Gusti urang sarerea Kanjeng Nabi anu mulya Muhammad jenenganana Arab Kures nya bangsana Ramana gusti Abdullah Ibuna Siti Aminah Dibabarkeunna di Mekah Wengi senen taun gajah Robiul awwal bulanna Tanggal kadua welasna April bulan masehina Tanggal kaduapuluhna Ari bilangan taunna Lima ratus cariosna Tujuh puluh panambahna Sareng sahiji punjulna Siti Aminah misaur Waktos babarna kacatur Ningal cahya mani ngempur Dibumina hurung mancur Babar taya kokotoran Orok tos kenging nyepitan Soca lir kenging nyipatan Sarta harum seuseungitan Medal Nabi ahir jaman Pirang-pirang kaanehan Sesembahan bangsa setan Kabeh pada raruksakan Nabi yuswa lima bulan Geus yasa angkat-angkatan Yuswana salapan bulan Geus capetang sasauran Yuswana sapuluh bulan Yasa ameng papanahan Ngelehkeun budak nu lian Tapi tara kumagungan Parangina Kanjeng Nabi Jatnika pinuh ku puji Pinter tur gede kawani Sabar nyaah ka sasami Keur opat taun yuswana Diberesihan manahna Nabi dubeulah dadana Malaikat nu meulahna Jibril kadua rencangna Mikail jenenganana Ngeusikeun kana manahna Elmu hikmah sapinuhna Tuluy dada kanjeng Nabi Gancang dirapetkeun deui Sarta teu ngaraos nyeri Dicap ku hotaminnabi Harita Nabi ayana Di lembur ibu inangna Halimah jenenganana Sadiah ngaran lemburna Rama Nabi kacaturkeun Pupusna kacarioskeun Basa Nabi dibobotkeun Dua sasih kaunggelkeun Keur lima taun yuswana Ditinggal pupus ibuna Tuluy dirawat eyangna Abdul mutolib asmana Kersana robbul’alamin Kanjeng Nabi nu prihatin Yuswa dalapan taun yakin Eyangna mulih ka batin Sabada wapat eyangna Nabi dirawat ua na Abi Thalib kakasihna Saderek teges ramana Kanjeng nabi sering pisan Dicandak ka nagri Syam Sok nyandak barang dagangan Di dinya teh pajeng pisan
Mun hyg lirik kawas kieu mah dongkap ka ponpes asogiri emang asalna santri asogiri tanah baru bgr
Gusti urang sarerea
Kanjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenenganana
Arab Kures nya bangsana
Ramana gusti Abdullah
Ibuna Siti Aminah
Dibabarkeunna di Mekah
Wengi senen taun gajah
Robiul awwal bulanna
Tanggal kadua welasna
April bulan masehina
Tanggal kaduapuluhna
Ari bilangan taunna
Lima ratus cariosna
Tujuh puluh panambahna
Sareng sahiji punjulna
Siti Aminah misaur
Waktos babarna kacatur
Ningal cahya mani ngempur
Dibumina hurung mancur
Babar taya kokotoran
Orok tos kenging nyepitan
Soca lir kenging nyipatan
Sarta harum seuseungitan
Medal Nabi ahir jaman
Pirang-pirang kaanehan
Sesembahan bangsa setan
Kabeh pada raruksakan
Nabi yuswa lima bulan
Geus yasa angkat-angkatan
Yuswana salapan bulan
Geus capetang sasauran
Yuswana sapuluh bulan
Yasa ameng papanahan
Ngelehkeun budak nu lian
Tapi tara kumagungan
Parangina Kanjeng Nabi
Jatnika pinuh ku puji
Pinter tur gede kawani
Sabar nyaah ka sasami
Keur opat taun yuswana
Diberesihan manahna
Nabi dubeulah dadana
Malaikat nu meulahna
Jibril kadua rencangna
Mikail jenenganana
Ngeusikeun kana manahna
Elmu hikmah sapinuhna
Tuluy dada kanjeng Nabi
Gancang dirapetkeun deui
Sarta teu ngaraos nyeri
Dicap ku hotaminnabi
Harita Nabi ayana
Di lembur ibu inangna
Halimah jenenganana
Sadiah ngaran lemburna
Rama Nabi kacaturkeun
Pupusna kacarioskeun
Basa Nabi dibobotkeun
Dua sasih kaunggelkeun
Keur lima taun yuswana
Ditinggal pupus ibuna
Tuluy dirawat eyangna
Abdul mutolib asmana
Kersana robbul’alamin
Kanjeng Nabi nu prihatin
Yuswa dalapan taun yakin
Eyangna mulih ka batin
Sabada wapat eyangna
Nabi dirawat ua na
Abi Thalib kakasihna
Saderek teges ramana
Kanjeng nabi sering pisan
Dicandak ka nagri Syam
Sok nyandak barang dagangan
Di dinya teh pajeng pisan
Hadir dan nikmati hiburan kami di teras ... salam dukuh
Ari ngadangu nadoman sok bingah margi hobi pisan nadom teh
Uapami teu Ka abotanmah teksna di aplod
Salam ti Cimande kang
Hoyong ngobong teh ngan teu aya ker bekel na😌😌
Assalamualaikum kang pakai lirik dong biar bisa ikutan bareng lokalnya
Asa wauh
An nargowani hadir
Kiyai hj komar lain mang🙏🙏🙏
saha eta?
punten kang santri tajurna palih mna nya
Paling kidul
Lagam ashogiri nya kang
muhun
Pokalnya keren pake lirik dong
Punten kang, minta lirik full nya boleh
punten kang tajur na palih mna
abdi ti
emg kunaon kang
@@pemburuberkat864 hoyong tetang ge kang avdi ti pasir angin ngarenge nadoman na ngenahen
hoyong terang
@@tiaamelia5385 abdi tajur palih wetan
Santri hj. Aab apal teu?
Tajur mana eta
citeureup
Dukuh sanes urang ti babskan
liriknya apa ya tulis dong di komen
ηαηι кαιηα ѕн
maksudna?
@@pemburuberkat864 ηαмι кιαι ηα ѕαнα
Saha nya?