Wayang Golek GH2 Sutijah Gugur (Audio Kaset) - Ade Kosasih Sunarya

Поділитися
Вставка
  • Опубліковано 21 жов 2024
  • Tema : Upaya pelestarian kesenian wayang golek melalui media sosial.
    SINOPSIS SUTIJAH GUGUR
    Wayang golék ieu dirékam taun 1982, waktu Gunung Galunggung bitu.
    Sinigeug, di karaton Karajaan Caturpertala (di lapisan handap bumi kaopat), Retnayu Nagagini, putrina Sanghyang Antaboga atawa bojona Bima nu kadua, kasumpingan putrana Anterja. Maksud kadatanga Anterja nepangan ibuna téh ngemban tugas mikeun kalawarta (surat) ti uwana raja Amarta, Prabu Darmakusuma/Yudistira. Eusi suratna nyaéta ngondang Nagagini ngaluuhan acara panghargaan Béntang Séti ka adina, Gatotaca salaku Panglima Katentaraan nu tos 8 taun mancén tugas Ngabahureksa, ogé salaku kapala daérah di Mlajan Tengah. Salian ti Gatotkaca, nu bakal narima panghargaan Béntang Dharma nyaéta tokoh masarakat Lurah Semar Kudapawana.
    Waktu Anterja balik deui ka Amarta, teu kahaja jalanna nyasab ka wewengkon Trajutisna nu harita dikawasa ku Sutijah (Prabu Nalakasura Boma) putrana Batara Kresna. Di wewengkon Trajutisna éta, Anterja manggihan layon jalma nu tos ruksak. Awakna dimutilasi bacacaran. Sabada diteges-teges, sihoréng layon éta téh Purwaganda, putrana Batara Kresna ogé tapi béda indung. Sabada ditalungtik, sihoréng nu maéhan Purwaganda téh dulurna sorangan nyaéta Sutijah. Antukna Anterja aporan ka Batara Kresna nu harita tos ngarumpul di Amarta.
    Carios salajengna mangga bandungan dugi ka réngsé. Hapunten bilih audiona rada kiang saé.

КОМЕНТАРІ • 27

  • @phoebertiansyah3083
    @phoebertiansyah3083 3 роки тому +4

    Assalamu 'alaikum 🙏hatur nuhun kang Kang Ade Kosasih Dalang favoritku 😊👌

  • @amongahmad-hm1my
    @amongahmad-hm1my Рік тому

    Memang kh ade ks sang maestro teu aya duana, idola ti nj jaman smp..

  • @hendrayusuf592
    @hendrayusuf592 2 роки тому

    ahirna aya oge nu nga aplod Sutija Gugur ti ki dalang ADE KOSASIH Sunarya , kantun AUDIO na kedah di perbaiki, , mantap lah siip

  • @hadikustiaman3712
    @hadikustiaman3712 Рік тому

    Hatur nuhun pangersa...!
    PKSWG nyakseni...!

  • @andiwijaya1074
    @andiwijaya1074 3 роки тому

    Hatur nuhun kana tayangan nana

  • @ratihratnawati9594
    @ratihratnawati9594 3 роки тому

    Ngadangu lalakon ieu teh baheula sekitar taun 80an lah...dinu radio..
    Sanaos tos terang ge anggr we hoyng ngadangukn deui mah ...👍
    Htr nhn ah...🙏

  • @cececc691
    @cececc691 3 роки тому

    Mantap 👍👍👍

  • @ibubpk1468
    @ibubpk1468 3 роки тому

    L s .Citra Kania . . .👍👍👍

  • @pepensupendi9641
    @pepensupendi9641 3 роки тому

    Hatur nhun katampi pisan.

  • @yanyannurdiansah2772
    @yanyannurdiansah2772 3 роки тому +1

    Hanjakal tos gaduh kasetna . . . . tapi hatur nuhun pisan

    • @AkoerLah
      @AkoerLah  3 роки тому

      @Yanyan nurdiansyah : Masih gaduh koleksi kaset pita Ade Kosasih?

    • @yanyannurdiansah2772
      @yanyannurdiansah2772 3 роки тому

      @@AkoerLah gaduh ngan sakedik

    • @AkoerLah
      @AkoerLah  3 роки тому

      @Yanyan nurdiansyah : Lalakon naon wae? Ieu koleksi ti Ade Kosasih ampir seep.

    • @yanyannurdiansah2772
      @yanyannurdiansah2772 3 роки тому

      @@AkoerLah teu gaduh nu aneh , ampir sami sareng nuaya dina youtube / internet

  • @bagjabi6700
    @bagjabi6700 3 роки тому

    Ki dalang faporit...Ade kosasih sunarya

  • @haifalputra6908
    @haifalputra6908 3 роки тому

    mntap mang

  • @sigitkurniawan8724
    @sigitkurniawan8724 3 роки тому

    Hatur nuhun pisan...akhirna tiasa nguping lakok ieu versi dalang sanesna salian ki asep sunandar...
    Upami lakon samba juwing na aya versi golek? Samentawis panalungtikan tokoh sutija teh aya oge nu nyebat saleresna tokoh anu kafitnah ku gagabahna kaputusan kresna...kitu panginten... nyuhunkeun pandapatna...hatur nuhun

  • @undangsutardja9546
    @undangsutardja9546 3 роки тому

    Hatur nubun kang katampi lalakona.diantos nusanesna

    • @AkoerLah
      @AkoerLah  3 роки тому

      Sami-sami, wilujeng ngadangukeun.

    • @adangjunior461
      @adangjunior461 5 місяців тому

      Memang tos tarerang jaman ku kaset tapinya da hobi Abdi mah jaman jumeneng Ki Dalang oge dugi ka mana wae di dong kapan dugi ka tamat salam dari bp. Adang rahmat bodogol mekar jaya RC sari koriya bdg.

  • @kangsyam2187
    @kangsyam2187 3 роки тому

    Boma nalakasura téa kang?

    • @AkoerLah
      @AkoerLah  3 роки тому

      Muhun, gelar sabada jadi raja di Trajutisna.

  • @merihandayani789
    @merihandayani789 3 роки тому

    Donlot

  • @indragaming9931
    @indragaming9931 3 роки тому

    Asep Sunandar kang

    • @AkoerLah
      @AkoerLah  3 роки тому +1

      Pan anyar keneh ti Asep Sunandar mah. Karunya ka penggemar dalang salian ti Asep Sunandar.