Це відео не доступне.
Перепрошуємо.

SAWER PANGANTEN SUNDA | SAGAVIYA

Поділитися
Вставка
  • Опубліковано 11 гру 2021
  • Assalamu'alaikum wr. wb Sampurasun...
    Kali ini admin mau ngeshare lagi sawer panganten Sunda modern ala Sagaviya Channel. Buat baraya yang suka boleh di like dan di subscribe ya... hatur nuhun. 🙏😁
    Link Video Original: • SAWER SUNDA || KIDUNG ...
    Rumpaka Sawer Panganten:
    Bismillah… urang kawitan…
    Nyebat asmana nu Agung…
    Ka Allah ghafururrahim…
    Sembaheun urang sadaya…
    Puja-puji mung ka Gusti…
    Nu nyepeng sadaya alam
    Hakim di yaumal akhir
    Mung ka… Gusti urang tumut
    Neda pitulung pangjaring
    Hidep ginanjaran bagja
    Tepung rabi jatukrami…
    Muka lambaran carita…
    Natrat dina rumah tangga
    Jimatna ngan welas asih…
    Antara hidep duaan…
    Omat lali kana kawit
    Eunteup teuteup tepung rasa
    Dugi asih mandiri…
    Ngancik asih lahir…batin
    Hidep cunduk kana waktu
    Boga kabeungbeurat ati
    (Kasep… kabeungbeurat ati)
    Nyatana bojo utami
    Eulis pinilihan ati
    (Aduh kasep… pilihan ati)
    Sing bisa mulasarana…
    Tingtrim mupusti ku asih…
    Eulis kudu nya mituhu
    Ka panutan siang wengi
    (Geulis… siang jeung wengi)
    Ka caroge teh manutan
    Sumujud ku ati suci
    (Aduh geulis… ku ati suci)
    Cegahan lampahan hina…
    Sangkan tingtrim laki rabi…
    Pamungkas kanu ngariung
    Neda jembar pangraksaning…
    Neda jembar pangampura…
    Sakitu nu kapihatur
    Mugia aya berkahna…
    Kanggo panganten sakalih…
    Amin Ya Rabbal a’lamin
    Mugi Gusti nangtayungan...
    Wur-awur beasna di awur-awur…
    Wur-awur beasna di awur-awur…
    Wur-awur beasna di awur-awur…
    Wur-awur beasna di awur-awur…
    Wur-awur beasna di awur-awur…
    Wur-awur beasna di awur-awur…
    Wur-awur beasna di awur-awur…
    Terimakasih kepada:
    Sagaviya Channel
    Picsart
    Capcut
    Bandlab
    Pinterest
    Tesla Music
    Adi-adi tukang gandeng
    Headset kekeresekan

КОМЕНТАРІ • 97

  • @muhammadagung6189
    @muhammadagung6189 6 місяців тому +5

    Assalamualaikum,,,,,, akang punten nyuhunkn izin izazahana kanggo abdi Maman,s,kobiltu.

  • @rezafirmansyah95
    @rezafirmansyah95 Рік тому +3

    Alah ieung meni sae suantena halimpu ngagelik jiga suling 😊janten emut ka Pun Nini sinden sawer sareng candoli di nu hajat pangantenan, kitu oge pun uwa sinden karawitan jeung sinden sawer, Mugi budaya Sunda tetap lestari 👏🏻

    • @AnggiNestaOfficial
      @AnggiNestaOfficial  Рік тому +2

      Haturan wilujeng sumping kang, haturan salam pangbaktos kanggo kasadaya kulawargi sareng kasepuhan. Simkuring tangtosna bingah, rehna seueur anu mikalanep mikadeudeuh kana kabudayan urang, utamina kanu parantos ngaapresiasi kana ieu channel. Oge simkuring ngahaturkeun nuhun kanggo ka Kang Reza anu parantos linggih ka ieu channel, hapunten kang tebih ka sae, mung sakieu-kieuna. 🙏

