Asep Balon Feat. Acuy - ULAH ELEH KU NYERI (Official Music Video)
Вставка
- Опубліковано 19 кві 2021
- -
Ulah Éléh Ku Nyeri adalah single terbaru dari Asep Balon dengan konsep musik Chill Trap berbahasa sunda. Lagu ini ditulis oleh Asep Balon setelah melihat keadaan & situasi di lingkungan sekitarnya yang memang di tahun 2020 & awal 2021 ini bisa dibilang sedang berada di titik yang cukup ekstrim. Dari hilangnya pemasukan seluruh tim karena pandemi, ditambah lagi ketika komputer yang berisi puluhan materi lagu SG Entertainment yang belum dirilis harus hilang terkena ransomware.
Melihat itu semua, Asep Balon berusaha menuangkan perasaannya ke dalam sebuah lagu. Lewat lagu Ulah Éléh Ku Nyeri ini Asep Balon ingin menguatkan mereka. Umumnya untuk semua orang yang mendengarkan lagu ini yang juga sedang berada di masa masa sulit di dalam hidupnya, khususnya untuk kawan-kawannya di SG Entertainment yang sampai detik ini masih bertahan & berjuang. Bisa dibilang, lagu ini juga cukup personal & emosional, karena menurut Asep Balon, lagu ini juga adalah bentuk permintaan maaf untuk seluruh tim nya di SG Entertainment karena belum benar-benar bisa memenuhi harapan mereka.
Lagu Ulah Éléh Ku Nyeri ini berpesan, agar semua orang yang sedang berada di titik paling rendah di hidupnya, untuk jangan berhenti berjuang. Karena seperti potongan lirik yang ditulis Asep Balon di lagu ini ”Beuki beurat beuki loba gangguan, eta tanda beuki deukeut ka tujuan.” yang artinya adalah, semakin berat ujian kehidupan, justru itu adalah tanda bahwa tujuan kita sebenarnya sudah ada di depan mata.
-
Video klip Disupport & Disponsoran ku Sepatu Johnson @sepatu_johnson
Lagu Ditulis ku Asép Balon @asepbalonasli
Musik Diproduseran ku Wénda Irfana @wendaidg, Acuy @cep.acuuy
Di mixing jeung mastering ku Wénda Irfana @wendaidg
Disutradaraan & diedit ku Réka Niko @rekaniko
Nu jadi model Ipay @mrifaldiputra, Ipong @irfanunsorry, Dani Ciniw @dciniw, Falah Mukherjee @mfalah14, Aden Maul @adennmavl
Lokasina di Factory Skatepark @factoryskatepark121, Majalaya Skateboarding @majalayaskateboarding, Mang Dikfa @dckfal
Diproduseran ku SG Éntertainment @sgentertainment_
#ULAHÉLÉHKUNYERI #LAGUSUNDA #MAJALAYA
Karasa aynamh geus gede sagala karasa
Lain kur mikiran ulin hungkul
Mikiran kmha carana hayang ngabungahken kanu jadi kolot
Abdi hirup pangais bungsu boga adi aww letik kneh,kolot nyesa indunh kneh
Urang ayna nu berjuang jadi tulang punggung
Cape sbnerna init sore balik isuk gaweth
Isukna kudu muka wrung
Tapi lamun teu kieu rek sha deui atuh
Mungkin uranh teu saberuntung batur
Tapi batur moal mungkin bisa sakuat urang
Semangat budak ngora ulah eleh ku nyeri
Sing kuat mang Aji. Kabagjaan ngan keur anu siap berkorban
Siap mang haturnuhun
Niat na sagalana karena ALLAH kang. insya ALLAH di lancarkeun sagala urusanna..
Sing lewih deket ka gusti ALLAH.
