Masya Allah Tabarakallah 😢 janten emut pun bapa alm. Upami nuju ngacapi & pun bibi nu ngawihna..Kembang Tanjung". Mugia alm/almh khusnul khotimah. Amiin 🤲
Nuhun Kang Admin parantos ngamumule lagu kawih Sunda. Sim kuring reueus. Waas, emut lagu lagu mang Koko ieu pisan anu ngajurung sim kuring diajar ngacapi, harita teh taun 1970. Ayeuna tos buyutan, umur ge tos majeng 82 taun. Teraskeun, mugia sukses, aamiin.
Meni waraas ngadangu lalaguang Mang Koko. Tiasa dimumule ku urang sunda..Mugi Husnul Khotimah. Dijembarkeun di alam kuburna. Dihapunten Sagala kaleupatana. Janteun Ahli Surga.
Masya Alloh ... Lagu Kembang Tanjung Panineungan ... Janten emut ka pun bapak jenatna, waktos pager betis, abdi dina kakandungan pun biang. Mugi Alloh nampi iman islamna pun bapak sareng pun biang. Aamiin
mani asa wararaas yaalloh, tangtos nu yuswana parantos 70 thnan kaluhur mah sapertos sim kuring ngadangu lagu2 karya mang koko teh mani nyerredet kana hate sok emut nonton dina piringa hitam romahpun teras kadienaken gentos kuradio, yaalloh janten kabayang dei nyoreang katukang 🙏🙏🙏
Na sok wa'as ngadangu sora kacapi jeng galindeng hariring sinden jadi inget jaman katukang kota bandung numasih keneh asri kota kembang jadi paninengan teu pabaliut kuandaran jeng pangbangunan runtah diungal walungan jalmina ges padet kenangan tinggal kenangan urang suda mah pinuh ku tatakrama na
Duh jadi emut ka Dasimah ngahaleuang disare'ngan kacapi suling Pa Barnas kusumah Lagu ciptaan Mang Koko ngalagena . Dina waktos mintonkeun Gamelan. Kantos kabumina Mang Koko kapungkur waktos bade acara di Gedung Merdeka sim abdi grup angklung. Kantun waasna.
Ya Allah...asa waas .nuju alit sareng pun bapa ngupingkeun tembang2.mang koko Alhamdullilah..tos umur 75 masih keneh nguping ..tembang mang koko.. Alfatihah..
Ari nyiptakeun lagu make rasa matak nyerep kana jiwa ,bari jg nu ngaqihna di teu asal ngawih ,matak emut nuju yuswa 20taunan asa hoyong ngora deui, hatur nuhun mang koko mugia aya dina romat gusti sarengditempat anu nikmat ,amiiin
Asa waas jaman katukang sok inget ka aki sim kuring karesepna lagu² Mang Koko diputer dina piring hitam.....hatur nuhun pamugi parapamiarsa pada sararehat. Aamin...
22:32😢 ya Alloh gusti nu maha suci, lagu panineungan keur SD taun 60 han mani wa'as, pun bapa nu nyuling, paman ngacapi, teteh ngawih, kuring ngarengkenek, handapeun lampu patromak, waaaas gusti lembur kuring panineungan, lereng gunung syawal
Usia tos 60 tahun, tos ngadangu nuju alit ge, tapi makna isi lagu nembe kalenyepan ayeuna. Isi lagu nyeritakeun seorang ibu lagi hamil ditinggal suami ditinggal berjuang pagar betis, dia memungut tanjung, akhir cerita suaminya meninggal ketika anaknya masih dalam kandungan. Sungguh luar biasa karya lagu ini diambil kusah dari masanya😊
Abdi hirup di luar negri tos 36 tahun..upami ngadangu lagu cianjuran emut ka lembur di tasik...mapay areuy, nyusuran jalan satapak ka masjid. Ngahurungkeun patromak. Harita nuju SD can aya listrik da memang abdimah urang kampung . Nineung pisan hoyong uih , emut ka lembur..Insha Allah tiasa liburan lebaran tahun ieu.❤❤
Masya Alloh 36 taun sanes waktu nu singkat nalika kedah ngumbara di nagara dengeun sakitu lamina. Tapi Alhamdulillah ku jaman teknolgi canggih teu karaos panginten ayeuna mah tiasa komunikasi, tiasa nyakseni lumangsungna kajantenan di lemah cai sacara langsung. Berkah Pangersa , Salam baktos salam kawilujengan 🙏🙏🙏
Karya seni mampu membuka lorong waktu kembali ke masa lampau, walau hanya ingatan. Alhamdulillah htr nuhun pangersa parantos mampir, salam baktos mugia sehat kalayan berkah
Pak koko ini tetangga saya.di jln jurang bdg.anaknya ,pak bastian guru olah raga saya di sma ikip bdg..alhamdulillah ada yg mengangkat pak koko di zaman ini..salam❤❤❤
Lagu ini menceritakan pengepungan DI TII yang dina makan pagar betis di gunung. Yang diceritakan di lagu itu meninggal ketika bertugas pagar betis tersebut sementara istrinya sedang mengandung.