    • @yayahhalimi5582
      @yayahhalimi5582 Рік тому +1

      Etamah Hoyong Di Rafalan Deui Nya Akang .Ngenyod Pisan Soanteun 👍👍👍

  • @cll6912
    @cll6912 Рік тому +1

    Subhanallah Alhamdulillah
    Mugia sadayana daramang sakalawargi hatur nuhun jang kasep lanjeungken

  • @jakakelana2416
    @jakakelana2416 Рік тому +2

    Ngiring bingah Masih seueur Nonoman sunda NU nga mumule Budaya Sunda..Lajeungkeun Kang Mugi cing langkung Sukses 🙏

    • @AnggiNestaOfficial
      @AnggiNestaOfficial  Рік тому

      Haturan wilujeng sumping di channel simkuring pagersa, hatur nuhun parantos ngarojong. Tangtosna da ari ngamumule budaya mah kawajiban urang sadayana, ieu mah etang-etang diajar.

  • @dewiwulankacapi77
    @dewiwulankacapi77 Рік тому +2

    Ngiring Bingah Reueus janten panglipur kalbu, Pangbeubeurah Kana Manah🤭🙏👍suanten galindeng Tembangna Matak kagagas hatur Nuhun pisan.

    • @AnggiNestaOfficial
      @AnggiNestaOfficial  Рік тому

      Haturan salam pangbaktos pangersa, hatur nuhun parantos ngarojong kana ieu channel. Tangtosna simkuring oge bingah rehna tiasa ngiring jabung tumalapung dina raraga nanjeurkeun kebudayan Ki Sunda. Mung da ieu mah tebih kasaena, etang-etang ngareuah reuah dina youtube.

  • @EntinRustini-ee1oq
    @EntinRustini-ee1oq 5 місяців тому

    Masya Alloh suanten akang halimpu pisan hatur nuhun akang Ciamis ngadangukeun

  • @ruspandijogja6064
    @ruspandijogja6064 10 місяців тому +1

    Sae pisan, nuhun, kkng di Yogyakarta, htr nuhun

    • @AnggiNestaOfficial
      @AnggiNestaOfficial  10 місяців тому

      Salam baktos oge pangwanoh pangersa, mugia teras aya dina kasehatan. 🙏

  • @creatif-1228
    @creatif-1228 20 днів тому

    Meni sae suanten na

  • @andiharis6137
    @andiharis6137 2 роки тому +3

    Aduh eta suanten sae pisan

    • @AnggiNestaOfficial
      @AnggiNestaOfficial  2 роки тому +1

      Haturan wilujeng sumping di channel simkuring, hatur nuhun pangrojongna kang🙏

  • @yayahratnasari-fc3gn
    @yayahratnasari-fc3gn Рік тому

    Kataji suantena sae mani nyeredet Kana manah

    • @AnggiNestaOfficial
      @AnggiNestaOfficial  Рік тому

      Ngahaturkeun nuhun pangersa, parantos kerja ngarojong kana ieu channel.

  • @giosuhendra1165
    @giosuhendra1165 19 днів тому

    Gnaheun pisan aa. Hoyong belajar mohon ijin Bade ngapalkeun 🙏

  • @dewilanjar5556
    @dewilanjar5556 Рік тому

    Jang Anggi hatur nuhun,,abdi sanes urang sunda tp nuju diajar nyawer sunda,,mugiya sukses nya jang

    • @AnggiNestaOfficial
      @AnggiNestaOfficial  Рік тому +1

      Sami-sami pangersa, pamugi katampi kalayan kabingahan. Ngahaturkeun nuhun rehna parantos kersa diajar seni Sunda Sawer. 🙏

  • @ElaRangkas
    @ElaRangkas 27 днів тому

    Kang nyuhun keun iklas na kangge ngiring kana ieu kidung sunda pikeun belajar🙏

  • @nitasusilawati8256
    @nitasusilawati8256 Рік тому

    subhanallah asa emut jadi nganten deui...

