Panggeuing Batin Cicih Cangkurileung

Поділитися
Вставка
  • Опубліковано 20 вер 2024
  • Panggeuing Batin - Cicih Cangkurileung
    =============================
    :::::::: RUMPAKA :::::::::
    Hayu urang eling
    Eling ka purwa daksina
    Urang teh asal ti mana, aduh....
    Sareatna hayu urang amal
    Nu kadar didama-dama
    Kuma cara migawena
    Disarengan ka gustina
    Nu ngayakeun urang sadaya
    Ari mungguh hakekatna
    Hungkul ku pangersa Allah
    Singkahan jalan nu goreng
    Pigawe jalan nu hade
    Geten ka Ibu ka Rama
    Taat kana piwurukna
    Hayu urang ti ayeuna
    Sangkan mulya lahir batin
    Meungpeung keur hirup di dunya
    Hayu geura saradia
    Yakin urang sawadina
    Amal keur sampeureun tea, Gusti...
    Sujud nyembah ka Gustina
    Di ahir moal sulaya
    Yakin ieu bakal nyata
    sangkan dihampura dosa
    Gening aya paribasa
    Indung teh tunggul rahayu
    Bapa teh tangkal darajat
    Dina katerangannana
    Alloh moal ngahampura
    Mun teu dihampura ku Ibu Rama
    Sabab urang bakal maot
    Kade ulah kajongjonan
    Hilap kana kawajiban
    Dipundut ku nu rahayu
    Dicandak ku nu kawasa
    Ku renghap nu panganggeusan
    Ngabengkang kantun balusa
    Dicabut ku malaikat
    Tangtu urang teh sakarat
    Nyawa ngangseug mapay urat
    Beak tempot kudu pindah
    nyampeurkeun ka alam barjah
    Geus waktu niggalkeun lembur
    Ngajugjug ka alam kubur
    Meunang ngali geus diukur
    Mahi keur awak sakujur
    Geura dulur, menang ngali geus diukur
    Mahi keur awak sakujur
    Rek naon anu dibawa
    Duit loba sawah lega
    Meunang ngumpul-ngumpul tea
    Belaan napsu pasea
    Meunang tisuksruk tidungdung
    Nu sok adigung
    Kana solat mabok linglung
    Waktu jakatna ge embung
    Ibadah kateler-teler
    Nepi ka nyanghulu ngaler
    Di tengah imah ngagoler
    Ngajolopong diruruban
    Diriung ditarungguan
    Diriung ditarungguan
    Lagadar datang pasaran, Deudeuh...
    Nyaah ge bati lumengis
    Geumpeur pacampur jeung waas
    Setan mah seuri mupuas
    Harta anu ngundung-ngundung
    Pakean duit satangtung
    Ngan make boeh asiwung
    Ditambah kai jeung padung
    Lawang geus ditutup
    Hanjakal waktu keur hirup
    Talangke bet henteu sanggup
    Paingan Rosul ngelingan
    Dunya mah pangumbaraan
    Naha bet kamalinaan
    Tongboy henteu nyubadanan
    Duh gening enggeus nyangkorah
    Rup ku ku padung rap ku lemah
    Poek rupek jeung tugenah
    Ngarumas nunggelis susah
    Duh saha nu rek maturan
    Geusan cicing babarengan
    Mana sobat mana dulur
    Gening baralik ka lembur
    Henteu maturan di kubur
    Sumawon nambahan umur
    Oge harta banda kuring
    Nu dipuhit beurang peuting
    Cik mana nu rek ngadeking
    Gening geus kieu mah
    Kuring hanjakal
    Teu getol sadia amal
    Ngan amal nu jadi bekel
    Hanjakal nurut ka embung
    Ngan harta nu digugulung
    Ayeuna gening kaduhung
    Naon ge panyinglar sedih
    Ati ceurik nyata peurih
    Nahan ku ci mata getih
    Harta mah gening teu nolih
    Teu kurang nu nganasehat
    Enggeus ulah rek sasambat
    Teu guna enggeus kaliwat
    Tong hantem hahanjakalan
    Pan teu kurang anu ngelingan
    Pek tanggung jawab sorangan
    Geura jawab pariksaan
    Peremutan parantosan
    mangga urang lalnyepan
    Sugan sinareng jeung sugan
    Ngajadi kamaslahatan
    Ku nguping ieu pepeling
    Mugi sing jadi panggeuing

КОМЕНТАРІ • 102

  • @Ini_HS
    @Ini_HS  3 роки тому +4

    Kanggo Seni Sunda sanesna tiasa ngalongok www.sundakahiji.blogspot.com. Hatur nuhun, Rahayu...