Muhun kang alhamdulillah niatmh karna allah
InsyaAllah d lakonan sagala urusan naon nu d jalanken ayna
Lain teh lirik lagu anjir . Hanas ges di nyanyiken ku rep wkwkkw
ULAH ELEH KU NYERI
NGARAH ISUK PAGETO BISA MANGGIH KASEURI
Fiksi mana maneh lagu anyar na
Bener mang fik
pasrahkeun we ka gusti alloh sabab ke ge urang pasti bisa ngarasa bahagia dei salila-lilana
Kmha mang, nyri lebuh tina korsi eta tulang wkkwkw snp ig
Muhhun pisan kang lur
Jelma nu semakin merenung bakal semakin gede tantangan na,
Tapi bakal leuwih nyaho arti hirup nu sabenerna.
Setuju mang
Di antos new dubingna...juned tea
Nuhun pillllll
Bener pil. Hirup teh ternyata simple sabenerna mah, nu lieur mah diri urangna.
kapan upload
Nuhun nya nu geus ngelike, komén, ngeshare videona, jeung geus ngasubscribe. Nuhun ogé keur nu geus ngadoakeun, sing doa-doa baik na berbalik ke kalian 🙏 nu nonton timana wae ieu cik absen?
Pangandaran mang
Purwakarta hadir
Ciamis manis hadir
sukabumi hadir
Banten hadir bang
Semua orang pasti punya titik terendah dalam hidup. Sangat manusiawi jika setiap orang pernah merasa tidak sanggup jalani keadaan atau suatu masalah yg menimpa , tapi di balik itu hayu bangkit, tegar, gerak . Tetap berdoa yakin Setiap masalah, kanyeri, pasti ada hikmah nya .
Nice
Goooow ah...gaaassspolll
Semangat vio
Aamiin. Ulah Eleh Ku Nyeri!!!
Betul. Kamu juga sing kuat ya vii 🤗
Kanyeri nyieun urang lewih kuat
Kanyeri moal nyieun semangat urang pegat.
Kabeh kanyeri pasti mere arti, ulah di bawa rungsing jeung OMAT.
ULAH ELEH KU NYERI
#ulahelehkunyeri
Kuat cuy! Ulah eleh ku nyeri!
Mang acuy kuat mang acuy kelak bakal sukses bakal bisa mere bungah ka orang orang terdekat aamiin #ulahelekkunyeri
@@Putraaa_MV amin nuhun mang
Sami sami mang
Salam kasadaya :') insya Allah suatu saat tiasa pendak kumpul ngopii bareng :')
Mang acuy keren
Eta shoting na d pabrik wintai laen?
Sok ngarengkol heula dikamar sorangan méméh saré, rasakeun kanyerina, kaduhungna, putus asa na, nu naon wae nu geus ngahantem hate, fikiran, jeung jiwa.
Teu kuat nahan beban, ceurikeun we atuh, nya ge ceurik teu matak masalah jadi beres, sahenteuna rada ngemplong hate.
Tong poho sujud ka Gusti, menta pitulung, da arurang mah kur makhluk nu pasti boga wates tina sagala kakuatan.
Salam rantau ti jakarta.
2 tahun teu panggih kanu jadi kolot di tasik, sedih aslina céng
Ku urang kaalaman pisan :)
Sing kuat mamang. Doakeun teras, sing sarehat sadayana. Hatur nuhun tos ngabagi caritana
Pasti atuh sep, di jakarta lain urang hungkul nu nalangsa nyanghareupan 2 kali lebaran teu kumpul jeung kolot dilembur. Nurut ka pamarentah, ngagugulung sono kanu jadi kolot di lembur batur. Sok téh sieun euweuh deui waktu hayang sujud ka kolot, hayang menta hampura bari nyium leungeunna, da gening nga video call teh lain ngaleungitkeun sono, kalakah nambahan.