    • @AnggiNestaOfficial
      @AnggiNestaOfficial  Рік тому

      Haturan salam pangbaktos pangersa, hatur nuhun parantos linggih ka ieu channel 🙏

  • @sidikpisan8537
    @sidikpisan8537 2 роки тому +2

    Auto subrekkkkk a...............tul ah sing sehat teras,,lanjut berkarya

    • @AnggiNestaOfficial
      @AnggiNestaOfficial  2 роки тому

      Hatur nuhun kang🙏😁, aamiin sami sami kang, urang mumule budaya urang.

  • @USUFSATE
    @USUFSATE 5 місяців тому

    Walaikum salam

  • @susilawatiathaya9443
    @susilawatiathaya9443 Рік тому +1

    kang Anggi htr nhn pisan,video akang kalintang ngabntos pisan k abdi nu nj d ajar nyawer,,🙏🏻

    • @AnggiNestaOfficial
      @AnggiNestaOfficial  Рік тому

      Sami sami teteh, haturan pamugi katampi kalayan kabingahan. Mung hapunten sakieu buktosna gening, tebih ka saena.🙏

  • @faisalapriyaldi8047
    @faisalapriyaldi8047 2 роки тому

    Abdi hyg ngahaleang kawih ieu tapi hyg karaukeanna

    • @AnggiNestaOfficial
      @AnggiNestaOfficial  2 роки тому

      Haturan wilujeng sumping di channel simkuring, mangga kang abdi ieu ninggal conto ti channel SAGAVIYA, tiasa langsung di sumpingan ka channel kawitna. Nami Channelna SAGAVIYA.

  • @BoyBoy-mj5io
    @BoyBoy-mj5io 2 роки тому +3

    Nyuhunkn instrumen kacapi pengring sawer na

    • @AnggiNestaOfficial
      @AnggiNestaOfficial  2 роки тому

      Wilujeng sumping di channel simkuring kang, hapunten kanggo pamirigna simkuring teuacan gaduh. Mung upami teu lepat mah dina channel sanes aya Kang. 🙏

  • @evibnjr8540
    @evibnjr8540 2 роки тому +1

    bagus

  • @melinopiyanti5123
    @melinopiyanti5123 2 роки тому

    Mantul terus berkarya

  • @kang_diam
    @kang_diam 2 місяці тому

    Sae pisan a
    Izin copas a

  • @renitia5884
    @renitia5884 2 місяці тому

    Izin belajar kang 🙏

  • @windiamelida6330
    @windiamelida6330 2 роки тому

    Saeee a

  • @AjiKomarudin-qw9xt
    @AjiKomarudin-qw9xt Рік тому

    Sami nyuhunkeun rek na kang

  • @JunaediLengser
    @JunaediLengser 3 місяці тому

    ❤❤

  • @henik6676
    @henik6676 2 роки тому +1

    pami tiasa request kidung sungkemanna, hatur nuhun.

    • @AnggiNestaOfficial
      @AnggiNestaOfficial  2 роки тому

      Haturan wilujeng sumping di channel simkuring, insha Allah manawi bade dipilari heula Rumpaka na. 🙏

  • @user-rp8hv3vl6d
    @user-rp8hv3vl6d 2 місяці тому

    Assalamualaikum.kang punten tiasa bde nyungken sawer kanggo perpisahan SD

    • @AnggiNestaOfficial
      @AnggiNestaOfficial  2 місяці тому

      Waalaikumsalam. Kin manawi urang nyobian ngadamel rumpakana pangersa. Diantos

  • @leniroyalaini9825
    @leniroyalaini9825 Рік тому

    sumuhun kang, pami aya mah nyungkeun iringan kacapina

  • @wigakusumah7417
    @wigakusumah7417 Рік тому

    buatin pengiring mapag penganten dong kang😊

  • @ruspandijogja6064
    @ruspandijogja6064 10 місяців тому

    Hoyong video na, cep

    • @AnggiNestaOfficial
      @AnggiNestaOfficial  10 місяців тому

      Hatur nuhun pangersa manawi urang ngadamel anu aya videona. 😁🙏

  • @dianherawati8299
    @dianherawati8299 2 роки тому

    Abi nuju di ajar nyawer panganten. hatur nuhun

  • @etikurniati1690
    @etikurniati1690 Рік тому

    Boleh di share dong a teknya

  • @sman1pancertu272
    @sman1pancertu272 Рік тому

    boleh dong di share juga musik nya aja

  • @pupuhpadilah3960
    @pupuhpadilah3960 2 роки тому +3

    Kang nyuhunkeun teks sungkeum pangantenna punten 🙏

    • @AnggiNestaOfficial
      @AnggiNestaOfficial  2 роки тому

      Eeuleuh, sungkemna nya kang? Kaleresan di abdi teuacan aya, manawi ke urang Milarian. 🙏

