kuring pribadi. Hal éta mangrupa bukti tina kaunikan jeung kabeungharan basa Sunda kuno nu aya di Baduy. Carita pantun di luhur bisa kawilang singkat pisan, nyaéta ukur sajam. Béda jeung carita pantun lianna nu biasana sok dipagelarkeun salila sapeuting jeput, malahan aya nu nepi ka tilu peuting. Éta hal dipangaruhan ku maksud atawa tujuan nu rék dihontal ku unggal juru mantunna.
    Mung sakitu nu tiasa didugikeun ku sim kuring. Hatur nuhun Ibu kana pidangan videona. Wassalamu'alaikum wr. wb.
    Wasta: M. Ridwan Alamsyah
    NIM: 2006118
    Kelas: 3A

  • @irfanhakim5104
    @irfanhakim5104 3 роки тому +1

    Assalamualaikum apakah ada hasil penelitiannya mba? Mohon infonya, terima kasih 🙏

    • @chyerettyisnendes5232
      @chyerettyisnendes5232  3 роки тому

      Secara keseluruhan ada hasil penelitian bahasa, tapi transkripsi dan transliterasi carita pantun yang ini belum lengkap karena banyak yang tak dikenali bahasa dan tak terdengar. Boleh ke rumah/perpustakaan saya bila di Bandung kami sudah me-CD-kan dan membujukan tapi terbatas

    • @ashafy
      @ashafy 2 роки тому

      @@chyerettyisnendes5232 perpustakaannya dimana ya ka? Saya tertarik untuk lihat hasil penelitian ini

    • @chyerettyisnendes5232
      @chyerettyisnendes5232  2 роки тому

      @@ashafy di Bandung, Perum Pasirkemiri No. 13 B, Cigugurgirang Parongpong Bandung Barat. Dari Jl. Setiabudhi masuk ke jalan Sersan Bajuri, masuk via perumahan Setiabudhi Regensi, cari Perum Pasirkemiri.

  • @herusaefudinnurkisman8657
    @herusaefudinnurkisman8657 2 роки тому

    Tina eusi cari pantun diluhur nyangkaruk pesen jeung ajén inajén anu ngagambarkeun kasang tukang sosial budaya anu nunjukeun budaya lokal masarakat sabudeureunna. Salah sahiji daya cipta anu matak kairut nyaeta karya sastra. Tina karya sastra éta sorangan biasana aya ajén inajén kasejahteraan, pangaweruh, moralitas, jst nu relatif objektif sok sanajan kabeneranna kudu dibuktikeun heula. Salah sahiji karya sastra anu sumebar di wilayah Pasundan nyaéta carita pantun. Karya sastra anu dipercaya miboga kasakralan nu mintonkeunna gé teu sagayawah tur ngaliwatan prosés anu tangtu.
    Kembang Panyarikan nyokot latas ngeunaan kahirupan sosial jehng budaya ti para bangsawan jeung masarakat tina période éta. Sok sanajan lain hiji kisah anu objéktif jeung ngagambarkeun fakta, tapi dijero ieu carita ngagambarkeun fodasi jeung kahirupan tina masana.
    Masarakat Baduy anu nepi ka ayeuna ieu katut milu adat istiadat lain mangrupa masarakat deungeun, jauh ti peradaban, atawa masarakar anu kaisolasi tina sumebarna dunia luar.
    Nalika para karuhun miboga syair-syair atawa pantun-pantun. Aya syait atawa pantun ieu ngagunakeun basa anu digunakeun salaku média utama tina lisan sapopoé Baduy nu mana ngandung pituah, paréntah, jeung basa Sunda dialék Baduy anu geus ninggaljeun Kanékés sarta pranata masarakatna. Tina ieu hal saperti adat kapercayaan, kabiasaan, jeung lobana kecap-kecap pon kitu deui susunan kalimah Sunda kuno.
    Hal ieu kusabab taat kana tininggal karuhun kaasup dijerona basa. Salian ti éta ogé mh jarangna interaksi jeung budaya luar.
    Bentuk-bentuk mantera sastra lusan anu aya di Baduy Kanékés diantarana waé Mantera, Pantun, Pikukuh, Pitutur, Susuwalan, Riwayat, Carita Rakyat jeung Legenda
    Wasta: Heru Saefudin Nurkisman
    NIM: 2102140
    Kelas: 3B
    Hatur nuhun ibu 🙏🏻

  • @ranhappy9472
    @ranhappy9472 3 місяці тому

    Bu Guru, kenapa kata "Urang Baduy / Suku Baduy tidak dirubah jadi Urang Kanekes. Mereka kan Suku Sunda juga, sebutan Baduy juga sebutan dari orang Belanda / VOC pada zaman kolonial yang disamakan dengan Suku Badui Arab yang hidup dipedalaman. Sebelum itu, Urang Kanekes tidak mengenal kata Baduy.