Alhamdulillah emut ka taun 70 an nalika sim kuring nuju kelas 4 SD aya nu kampus ti SPG mantenna ngawih lagu kembang tanjung panineungan. Ah pokona mah waas. Mugia nu nyiptakeun ieu lagu ditempatkeun di tempat nu mulya mungguh Alloh swt. Alpatihah......
Betul sekali… lagu pertama menceritakan sejarah pengepungan gerombolan DI / TII yg dipimpin Karto Suwiryo. Seorang Prajurit yang gugur di medan perang, sementara istrinya sedang mengandung jabang bayi dirumah. Menyedihkan sekali seorang istri menunggu kepulangan suami dr medan perang yang datang ternyata jenazahnya 😭😭😭😭
Semoga karya masterpiece mg Koko jadi wasilah kebaikan buat dirinya, keluarga dan seluruh pecinta seni Sunda, aamiin aamiin Ya Alloh Ya Mujibassailin ❤❤❤❤❤
Dulu sering dengar lagu lagu mang koko melalui pasanggiri sekarang sekarang ga lagi padahal rindu sekali mudah mudahan mang koko ditempatkan ditempat yang paling mulia di sisi Alloh Swt
Sebenarnya mang koko ini sangat pantas mendapat gelar profesor atas prestasinya dibidang seni khususnya seni sunda Dan terbukti seniman sunda sekarang belum ada yang secerdas mang koko Itulah gelar yang didapat beliau bukan PROFESOR tapi gelarnya cuma EMANG sama dengan gelar para pedagang atau kuli.bangunan orang sunda lainnya Emmhh deudeuh teuing MANG koko Wios ku abdi mang koko disebat PROFESOR KOKO
Masya Allah Tabarakallah 😢 janten emut pun bapa alm. Upami nuju ngacapi & pun bibi nu ngawihna..Kembang Tanjung". Mugia alm/almh khusnul khotimah. Amiin 🤲
Aamiin
Nuhun Kang Admin parantos ngamumule lagu kawih Sunda.
Sim kuring reueus. Waas, emut lagu lagu mang Koko ieu pisan anu ngajurung sim kuring diajar ngacapi, harita teh taun 1970. Ayeuna tos buyutan, umur ge tos majeng 82 taun.
Teraskeun, mugia sukses, aamiin.
Aamiin…Alhamdulillah… berkah kanggo urang sadayana. Salam baktos pangersa mugia sehat kalayan bagja
Asa mulangkrun panineungan uih deui ka taun 1973 , 44:40
Duh gusti numaha agung hatur nuhun pisan Abdi di pasihan keneh yuswa janten masih tiasa ngadangukeun lagu l g kapungkur
Alhamdulillah…
Gnahatukeun nuhun kanu parantos nampilkeun lagulagu sunda kapungkur
Alfaatihah untuk almarhum Mang Koko 🤲
Al fatihah
Ya Allah Gusti NU agung meni kagagas emut NU ju alit meni yeredet Kana hate sumeblak KA namanah eta suwantena 👍👍🎻🎤
Alhamdulillah… berkah
Meni waraas ngadangu lalaguang Mang Koko. Tiasa dimumule ku urang sunda..Mugi Husnul Khotimah. Dijembarkeun di alam kuburna. Dihapunten Sagala kaleupatana. Janteun Ahli Surga.