Sing trending lagu na sep
Tasik na dimana mang didieu gen sarua ti tasik
Tasik hadir:(
@@asepbalonofficial 😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😘😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😘😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😚😘😚😚😚😚😘😚😚😚😚😚😘😘😚😚😚😚😚😘😚😚😘😘😚😚😚😚😚😘😘😚😚😚😚😘😚😚😚😚😚😚😚😚😚😘😘😚😚😘😚😚😘😚😚😚😘😘😘😚😚😘😚😚😚😘😘😚😚😚😚😚😚😘😚😚😚😚😚😘😚😚😚😚😚😚😘😘😚😘😘😘😘😚😚😘😚😚😚😚😚😚😚😘😚😚😘😚😘😚😚😘😘😘😚😚😚😚😘😘😚😚😚😘😚😘😚😚😘😘😚😚😘😚😘😚😚😘😚😘😚😚😚😚😘😚😘😚😚😘😘😘😚😚😘😚😘😘😚😘😘😘😘😚😚😘😚😚😘😘😚😘😘😚😚😚😘😘😘😘😘😚😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😚😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘😘
Titik terendah teu boga duit . Anak geuring. Hutang numpuk . Dipagawean kacau da aya jalma nu sirik hayang nyingkirkeun abi...
Poko na ULAH ELEH KU NYERI JEUNG ULAH ELEH KU PEURIH.
Manggg sing kuaatt. Sing sabar. Terus ikhtiar. Selama niat arurang hade mah insyaallah bakal aya jalanna. Aamiin ya Allah. Nuhun mang tos kersa berbagi caritana
Siap mang asep .. Insyallah kuat iman kuat mental.. Nuhun lagu na anu nyieun sim kuring sumanget. Sehat terus mang .. 💪
Waiting for you :( semoga bisa booming 🙏 dari sini sg entertainment bisa makin jadi kaya dulu malahan lebih dikenal banyak orang
Aamiin nuhun bro harry
Rawahingkik a cileungsi
Tikungan cilengsi uing apal
Duh ieu sami sareng carita hidup abdi anu ayena nuju di lakonan mang,kolot cerai pun rama teu nyaah,mamah aki sareng nene beki ngolotan.teras gaduh amang teu damang mental na teras gaduh rai 3. anu hiji mah sami teu damang epilepsi teras anu 2 dei mah alhamdullilah sehat ngan aralit keneh teras abdi budak pang agengna sulung teu acan gaduh dambel anu manjang sareng anu puguh abdi asa ka motivasian ku ieu lagu amang
Sing sukses mang asep :)
Mamang sing kuat nyaa. Sing sabar, teras ikhtiar, yakin hiji waktu bakal aya jalan mang. Sing percaya.
Cing kuat mang
Didoakn sing sukses kang 🙏🙏
Insya alloh siap mang,jujur abdi ka motivasian pisan ku lagu amang ieu abdi jadi tiasa bangkit kuat,sareng amang asep sing langkung sukses sareng keluarga na sareng rerencangan na sadayana mang hatur nuhun
Hatur nuhun pisan mang pidoana katampi pisan amang oge sing sukse nya mang :)
Duuh pas pisan ieu sep, urg kr di titik paling terendah hirup, ninggalkn pagawean nu picaloneun pejabat tp deket jngn dosa, ayna ngarayap deui kokosehan jang hirup sapopoe, cm masih aya kolot, pamajikan jng budak nu nguatkn hirup urg, urg yakin bakal sukses, tp memang kudu kieu hla, kabeh pasti aya hikmahna . Keep khusnudzon
Sing kuat mang teguh. Sing sabar. Hirup mah da sapertos maraton kan. Nu meunang mah nu bisa bertahan. Suksessss!
aslina ngeunah seurimah pas urang geus diluhur ningali anu ngaromong dihandap keneh asa nikmat mang, semangat terus maju lain hartina merik sukses keur ngajejele anu ngahina
sukses terus mang semangat
Sing kuat mamang.. barokallah
sedih 😭😭 aing pisan, urg rek bertanya naha sep maneh nyien lagu maneh nu nyata tentang kahirupan urg :( 😭😭 terkadang urg ge sok hyg eren pertengahan jalan:( tapi mun urg eren di pertengahan jalan:(
hinaan cacian teh beki badag:(
matak nu di jalani ku urg ayena ,urg tetap di jalur na da urg ker ngereyeh ,urg ker perang jeng diri aing sorangan:( nuhun sep ges ngawakili 🔥🔥 #ulahelehkunyeri!!!
Urang ngan nulis naon nu ku urang dirasakeun harita no. Sawangsulna bro. Sing kuat!