  • @amansugaman2459
    @amansugaman2459 4 роки тому +1

    السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ
    Muhun bu Hj Cicih sowantena has pisan, empuk-halimpu-hipu lah, sanaos tos radai sepuh oge.

  • @nengawahyuni1153
    @nengawahyuni1153 3 роки тому +1

    Inget Almarhum kedua orangtuanya😭😭😭...bapak suka lagu ini...😭😭😭seiring muter jd sedih ..😭😭😭smga jd Amalan LBH mendekatkan diri kepada Allah SWT...😭😭

  • @miftahurrachmat5635
    @miftahurrachmat5635 4 роки тому +1

    Rumaos seuer kaleupatan ka seupuh,hapunteun Ema+ bapa

  • @AbahMie
    @AbahMie 9 років тому +4

    Gusti Hyang Maha Ahung, nampi abdi bebendu Gusti...rumaos joledar kana ni'mat Gusti....mugia Gusti ngahapunten....Ahuung Tatya Ahuung....

  • @gopakbudakkulon7794
    @gopakbudakkulon7794 5 років тому +4

    Salam ti BANTEN ya Allah abdi hampura,Dosa ibu Rama Abdi sareng guru" Abdi sareng sadaya muslimin wal Muslimat,nyanggakeun sadaya daya ya Allah...

  • @adewahyan7721
    @adewahyan7721 11 років тому +4

    Rumpaka mawa riksa awak, mugi ieu penggeuing ngageuing hate anu keur sare, ngahudang rasa anu tos ilang,,,,,yen hirup aya tujuan anu pasti, lain itu lain ieu anging sumujud kanu kawasa

  • @rohmannanang4493
    @rohmannanang4493 3 роки тому +1

    gening hirupteh asa cikeneh sataun asa sabulan, sabulan asa saminggu, saminggu asa sapoe, sapoe asa cikenh mawa naon atuh urang balik lian ti mawa amal amal sapeuren jaga

    • @Ini_HS
      @Ini_HS  3 роки тому

      Leres Pisan Kang...

  • @anggiaanggi9756
    @anggiaanggi9756 5 років тому +2

    Hariring nu maha weuning..haleuang nu maha weunang..kawih pepeling ka urang sadaya na.

  • @nanasuhanasuhana1062
    @nanasuhanasuhana1062 6 років тому +3

    Masya alloh.ieu pangeling teukiat jeng waasna emut
    Ka punbiang masih hirup masihan nasehat
    Pangeling hirup ker didunya

  • @ProdusenKaosRaglan
    @ProdusenKaosRaglan 8 років тому +4

    Ya Allah,gusti nu agung, hapunten....abdi, jantenkeun abdi khusnul khotimah.......

  • @mamilesmana7408
    @mamilesmana7408 Рік тому +1

    Cianjur hadir keueung wanuhun tina persembahan lagu suda

  • @iwaniwan29
    @iwaniwan29 3 роки тому +1

    Inget ka urg padalarang baheula keur budak

    • @Ini_HS
      @Ini_HS  3 роки тому

      Duh c akang kalah curhat nya, hehe... Cobi anjangan kang...

  • @adityasyarifudin1022
    @adityasyarifudin1022 8 років тому +5

    Abdi lain urg sunda tapi ya Allah sedih euy meni ngeunah pisan eta tembag na

  • @ahmadnabil1973
    @ahmadnabil1973 6 років тому +1

    laaahhhhhh mini aral kermah hirup ngen lomba cobaan ngadangu ie lahhhh. mini aral abdi urang Banten NU goreng nasib ayena di Jakarta nganter ukur bisa ngalamun

  • @adityakusumayanti-jx4ty
    @adityakusumayanti-jx4ty Рік тому

    Benar....duit sama Harta....tidak akan di bawa ke kuburan...kalau kita mati mah yang di bawa hanya amal kebaikan...........