Aamiin ya Robbal alamin
amiiin yaalloh yaroballallamiiin🤲
mugia mang Koko lugina bagja dialam padang poe panjang nagara tunjung sampurna gumulung sareng nu maha Agung
Aamiin Allohuma aamiin
Masya Alloh ... Lagu Kembang Tanjung Panineungan ... Janten emut ka pun bapak jenatna, waktos pager betis, abdi dina kakandungan pun biang. Mugi Alloh nampi iman islamna pun bapak sareng pun biang. Aamiin
Mugia Almarhum dihpunten dosa perdosana ditampi amal kasaeanna kalayan ditempatkeun ditempat anu mulya mungguh Alloh. Aamiin
mani asa wararaas yaalloh, tangtos nu yuswana parantos 70 thnan kaluhur mah sapertos sim kuring ngadangu lagu2 karya mang koko teh mani nyerredet kana hate sok emut nonton dina piringa hitam romahpun teras kadienaken gentos kuradio, yaalloh janten kabayang dei nyoreang katukang 🙏🙏🙏
Mugia barokah
Salam baktos pangersa htr nuhun parantos mampir 🥰🙏
Na sok wa'as ngadangu sora kacapi jeng galindeng hariring sinden jadi inget jaman katukang kota bandung numasih keneh asri kota kembang jadi paninengan teu pabaliut kuandaran jeng pangbangunan runtah diungal walungan jalmina ges padet kenangan tinggal kenangan urang suda mah pinuh ku tatakrama na
Muhun leres pisan, pangwangunan teh disagadengeun kamajengan tapi aya dampak negatifna nu teu ka hendel
Mendengar lagu ini membuat hati terasa ter'iris sedih JD teringat ma orang tua yg sudah meninggal dunia
Semoga almarhum diampuni dosanya ditempatkan ditempat yang mulya. Aamiin
Aduh saya jadi ingat orang tua yg sdh pulang ke Rahmat tulloh.
Semoga Almarhum diberikan ketenangan & ditempatkan di tempat paling mulya. Aamiin
Aslina sami teh.😭
Emut kuring SD..kls 2.karya Mang Koko..saheng dina radio..transistor..Ralien..jsbt...amin..mang koko mugia Husnul khotimah..
Aamiin
Nyeredet pisan kanu manah Ngadangukeun hariring ieu
Leres pisan
MasyaAllah emut ka pun Bilang sok ngahaleusnh ngalatih pupuh.
Pak Bastian putra Mang Koko adalah guru Olah raga waktu saya sekolah di IKIP Bandung
Duh mani sedih nguping ieu lagu emut ka pun biang sareng ka pun bapa
Berkah
Duh jadi emut ka Dasimah ngahaleuang disare'ngan kacapi suling Pa Barnas kusumah Lagu ciptaan Mang Koko ngalagena . Dina waktos mintonkeun Gamelan.
Kantos kabumina Mang Koko kapungkur waktos bade acara di Gedung Merdeka sim abdi grup angklung. Kantun waasna.
Alhamdulillah…
JOSS👍
Htr nuhun supportna… Gan 🙏
Inget jaman keur leutik ,,sok aki nyetel lagu iye Ari peuting ,meni waas❤
Waraas nyawang alam katukang
Pangeling ngeling ulah poho ka lemah cai ti Mang Koko .
Dimana bae urang ayana ulah hilap ka tempat asal .
leres pisan Pangersa…. Eta nu janten utami
😥😥😥😥 inget waktu kcil. Luntang lantung di sawah Bari jeng kapanasan ngangon embe.
Ti keur SD geus wawuh kana karya karya mang koko😢
Alhamdulillah,,, berkah
Sami2 wararaas waktu SMA th 60 han di grt, alhmd masih jagjag
Mang Koko Pejuang dan Maestro serta pakar Musik sunda..
Betul sekali….
alhamdulillah kantos sakali ka bumi putrana mang koko anu di Bandung.
Ya Allah...asa waas .nuju alit sareng pun bapa ngupingkeun tembang2.mang koko
Alhamdullilah..tos umur 75 masih keneh nguping ..tembang mang koko..
Alfatihah..
Al fatihah
Mugia barokah, htr nuhun pangersa parantos mampir, salam baktos mugia sehat kalayan berkah
Seueur juru kawih teu apaleun ka lagu ieu,hawatos teuing pami nudaya urang nu dakieu saena kagerus ku budaya deungeun.