"AING KUDU JADI TELADAN,KELUARGA DIIMAH NENDEN HARAPAN"
sumpah mang ngena pisan:(
Nuhun manggg. Sing kuatttt
Sanajan aing rek di rendahken , di tijekan , di remehken , di hina , diasingken , aing moal pernah sieun , aing nyaho mun allah mah maha uninga , maha ngabaliken derajat , bandungan we ke bakal aya masana urang diluhur maneh dihandap. Nuhun mang asep ges nga rilis lagu ieu jeng barudak SG Ent Cing karuat , cing sarehat , jeng cing mangfaat ker dulur , jeng batur.
#Ulahèlèhkunyèri 🔥
Aamiinnn nuhun pi. Sumanget terusss
@@asepbalonofficial sami sami mang , siap🔥
A asep bersama tim akan terus menjadi SESUATU untuk orang2.Tetap BERSINAR sampai kapanpun!!!!
Aamiin ya Allah. Nuhun doanya neng azmy kamu juga sing makin sukses yaaa
Indung aink tukang gorengan bapak aink supir angkot, pernah di hina ku dulur di gogoreng ku tatangga majarkeun teh pengangguran sampah masyarakat, allhamdulillah ayena aink bisa manfaat jang keluarga jeung teu di anggap sapele ku kabeh jalma, karna tekad anu peurih bakal jadi peurah, nuhun mang balon lagu na aink pisaan
Tadina rek nyerah Kana kahirupan, kusabab karna kayaan hirup anu kie kie wae, anu can bisa nyenengken kolot, can bisa ngabagjaken Adi sareng nini tapi disisi lain lamun lain urang saha dei anu daek memperjuangken.
Ulah nyerang mang robi. Sing kuat. Selama niat hade, pasti bakal dibukakeun jalan nu ku urang teu kapikiran saacanna. Sumanget terus mang
Kudu tetep semngat
Terending keund lah .
Orang Sunda Mah Ulah Kagok
Puter terus lagu na lur .
Gaskeun gaskeun gaskeun gaskeun
Nuhuuu. Aamiin.
Hatur nuhunnn mamangkuuuu
Titik terendah seseorang adalah inti dari semua ujian, bisa apa enggaknya kita bertahan samapai garis ahir kehidupan
Hirup hayang semanget aing luntur
Loba jelema hayang aing ka kubur
Tapi salengkahge aing moal mundur
Kajeun bubuk aing tetep bersyukur
Aing kudu bisa jadi teladan
Keluarga di imah nendeun harapan
Aing kudu bisa ngudag tujuan
Nyenangkeun kabeh nu ti awal mantuan
Hampura barudak aing can bisa mere nanaon
Tapi tong hariwang da hirup mah
Nu meunang nu kuat jiga maraton
Nuhun ges daek berjuang
Hampura karek bisa mere peluang
Aing can bisa jadi tempat ker muntang
Tapi yakin bakal aya babales ker kapeurih arurang
Reff :
Ulah eleh ku nyeri
Ulah eleh ku peurih
Bakal datang waktunya
Do’a nu jadi nyata
Ulah eleh ku nyeri
Naha kasuksesan selalu di ukur tina duit jeung sakola
Padahal naon hartina beunghar jeung pinter
Mun teu manfaat ker jalema loba
Aing kudu kuat nahan sanajan aing sok teu di bere jalan
Aing bakal terus ngalawan karena aing nyaho aing teu sorangan
Baturmah moal apal peuring nu ku aing di alaman
Tapi teu nanaon aing mah da geus ba’al
Jadikeun pelajaran
Selalu di rendahkeun, diremehkeun
Nepi ka di sebut kampungan
Tapi aing bakal ngabuktikeun dagoan ku saria bandungan
Karena menurut aing eweh deui anu lewih nikmat tibatan
Ngalakukeun hal anu ceuk batur teu mungkin bisa jadi kenyataan
Rek panas rek hujan moal ngiuhan
Cing inget waktu mah da moal nungguan
Beuki beurang beuki loba gangguan
Eta tanda beuki deket ka tujuan
mugia lagu ieu sing jadi sumanget jang saha wae nu keur aya dititik lemah
#TRENDINGKEUN
Aamiin
Aamiinnnnn nuhun mang
Aamiin. Mamang
NGENA PISAN MANG LAGUNAA
Hayur nuhun pisan mamangkuuu
@@asepbalonofficial ka garut moal mang crazy mx dei?
