Nadzom Sunda tafakuraneun urang sadayana

Поділитися
Вставка
  • Опубліковано 10 січ 2024
  • Terimakasih untuk selalu mendukung channel ini! Jangan lupa tinggalkan jejak ya.
    Semoga video nya bermanfaat, do'akan juga semoga Risma dan pembaca sehat-sehat dan di lancarkan urusan baik dunia maupun akhirat. Aamiin.
    Follow : @rismayunita07_
    From Channel : Ust. Hadad Hasby Official
    Gusti Alloh tos ngadawuh # dina Qur’an tos di wuwuh
    Ari kiamah pakewuh # sakabeh gunung raruntuh
    Gunung-gunung talabrakan # caah lauk ka daratan
    Hancur sakabeh hayawan # jalma taya kasadaran
    Ti ayeuna bebekelan # pikanyaah eta badan
    Saacan datang panggilan # tugas asup ka kuburan
    Didinya makhluk ngagelar # karumpul di arah mahsyar
    Rasa halabhab jeung lapar # cing jarerit cing galewar
    Iwal jalma anu to’at # anu kersa syukur nikmat
    Nu turut kana amanat # ka Gusti Alloh nu rohmat
    Pikeun doraka ripuh # awak karasa di sipuh
    Ku panon poe nu tujuh # henteu aya keur nyalu’uh
    Didinya ngadaragoan # buku anu panghisaban
    Mariksa amal-amalan # ngarepkeun kasalameutan
    Gusti Alloh marentahkeun # terus buku di awurkeun
    Diparilihan ku anjeun # padahal buku apaleun
    Buku datangna sorangan # sabab apal ka dunungan
    Dibukakeun ku sorangan # ditempo ka kaduhungan
    Karasana teh nalangsa # emut sakabehna dosa
    Hayang tobat geus teu bisa # iwal nandangan panyiksa
    Ari siksa di akherat # leuwih ripuh ti sakarat
    Moal aya anu kuat # karasa sa urat-urat
    Saterusna bakal nyorang # nyaeta marentas cukang
    Cukang nu kalintang leuwang # seukeut alabatan pedang
    Rupa-rupana tingkahna # kumaha eta amalna
    Aya anu ku sirahna # nu tara sujud tadina
    Aya anu kawas kilat # aya oge anu lumpat
    Nu bener maca syahadat # nu tara ninggalkeun sholat
    Pikeun nu tara ibadah # bakal leumpangna ku wajah
    Nu sok palsu dina sumpah # ngarasa sieun jeung susah
    Aya oge nu ngorondang # dina mentas eta cukang
    Nu teu bener mayar hutang # sholatna nu sok belang-belang
    Ari anu kawas kilat # pikeun nu tara maksiat
    Rikat dina waktu sholat # tiap waktu teu kaliwat
    Cukang nu kalintang panjang # seukeut alabatan pedang
    Leutikna moal kabayang # kumaha amal di urang
    Biwir teu bisa nyarita # ngan panangan anu meta
    Suku dua saksi nyata # urang rek kumaha peta
    Harta benda teu manfaat # anak teu mere syafaat
    Jalma iman anu to’at # anu ku Alloh di rohmat
    Jalma linglung nareangan # kacida abreng-abrengan
    Nyalahkeun diri sorangan # hayang aya nu nulungan
    #Pupujiansunda #nadhomsunda #syiiransantri #syairansunda #santrisalafy #siksa #sholat #adzab #qur'an #maot #ajal #ngaji #maot #ajalgeusdatang #dunia

КОМЕНТАРІ • 6

  • @user-sm5hh7nz9c
    @user-sm5hh7nz9c 6 місяців тому

    اللهم صل وسلم وبارك على سيدنا ونبينا وحبيبنا محمد وعلى آله وصحبه أجمعين وسلم تسليما كثيرا

  • @user-sm5hh7nz9c
    @user-sm5hh7nz9c 6 місяців тому

    لا إله إلا الله محمد رسول الله استغفرالله العظيم واتوب اليه

  • @user-sm5hh7nz9c
    @user-sm5hh7nz9c 6 місяців тому

    Htur nhun neng ppeling na nu sae cg manfaat cg jdi ibadah kngo neng nu nadom Salam hormat ti umi umar ❤🙏

    • @rismayunita
      @rismayunita  6 місяців тому +1

      Sami sami hatur nuhun umi parantos sumping di channel sim abdi mugia manfaat..

    • @user-sm5hh7nz9c
      @user-sm5hh7nz9c 6 місяців тому

      @@rismayunita d doa kn cg solehah pnjang umur mrah rejeki na. Cg slamet cg aya dna lindungan allah ♥

  • @user-sm5hh7nz9c
    @user-sm5hh7nz9c 6 місяців тому

    💚🤍💚🤍💚