Eleh kubudaya yaman
Mang koko tembang tembang na nyareredet kana hate asa jauh panineu ngan nuhun pisan
Leres pisan… karya” na abadi teu kasilih ku wanci… htr nuhu oge parantos mampir. Salam baktos🙏
Aduh ras jaman kapungkur....
Tangtos ka emut deui
Emut waktos ka pungkur, saparantos magrib ngariung.ngadangukeun tembang.
Ras kalembur
Alhamdulillah, mugia sing janten pangbeberah manah panglipur kalbu. Htr nuhun parantos mampir, salam baktos🙏
Ari nyiptakeun lagu make rasa matak nyerep kana jiwa ,bari jg nu ngaqihna di teu asal ngawih ,matak emut nuju yuswa 20taunan asa hoyong ngora deui, hatur nuhun mang koko mugia aya dina romat gusti sarengditempat anu nikmat ,amiiin
Aamiin Allohuma Ammiin
Hatur nuhun pangersa parantos mampir, mugia sehat kalayan berkah
Waas ngadangu lagu tanjung karya. Mang Koko mugia anjeuna salamina Aya Dina tempat NU Mulya mungguh Aloh SWT aamiin
Aamiin Allohuma Aamiin
Masya Allah ❤❤❤❤❤
Asa waas jaman katukang sok inget ka aki sim kuring karesepna lagu² Mang Koko diputer dina piring hitam.....hatur nuhun pamugi parapamiarsa pada sararehat.
Aamin...
Alhamdulillah mugia barokh. Aamiin
Hai warga garut lestarikan budaya sunda, selempungan, pantun beton, degung, wayang golek, degung, mainan gatrik
😢😢😢 emut jaman nuju sakola sr ayena TOS usia 70
Berkah kawihna,,,
Berkah yuswana pangersa
22:32😢 ya Alloh gusti nu maha suci, lagu panineungan keur SD taun 60 han mani wa'as, pun bapa nu nyuling, paman ngacapi, teteh ngawih, kuring ngarengkenek, handapeun lampu patromak, waaaas gusti lembur kuring panineungan, lereng gunung syawal
Mugia sing janten pangemut” kasaean mantena
Kakawihan jaman simkuring smp tahun 60 an
Sampurasun alhaaaamdulilaaah nguping lagu tenang adeum
Alhamdulillah matak tingtrim kana ati
Mugia langgeng lagu nu te aya nunyamian dugi sangat ayeuna. Ciptaan Eyang. Koko
❤❤
Leres pisan… mugia karya na sing janten amal kasaean kanggo Anjeunna. In syaa Alloh
Lirik nya jadi panggieung/nasehat bg semua pendengar nya.
suport sllu kawan.
smga sukses.
Leres pisan, berkah kanggo sadayana🙏
Anaking jimat awaking bahasa sangat bermakna
Nilai Syairnya sungguh ilmiyah, itulah hebatnya orang baheula.
Betul sekali , makasih dah mampir kak
Usia tos 60 tahun, tos ngadangu nuju alit ge, tapi makna isi lagu nembe kalenyepan ayeuna. Isi lagu nyeritakeun seorang ibu lagi hamil ditinggal suami ditinggal berjuang pagar betis, dia memungut tanjung, akhir cerita suaminya meninggal ketika anaknya masih dalam kandungan. Sungguh luar biasa karya lagu ini diambil kusah dari masanya😊
Alhamdulillah
Keur barusan urang bengal pisan,slalu.t jln pahlawan seni sunda.
Htr nuhun parantos mampir
Aduuh mani waas kieu ,emut nj ngora
Berkah
Sanaos teu kajamanan ku sim kuring tapi karya Mang Koko ieu, mangrupakarya anu agung anu kedah dimumule ku urang Sunda.
