Hariring Peuting

Поділитися
Вставка
  • Опубліковано 3 жов 2024
  • Hariring Peuting
    Peuting nu jempling, maju ka wanci janari,
    Luhureun bentang, langit kahalangan mega,
    Jangkrik disada mapaesan hate nu sepi,
    Nyanyian alam, mupuas anu tunggara .
    Hariring peuting, ngingetkeun masa baheula,
    Urang paduduaan, sasarengan salamina,
    Anjeun kanyaah ati raga ka tresna,
    Kembang ka asih nu pinuh ku cinta.
    Hiliwirna angin, mapay sagara rasa,
    Mang neupikeun beja kahariwang ka salira,
    Sok inggis ku bisi, rempan ku sugan.
    Hariwang kagembang putus hareupan
    Hariring peuting, ngingetkeun masa baheula,
    Urang paduduaan, sasarengan salamina,
    Anjeun kanyaah ati raga ka tresna,
    Kembang ka asih nu pinuh ku cinta.
    Dalinding asih, mentangkeun rasa katresna,
    Mangnepikeun kahariwang ka salira,
    Sing bisa ngajaga, sagala rupaning dodoja
    Tentrem ayem tumarima hirup saayana.
    Hariring peuting, ngingetkeun masa baheula,
    Urang paduduaan, sasarengan salamina,
    Anjeun kanyaah ati raga ka tresna,
    Kembang ka asih nu pinuh ku cinta.
    Peuting nu sepi, nyumput handapeun bentang,
    Kuring ngalamun, bakal nyanding salira,
    Naha iraha, urang bakal patepang,
    Hariring peuting, nu abadi salawasna.

КОМЕНТАРІ • 6