  • @amansugaman2459
    @amansugaman2459 4 роки тому +1

    السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ
    Enya lagu sunda mah lain dari pada lain, keur mah ngeunah kadengena, lain sakadar hiburan tapi pinuh ku papatah, pangeling ka diri sorangan sok lah teras keun bu H Cicih.

  • @dadichandiaman8918
    @dadichandiaman8918 7 років тому +5

    emut ka almarhum ibu sinareng rama, nguping kawih sunda,almarhum bapa abdi juara ka 1 pemain kendang terbaik ti ciamis sa jabar, festival di gelanggang generasi muda Bandung 1993 bapa Kamit Sumitr sanjaya..

  • @nisanovianti4656
    @nisanovianti4656 4 роки тому

    Aduh meni nyeredet rumaos seueur dosa yana garut timur hadir

    • @Ini_HS
      @Ini_HS  4 роки тому

      Hatur nuhun parantos kersa rurumpaheun... Rahayu...

  • @yayahbalebat6004
    @yayahbalebat6004 5 років тому +1

    Y alloh emut pn jadi ibu srng bpa anu ts te ay mg dtarima amal islm na dhampura dida,,na amin y alloh sing dtmpat kn dsurga mu y alloh

  • @dikdikhaerul7118
    @dikdikhaerul7118 8 років тому +6

    ie..pepeling ..anu kena pisan kana manah...ya allah mugia ngapunten dosa ibu rama abi...oge dosa abi ya alllah.....hatur nuhun kang...mugia tambih iman..amin

  • @warmanhabdurochim1659
    @warmanhabdurochim1659 9 років тому +5

    rumaos abdi seueur dosa mugia Alloh ngahapunten

  • @endangdarhadi9381
    @endangdarhadi9381 3 роки тому +1

    Duh....masya allah sedih pisan.emut ka keluarga nu tos te aya...

    • @Ini_HS
      @Ini_HS  3 роки тому

      Mugia sadayana aya dina rahmat sareng pitulung Allah... Aamiin...

  • @anangsuryaman3659
    @anangsuryaman3659 4 роки тому +1

    Allohu Akbar.....

  • @sesihanita4141
    @sesihanita4141 5 років тому +1

    sing saha nutos terang kadirina tangtos uninga kagustina amin mugia singkapendak.

  • @ukatmintarsa6297
    @ukatmintarsa6297 5 років тому +1

    Nyurucud cai panon abdi ari ras inget ka ema sareng bapak,hapunten abdi.

  • @ukatmintarsa6297
    @ukatmintarsa6297 5 років тому +1

    Ya Allah hapunten abdi,rumaos abdi joledar ka ema sareng balak(ema/bapak hapunten abdi) ya Allah sehatkeun ema sareng bapak abdi.

  • @raksawisesa2381
    @raksawisesa2381 9 років тому +1

    Ampun ... ampun!!! Aing taluk, narima éléh ku ieu rumpaka nu éndah kacida!!! Beuh ... nikmooot kuat ka ngaléhléh kieu ieu batin. Ampun ... Gusti

  • @udisupriadi799
    @udisupriadi799 5 років тому +1

    Lagu nu pinuh makna kahirupan

  • @udisupriadi799
    @udisupriadi799 6 років тому +1

    Salam ti putra kuningan nu aya dipangumbaraan

  • @nilamnina8615
    @nilamnina8615 5 років тому +1

    Nu komentar mani orang sunda sadayana euy...
    Lagu pepeling iye teh euy.....tiap2 yg berjiwa akan merasakan mati ..hadeuuhh baka geus inget ka ayat eta asa teu nyaman hirup di dunya ,tong sampe kaduhung teu gaduh amal nu sholeh hirup di dunya ...mugia sing husnul hotimah sadayana luur

  • @ehajulaeha1632
    @ehajulaeha1632 5 років тому +1

    Ya allah, gusti ngupingkn kidunh ie nywredet manah abdi emut ka pin bapa anu teaya hampura abdi pa mugi allah ngahmpura dosa bapa amin nuhun kang

  • @sagararahayu4867
    @sagararahayu4867 5 років тому +1

    Ya Alloh ieu kawih meni ngageurihan Kana ati.rumaos hirup seer dosa k indung NU tos teu aya

  • @gunawan1gunawan236
    @gunawan1gunawan236 4 роки тому +1

    Waas pisan eey

  • @titikasmiati8548
    @titikasmiati8548 4 роки тому +1

    Keueung ema...bapa

  • @bangbangsetiawan4026
    @bangbangsetiawan4026 6 років тому +1

    Hampura mh pa ahhhh ujang teacn tiasa nyugemakeun kanu janten ibu sareng rama,...

