8 Tingkatan naraka sareng penghunina | Nadzom Sunda

Поділитися
Вставка
  • Опубліковано 21 жов 2024
  • Terimakasih untuk selalu mendukung channel ini! Jangan lupa tinggalkan jejak ya.
    Semoga video nya bermanfaat, do'akan juga semoga Risma dan pembaca sehat-sehat dan di lancarkan urusan baik dunia maupun akhirat. Aamiin.
    Follow : @rismayunita07_
    Bismillah abdi ngawitan
    Ngadamel ieu nadzoman
    Ieu sanes ngawartosan
    Tetapi kangge ngemutan
    Saur hiji katerangan
    Naraka aya dalapan
    Na masing-masing tingkatan
    Eta aya nu ngeusian
    Jahannam nu kahijina
    Naraka nu pangluhurna
    Ieu nu ngeusian nana
    Ummat Muhammad saurna
    Ummat anu maksiatna
    Dosa geude dilampahna
    Diakhir-akhir taubatna
    Nepi kaburu maotna
    Nu munafik nu doraka
    Nu kafir nu teu nurutna
    Kana parentah Allohna
    Resep pisan ngalanggarna
    Di jahannam disiksana
    Nepika beak dosana
    Dina surat at-taubahna
    Ayat genep dalapan na
    Naraka nu kaduana
    Naraka saqor ngarana
    Ieu mah anu ngeusina
    Jalma nu tara sholatna
    Disebatkeun dina Qur’an
    Almudatsir sok tingalan
    Ayat opat puluh dua
    Opat tilu disebatan
    Jalma nu sok cacarita
    Kagorengan nu liana
    Jalma nu tara sedekah
    Padahal harta berlimpah
    Naraka nu katiluna
    Huthomah eta ngarana
    Ieu mah anu ngeusina
    Kanu resep ngadu domba
    Ka jalma nu resep ghibah
    Ngupat ninggalkeun ibadah
    Neangan harta teu nyerah
    Kitu saur Al-humazah
    Naraka nu ka opatna
    Naraka Jahim ngarana
    Ieu mah anu ngeusina
    Ka jalma anu musyrikna
    Naraka Jahim kacida
    Apina menyala-nyala
    Dina Assyu’aro aya
    Ayat salapan hiji na
    Naraka nu kalimana
    Naraka Ladzo ngarana
    Ieu mah anu ngeusina
    Nu ngadustakeun agama
    Jejak setan diturutan
    Ngajauhan kabeneran
    Saur surat Al-lail na
    Ayat ka opat belasna
    Naraka nu kagenepna
    Naraka wail ngarana
    Ieu mah anu ngeusina
    Tukang dagang nu culasna
    Sok licik dina timbangan
    Takaran na dikurangan
    Al-muthoffifin nerangan
    Muga janten pertimbangan
    Naraka nu ka tujuhna
    Naraka Sa’ir ngarana
    Ieu mah anu ngeusina
    Ka Alloh nu ngabantahna
    Dzolim samasa hirupna
    Harta yatim didaharna
    Ieu mah dijelaskeuna
    Al-ahzab genep limana
    Hawiyah kadalapan na
    Naraka nu panghandapna
    Jurang jero jeung poekna
    Pikeun jalma munafikna
    Ya Alloh abdi hampura
    Dosa ibarat sagara
    Amal hade henteu boga
    Diri lamokot ku dosa
    Mugi-mugi ditebihkeun
    Naraka nu kacaturkeun
    Tobat amal ditingkatkeun
    Muga Alloh ngahapunteun
    #Pupujiansunda #nadhomsunda #syiiransantri #syairansunda #santrisalafy #siksa #sholat #adzab #qur'an #maot #ajal #ngaji #maot #ajalgeusdatang #dunia

КОМЕНТАРІ • 6

  • @AriAristya-k9r
    @AriAristya-k9r 6 місяців тому

    Assllamuallaikum neda ridho badr di amalken kangge murangkalih htr nuhun syairan nadom na mga mnfaat tur barokah kangge nu tos ngdamel

  • @saungpensiun
    @saungpensiun 6 місяців тому +1

    Hatur nuhun pepelingna, mugia katarampi ku dulur2 urang dimana wae Ayana. Sareng mugia Chanel ieu sing Istiqomah

    • @rismayunita
      @rismayunita  6 місяців тому

      Aamiin yaa robbal aalamiin

  • @احمدالزعبي-ح5ث
    @احمدالزعبي-ح5ث 6 місяців тому

    اللهم صل وسلم وبارك على سيدنا محمد وعلى آله وصحبه أجمعين وسلم تسليما كثيرا
    استغفرالله العظيم واتوب اليه

  • @yannsa927
    @yannsa927 6 місяців тому

    hallo kak