    • @pupuhpadilah3960
      @pupuhpadilah3960 2 роки тому

      @@AnggiNestaOfficial mangga kaang, diantos nya

    • @pupuhpadilah3960
      @pupuhpadilah3960 2 роки тому

      Sungkeman sareng mapag pangantenna kang 🙏🙏

    • @AnggiNestaOfficial
      @AnggiNestaOfficial  2 роки тому

      @@pupuhpadilah3960 mangga manawi urang korehan heula dina paririmbon na kang 🤣 (paririmbon=google)

    • @pupuhpadilah3960
      @pupuhpadilah3960 2 роки тому

      @@AnggiNestaOfficial eteh atuh sanes akang Abi mah 🤭😃

  • @muhammadapippaturahman7843
    @muhammadapippaturahman7843 8 місяців тому

    kang izin nganggo lirik na haturnuhun 🙏🏻

  • @priatnawijaya7802
    @priatnawijaya7802 2 роки тому +1

    asalamualikum akang nyuhunken teks sawerana.

    • @AnggiNestaOfficial
      @AnggiNestaOfficial  2 роки тому

      Waalaikum salam akang sakedap, manawi urang korehan heula 😁😆

    • @AnggiNestaOfficial
      @AnggiNestaOfficial  2 роки тому

      Kang mangga tos sayogi dina rohangan deskripsi. 🙏

    • @priatnawijaya7802
      @priatnawijaya7802 2 роки тому

      @@AnggiNestaOfficial muhun akang, akang gaduh instrumen sareng pngiringna?

    • @AnggiNestaOfficial
      @AnggiNestaOfficial  2 роки тому

      Kaleresan teu acan gaduh kang 🙏

  • @kamalalafghani4003
    @kamalalafghani4003 2 місяці тому

    Aya mp3 instrumen pengiring?

  • @veylutvia6337
    @veylutvia6337 2 роки тому

    Kang izin download buat saya puter ketika ngemsi boleh? Hatur nuhunnn

    • @AnggiNestaOfficial
      @AnggiNestaOfficial  2 роки тому

      Mangga teh, sareng nyuhungkeun di sebatkeun bae sumberna nya teh supados janten bahan promosi hehee....

  • @nungns8971
    @nungns8971 Рік тому

    aa abdi palany intrumen sawer anu di kaluarkeun ku sagaviya dupi aya link na manawi?

  • @driandanusasmita1919
    @driandanusasmita1919 Рік тому

    Upami backsong anu di anggo naon nyak kang?

  • @BulleDimroh-ry3gc
    @BulleDimroh-ry3gc Рік тому

    Ingin bahasa indonesia

  • @TanggaNada-ss3hd
    @TanggaNada-ss3hd 3 місяці тому

    Kak ..ada teks nya berupa pdf ga..mau donk kak

  • @srim7574
    @srim7574 Рік тому

    Punten kang, kersa nampi kanggo nyawer? Nyungkeun alamatna

    • @AnggiNestaOfficial
      @AnggiNestaOfficial  Рік тому

      Haturan wilujeng sumping Teteh, hatur nuhun parantos sumping di channel simkuring. Kanggo alamatna di Jl.Pak Gatot Raya No. 20B Gegerkalong, Sukasari Bandung. Atanapi tiasa ngahubungi nomor WA : 085284020872

  • @etikurniati1690
    @etikurniati1690 Рік тому

    Boleh di share dong a teknya

    • @AnggiNestaOfficial
      @AnggiNestaOfficial  Рік тому

      Parantos aya dina deskripsi pangersa, mangga tiasa di tinggal palih dinya kantun di klik