  • @dudungdurahim3712
    @dudungdurahim3712 4 роки тому

    Tah urang kudu inget papatah kolot jeng dei urang bakal mati.jelasna urang teh kudu eling

  • @yatimulyati2657
    @yatimulyati2657 5 років тому +1

    Ya Allah emut ka ema bapa

    • @rifaljaelani1984
      @rifaljaelani1984 5 років тому

      Yati Mulyati inget ker waktu murang kalih da

  • @wawangunawan5492
    @wawangunawan5492 6 років тому +1

    Mani nyeredet kana hate....emut ka ibu Rama anu tos ngantun ken....😭😭😭😭😭

  • @amelisyasquishy2172
    @amelisyasquishy2172 7 років тому +1

    Ya. owloh hampura dosa2 ibu abdi jadiken kuburna raozoh mirriyadil zannah aaaamiiiin yarobbal allamin inget ka emih nutos mulang kaalam kubur salam kasadayana urang kuningan nuaya di jakarta

  • @a.sutisna4618
    @a.sutisna4618 9 років тому +4

    Jadi inget sagala papatah pepeling tinu jadi kolot kom ka pun aki,

  • @nahdahjedahmajeddahte6085
    @nahdahjedahmajeddahte6085 6 років тому +1

    panggeing batin ga jaman sekarang..ddh yang suka..semua sekarang musik model bergoyang sampai kejunggkel buminya

  • @sundanis3310
    @sundanis3310 8 років тому +9

    meni emut pisan k ibu rama nu tebih d bandung abi nu nuju d tanah serambi mekah aceh

  • @hermanrustiana8825
    @hermanrustiana8825 7 років тому +1

    Hampura ya Ibu bumi, ya Rama langit,ya ibu lahir,ya ibu batin,ya Rama lahir,ya rama batin .... hampura ya alam...ampun Gusti..😭😭😭

  • @forsimaumbulkidul8449
    @forsimaumbulkidul8449 6 років тому

    Subhanallah meni nyredet emut kana dosa nu kalangkung

  • @dadangsuherman2777
    @dadangsuherman2777 8 років тому +2

    ya aalah gusti emut kanu jadi indung nu tos teu aya dikieu na. kawih ieu teh karesep na

  • @emencobracobra7033
    @emencobracobra7033 6 років тому +1

    Ya allah ......... apalah artinya hidup ini tanpa bingbingan darimu ya allah

  • @djaka6408
    @djaka6408 9 років тому +1

    subhanalloh nuhun nyeredet kana hate ngagegerih
    sae pisan

  • @totosudanto5710
    @totosudanto5710 7 років тому

    mani waas ka lembur di sisi gunung tampomas salam buat orang conggeang wetan

  • @ujangsigandir177
    @ujangsigandir177 4 роки тому +1

    Robbighfirli waliwalidayya warhamhuma kamma robbayani soghiro 😢

  • @erosuhara6600
    @erosuhara6600 5 років тому +1

    jombang ciniru kuningan aq kangen aq di tegal

  • @DediMarhenda
    @DediMarhenda 9 років тому +5

    MasyaAllah,.. sedih,.. nuhun Kang..

  • @nanasuratna970
    @nanasuratna970 7 років тому +2

    emut ka ema bapak....duh gusti...

