KANG IBING D'KABAYAN NGARONDA (SISKAMLING)

Поділитися
Вставка
  • Опубліковано 18 лют 2021
  • De Kabayan kaasup grup lawak ti Tatar Sunda. Ieu group ti Kota Bandung teh diadegkeun ku 5 personil, nyaeta: Aom Kusman, Kang Ibing, Suryana Fatah, Wawa Sofyan, sarta Mang Ujang. De Kabayan mimiti dipikawanoh sakitar taun 1976 sarta kasohor pisan sabada Kang Ibing maen film Si Kabayan, babarengan Lenny Marlina (pemeran Nyi Iteung) taun 1975.
    Unggal personil De Kabayan ngabogaan ciri has dina merankeun peranna masing-masing. Kang Maman landian Kang Ibing ngawakilan urang Sunda anu boga sosok lugu. Balas ku luguna, Kang Maman sanggup ngajengkelkeun atawa ngalieurkeun ka lawan ngomong. Ari Aom Kusman nyaeta sosok playmaker, pangatur alur obrolan anu biasana jadi sosok pang-'waras'-na dina saban carita. Suryana Fatah nu landianna Koh Holiang, nyaeta sosok etnis Tionghoa anu cadu kudu eleh jeung ngomongna sok heuras, najan ngabingungkeun. Wawa Sofyan landian Mas Sastro jadi kaum abangan Jawa anu saeutik jumawa. Terahir aya sosok Mang Ujang, manehna jadi sosok urang Sunda anu saukur pelengkap sarta mere umpan lucu ka nu lianna.
    #d'kabayan#wawasopyan#tukangloak#kangmaman#massastro#kohholiang#bodorsunda#aomkusman#sandiwarasunda#dekabayan#ngaronda#bodorbaheula#bodorsundatahun90#kangibing#suwitapatah#kangujang
    #pikaseurieun
  • Комедії

КОМЕНТАРІ • 24