Sapagodos pisan jati ulah kasilih ku junti
Emut ka mangkoko nuju bahela nuju masih jaman teu Acan kieu .ayena ngaheulas ngadangu kawihna❤❤❤😢😢
Muhun matak nineung 🥹🥹
Nyeredeet kana hate ya Allah emut keur leutik 😢,mugi mang Koko kenging tempat anu sae mungguh Allah Aamiin yra
Aamiin
Ya alloh gusti mani waraas 😢
Barakalloh
Dgn seni kita lbh byk /dkt semua makhluk alam dunia yg fana...,eling2 wurang kalah nu kotor geura seuseuhan.😢
Sae pisan pangersa, mugia janten pangemut kasaean kanggo urang sadayana
Abdi hirup di luar negri tos 36 tahun..upami ngadangu lagu cianjuran emut ka lembur di tasik...mapay areuy, nyusuran jalan satapak ka masjid.
Ngahurungkeun patromak. Harita nuju SD can aya listrik da memang abdimah urang kampung .
Nineung pisan hoyong uih , emut ka lembur..Insha Allah tiasa liburan lebaran tahun ieu.❤❤
Masya Alloh 36 taun sanes waktu nu singkat nalika kedah ngumbara di nagara dengeun sakitu lamina. Tapi Alhamdulillah ku jaman teknolgi canggih teu karaos panginten ayeuna mah tiasa komunikasi, tiasa nyakseni lumangsungna kajantenan di lemah cai sacara langsung. Berkah Pangersa , Salam baktos salam kawilujengan 🙏🙏🙏
Alhamdulillah masih di paparin kasehatan emut nuju budak mulungan kembang tanjung dijln jawa di damelken klng sareng gelang ❤
Karya seni mampu membuka lorong waktu kembali ke masa lampau, walau hanya ingatan. Alhamdulillah htr nuhun pangersa parantos mampir, salam baktos mugia sehat kalayan berkah
lagu "mulung tanjung" meni sedih pisan nya.
Lagu paling Populer seantero Nusantara🥰🥰
Ya alloh emut nuju gadis nj sakola di SPG Gending karesmen Galunggung ngadeg tumenggung abdi ngiringan main waas ya alloh😂😂😂😂😂😂
Masya Alloh Tabarakalloh
Ngiring bingah pangersa janten pangemut” mangsa katukang. Salam baktos htr nuhun parantos mampir
Makana ayena urang dukung gubernur jabar KDM,numajuken budaya sunda budaya karuhun urang
Hayu urang rojong sasarengan
asa emut ka jaman keur alit
Alhamdulillah,,, janten pangemut” waktos kapungkur. Hatur nuhun parantos mampir🙏
Sok emut ka alm pun rama cinta pisan tembang sunda ti kapungkur ...karya mg koko srng cianjuran❤❤
Nu leres PUN BAPAK panginten sanes PUN RAMA😊
Waraas emut ka karya mang Koko, mugi anjeuna aya dina penampilan Allah SWt, Aamiin
Aamiin
Waas nuju jaman di SPG 1 Gatot Subroto, pa eson ,Sonjaya,sawanten na halimpu,manawi aya jumeneng keneh kitu? Ieu sareng murid Dedeh Kartilah.
Pak koko ini tetangga saya.di jln jurang bdg.anaknya ,pak bastian guru olah raga saya di sma ikip bdg..alhamdulillah ada yg mengangkat pak koko di zaman ini..salam❤❤❤
Luar biasa …Alhamdulillah bisa mengenang karya sang Maestro
Audiona tos diropèa rupina, janten langkung ècès..hatur nuhun..salamna ka seuweu siwi mang koko..
Muhun sakedik rada dilereskeun… hatur nuhun Pangersa saranna. Berkah🙏
Duh meni nineng ka idung,nusering ngahariring..asa cikeneh.aya ! 2taun tihela kungsi di parende padahal kuring geus umur 64 taun harita teh😂
Alhamdulillah saking betah di dunya,,, mugia barokah
Asa cikeneh padahaltos limapuluh taun kaliwat.
Asa inget kamanehna nu tos iawas pisah,boadimana boa dimendi urang bisa Panggih deui.