  • @ndanay4153
    @ndanay4153 5 років тому +1

    Waas gusti Alloh 😭😭😭😭😭

  • @yuniyulianti1838
    @yuniyulianti1838 8 років тому +3

    subhanallah

  • @asihasih9588
    @asihasih9588 8 років тому +1

    Gusti hapunten abdi rumaos seer dosa

  • @bulansukmarohman4123
    @bulansukmarohman4123 5 років тому +1

    asa kareung dulur. papatah sepuh. eling urang sunda. areling dulur. garut lembur kuring ey

  • @entementemm2679
    @entementemm2679 5 років тому +1

    Abi oge emut ka ibu anu tos ngantunken j sefih

  • @basiradhan6388
    @basiradhan6388 6 років тому +1

    Gustiiiii... asa deket pipaeheun teh... 😢😢

  • @alampamungkas2196
    @alampamungkas2196 6 років тому +1

    Jadi sedih inget indung bapa

  • @semutjalananjalanan3067
    @semutjalananjalanan3067 5 років тому +1

    😭😰😰😭😭sedih banget

  • @nanasugianaputrarksapati1032
    @nanasugianaputrarksapati1032 6 років тому

    awal ngdanguukeun ieu ppling..nyoorocood ieu cai panooooonn..

  • @rahmatabdillah7634
    @rahmatabdillah7634 4 роки тому +1

    Ya Allah...
    Hampura jisim abdi nu lamokot ku dosa....

  • @yatimulyati2657
    @yatimulyati2657 5 років тому +1

    MasaAllah sedih ya Allah

  • @liamarliana8979
    @liamarliana8979 4 роки тому

    Mantap

  • @agumjatigumelar5622
    @agumjatigumelar5622 6 років тому +1

    astagfirllah!!!! rumaos lamokot ku dosa mh mni nyeredet ieu hate ya Allah!!!!!

  • @cyntiaamaliaktl3678
    @cyntiaamaliaktl3678 8 років тому +5

    meni te karaos gening nyurucud

  • @fariyatun9451
    @fariyatun9451 3 роки тому

    Mani ngenah

  • @novilala1299
    @novilala1299 7 років тому +1

    subhanalloh

  • @zamiataqinasabila1754
    @zamiataqinasabila1754 8 років тому

    Subhanallah........

  • @yanimulyani4487
    @yanimulyani4487 7 років тому +1

    aduh sok muriding bulu punduk inget kana dosa rumaos msh lamokot.ku dosa

  • @arifinmissin3479
    @arifinmissin3479 3 роки тому

    Astaghfirullah al Adziem..!

  • @gunsgunawan5678
    @gunsgunawan5678 5 років тому +1

    Pepeling hirup di ajar beuner

  • @nehalbd5220
    @nehalbd5220 9 років тому +1

    Mani nyereset kana hate

  • @udisupriadi799
    @udisupriadi799 6 років тому +1

    sok emut ka bapak nu tos ngantunken

  • @nahdahjedahmajeddahte6085
    @nahdahjedahmajeddahte6085 6 років тому +1

    di goyang putar putar.. biar ancur semua maunya dia...panggeing batin di anggaf nya allah belum tentu ada afalagi neraka .wah .jaman sekarang .bilang nya tahayul yarab yarobul ijati maha suci allah

  • @tarmahidayat8759
    @tarmahidayat8759 4 роки тому +1

    Mantap. Ok. Mampir dong ke Channek saya

    • @Ini_HS
      @Ini_HS  4 роки тому

      Terima kasih... Siap Meluncur...

  • @jigurae6318
    @jigurae6318 4 роки тому +1

    Mana nu jmpolna

  • @nimankiman2216
    @nimankiman2216 5 років тому +1

    Sok jayangcerik, abdi ah keengpisan

  • @tokosby6250
    @tokosby6250 7 років тому +3

    ingeut ka indung 😢😢

  • @suranafawaz5753
    @suranafawaz5753 Рік тому

    😭😭

  • @kurniabatam7969
    @kurniabatam7969 5 років тому +1

    Astagfirullah.

  • @miminaminah1691
    @miminaminah1691 4 роки тому

    Nyeredet hate

  • @ilyasfebriansyah4622
    @ilyasfebriansyah4622 3 роки тому

    Gilang p

  • @dikdikhaerul7118
    @dikdikhaerul7118 8 років тому +6

    ie..pepeling ..anu kena pisan kana manah...ya allah mugia ngapunten dosa ibu rama abi...oge dosa abi ya alllah.....hatur nuhun kang...mugia tambih iman..amin