  • @AswadiBaduy
    @AswadiBaduy 2 місяці тому

    P

  • @erinashofia9431
    @erinashofia9431 2 роки тому

    Assalamualaikum wr. wb.
    Alhamdulillah ku ayana ieu video téh ngajadikeun cukang lantaran hususna mahasiswa Pendidikan Bahasa Sunda sangkan nyaho kana carita pantun, anu kiwari mah geus kawilang langka. Ieu carita pantun téh mangrupa carita asli Sunda anu gelar dina abad ka-14, ogé mangrupa sastra Sunda anu henteu kapangaruhan ku nu séjén.
    Anapon ari patula patalina ieu video jeung konsep carita pantun nyaéta ieu carita pantun téh dipingpin ku lalaki bari mirig kacapi. Saupama ditilik tina katangtuan juru pantun, jaman baheula mah juru pantun téh kudu lolong jeung make kacamata hideung, tapi saupama nilik di jaman kiwari mah, saperti vidio anu dipintonkeun ieu juru pantun téh henteu lolong jeung henteu make kacamata hideung, lantaran ieu carita pantun mangrupa ciri has ti carita pantun baduy jero.
    Dina nalika macakeun carita pantun, juru pantun kudu bisa fokus atawa museur kana eusi caritaan , ulah nepi ka salah lantaran bisa jadi mamala keur juru pantun, nu nongton sarta nu boga maksud lantaran carita pantun mah sakral. Dina ieu carita pantun téh aya rajah anu mangrupa jampé nu dibarengan ku kayakinan, ogé dina nalika bérés papantunan (lagu) jiga sisindiran éta sifatna banyol jeung kritikan.
    Dijaman kiwari mah, ieu carita pantun téh bisa katénjo ku nu nonton, sakumaha contoh dina ieu video anu mintonkeun juru pantun anu keur mantun. Saupama nilik di jaman baheula, anu mantun téh henteu katénjo ku nu nongton, ngan kakuping sora jentringna kacapi, henteu dipintonkeun jeung juru pantunna. Tapi sok sanaos kitu, henteu ngurangan kana ajén-ajén anu rék ditepikeun dina caritana.
    Pamungkas, sim kuring ngahaturkeun nuhun ka Ibu Chye Retty Isnendes anu parantos ngawanohkeun sarta mintonkeun ngeunaan carita pantun Baduy Jero, mugia ku ayana ieu video téh bisa jadi pecutan ka urang salaku masarakat Sunda sangkan bisa reueus sarta ngamumulé kana budaya jeung sastra Sunda anu kiwari geus mimiti kapohokeun.
    Sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya kalepatan, hatur nuhun.
    Wasta : Erina Shofia Shobariyah
    NIM : 2000249
    Kelas : 3A

  • @fitrianazenfin341
    @fitrianazenfin341 2 роки тому

    Assalamu'alaikum warohmatulohi wabarokatuh. Sabada niténan ieu video Saba Budaya: BADUY~CARITA PANTUN TI BADUY JERO sim kuring jadi reueus kana basa Sunda. Sabab geuning dina ieu carita pantun téh masih seueur kekecapan anu teu dipikaharti ku sim kuring. Hartina basa Sunda téh beunghar. MasyaAllah... Alhamdulillah...
    Carita pantun atawa lalakon pantun nyaéta carita rékaan anu dilalakonkeun ku juru pantun dina pagelaran ruatan anu disebut mantun. Midangkeunna ku cara dihaleuangkeun bari dipirig ku kacapi. Eusi caritana ngandung unsur pamohalan jiga dongéng. Sacara umum carita pantun mah bentukna puisi, tapi mengisahkan jeung aya paguneman.
    Ieu carita pantun téh eusina nyaritakeun ngeunaan Pakuan Pajajaran. Carita pantun dianggap carita Sunda nu asli, sabab latarna di jaman Pakuan jeung Pajajaran.
    Struktur dina carita pantun aya rajah bubuka, narasi, déskripsi, dialog, monolog, rajah panutup.
    Sumber: Sundapedia
    Wasta: Yulia Fitriana Zenfin
    NIM: 2101268
    Kelas: 3B