Upami ngadangu lagu kembang tanjung sok emut ka pun bapa anu tos teu aya margi anjeuna ngiring pager bitis ka gunung
Mugia Almarhum ditempatkeun ditempat anu mulya mungguh Alloh. Aamiin
Ngadangu kacapi suling sok sedih ,,
Mugia barokah
Smoga abah koko diterima iman islamnya
Aamiin
Ini asli sinden suara nya emas
Betul … suara asli dari Mang Koko dan Putrinya bu Ida
Upami riques lagu ieu,kuru kawih ngawalerna teu tiasa
Muhun leres pisan, padahal ieu teh Lagu paling Populer ngandung muatan sajarah kapungkur jaman DI TII
1:16 kawih katineng
Moal udar ku mangsa …
Abdi mah emut kuli di jln ABC ngaput baju saur rencang mang Koko tuang bako
Ngga Ngerti Apa Ya Maksudnya
Lagu ini menceritakan pengepungan DI TII yang dina
makan pagar betis di gunung. Yang diceritakan di lagu itu meninggal ketika bertugas pagar betis tersebut sementara istrinya sedang mengandung.
Betul sekali 🥲🥲🥲
Ssya teringat waktu kecil masih SD
Semoga menjadi pengenang… berkah
Sami Teh Yati, abd ge asa ngahelas, waktos SD 😢
Jadi inget ke mang udung penyiar radio Mora
Al fatihah
Mang Udung mah jeneng keneh nya? Nu tos tilar dunya mah bestiena, kang Wildan Nasution
😢😢😢😢😢❤❤❤❤
Ayena abdi tos umur 76thn
Alhamdulillah karya na masih tiasa dinikmati
Emut ka sepuh nu tos teu aya .. 😢
Alfatihah
Alhamdulillah emut ka taun 70 an nalika sim kuring nuju kelas 4 SD aya nu kampus ti SPG mantenna ngawih lagu kembang tanjung panineungan. Ah pokona mah waas. Mugia nu nyiptakeun ieu lagu ditempatkeun di tempat nu mulya mungguh Alloh swt. Alpatihah......
Bapak tilar dipakalangan
In syaa Alloh ,, sahid
Mengenang Almarhum guruku yg galak ,baik, dan menyenangkan
Smg Almarhum diberikan tempat yg pling mulia di sisi Allah SWT Aamiin YRA
Aamiin Allohuma Aamiin
Kantos fiwulang waktos penataran seni di bandungth 70han.
Ini lagu seperti kaya gending karesmen sedih ceritanya
Betul sekali… lagu pertama menceritakan sejarah pengepungan gerombolan DI / TII yg dipimpin Karto Suwiryo. Seorang Prajurit yang gugur di medan perang, sementara istrinya sedang mengandung jabang bayi dirumah. Menyedihkan sekali seorang istri menunggu kepulangan suami dr medan perang yang datang ternyata jenazahnya 😭😭😭😭
Semoga karya masterpiece mg Koko jadi wasilah kebaikan buat dirinya, keluarga dan seluruh pecinta seni Sunda, aamiin aamiin Ya Alloh Ya Mujibassailin ❤❤❤❤❤
Ì
Aamiin Allohuma aamiin
Makasih dah mampir🙏
Semoga lagu lagu mang koko terus nanjung di tatar Sunda juga diseluruh hati sanubari pencinta seni sunda Aamiin
Dulu sering dengar lagu lagu mang koko melalui pasanggiri sekarang sekarang ga lagi padahal rindu sekali mudah mudahan mang koko ditempatkan ditempat yang paling mulia di sisi Alloh Swt
Sunda baheula Taya lawan.
Maestro…
Ralat,kalah!
Waras ningal pamadangan d piring ku kscapian
Mugia barokah ..kakang
@SORASUNDA-s8r amiin mampir dulur
Alhamdu lillaah masihih tiasa ngupingkeun karya mang Koko.
@widiyawatiwisye3766 resep Abdi mah nu buhun
lagu dunda jaman penjajahan
Aduh meni nyeblak kna manah, emut nuju alit sok nembang srg pun lanceuk..😂
Mugia jntn pangbeberah manah
Sebenarnya mang koko ini sangat pantas mendapat gelar profesor atas prestasinya dibidang seni khususnya seni sunda
Dan terbukti seniman sunda sekarang belum ada yang secerdas mang koko
Itulah gelar yang didapat beliau bukan PROFESOR tapi gelarnya cuma EMANG sama dengan gelar para pedagang atau kuli.bangunan orang sunda lainnya
Emmhh deudeuh teuing MANG koko
Wios ku abdi mang koko disebat PROFESOR KOKO
Sapagodos pangersa kalih disebat Maestro, saupami dipaparin gelar Profesor