Maju terus kang Asep balon Abi penggemar abadi Salila na sok nyieun karya NU bisa nyieun semangat barudaknu di anggap samapah
Urg setiap hudang sare slalu ngadenge lagu ie :( karna lagu ie kisah nyata urg :( tengkyu urang sunda @asepbalon ges ngawakili !!!
Titik terendah dihirup urang nyaeta pas kolot duanana areuweuh ninggalkeun urang pas urang can bisa nyenangkeun jeung ngabagjakeun kolot, asa teu kudu hirup tanpa kolot, asa geus euweuh guna na hirup. Malaweung, ngahuleng, ceurik mikiran hirup urang nu asa euweuh hartina deui tanpa kolot. Tapi urang ningali anak pamajikan, adi urang hiji2na nu awewe, anak urang nu leutik keneh, maranehna nu nyieun urang semanget deui ngajalankeun hirup, nu nyieun urang hudang ti keterpurukan urang. Intina ULAH ELEH KU NYERI, ulah eleh ku peurihna kahirupan ✊
Aylopyu mang ASEPBALON ❤
Sing kuat seterasna mang. Sing disehatkeun mang jeung keluarga. Hatur nuhunnnnn
@@asepbalonofficial amiiin mang 🙏 Sing sarehat oge barudak majalaya nya 🙏 Terutama barudak SG sing sarukses ✊
Trendingkeun siap barudak!!!
Nuhun manggg
Gasssss
Hayuuuuu
Sumpah lagunya pas banget sama diriku yang dulu . Bertahun tahun berdo'a dan allhamdulillah bisa ngerasain apa yang jadi do'a yang dulu aku sering ucapkan . Sedih tapi harus tetep semangat jangan kalah sama ke adaan 😭😭😭
Hay sayang
Semangat yaaa. Ulah eleh ku nyeri!
👍👍
Sumpah mang asep laguna mewakili perasaan pisan, nuhun🙏
Alhamdulillah. Semangat tuluy mang. Nuhun oge nyaa
Salam ti Sumedang mang
Njir mang iwey
Kabayang lagu salatri di collabs keun jeung mang asep
2 panutan huyy
Lebaran tereh dtg deui, kahirupan can aya perubahan, can bisa ngabagjakeun kolot,, sare dahar masih dimana wae ngilu jng bbtrn da era diimah wae karunya ka kolot, pagawean belang bentong
Nyeuri pisan
Yu terus ikhtiar weh insyaallah aya jalan na
"aing kudu bisa jadi teladan keluarga diimah nendeun harapan,aing kudu bisa ngudag tujuan nyenengkeun kabeh nu ti awal mantuan"
kata" penyemangatt pisan:(
#TRENDINGKEUN !!
Nuhun mangggg
ULAH ELEH KU NYEURI !
BAKAL DATANG DOA NU JADI NYATA , EWEUH ANU LEUWIH NIKMAT TIBATAN NGALAKUKEUN HAL ANU TEU MUNGKIN TAPI JADI KANYATAAN .
-ASEPBALON 👊🔥
Nuhun imam. Gas terusss
@@asepbalonofficial sami sami mang Asep , terus berkarya terus memotivasi dan satu lagi ulah eleh ku nyeriii ! 😁🔥
Sukses terus untuk mang Asep , SG entertainment dan Rekan rekan 🙏
Kan ku buat semua itu nyata bukan lah hanya sekedar patamorgana bergerak ke depan dan terus melangkah matangkang strategimu terus menginfasi singkirkan dan hancurkan keraguanmu itu... 💪💪💪
Semangaattttt!
Usaha tidak akan menghianati hasil, urang kudu ttep terus berdoa supaya urang di jalan ken sagala urusan na di dunia, te paduli cariosan batur nn, nupenting urang kudu bisa ngabuktiken bahwa urang teh bisa jadi anu kuurang di pikahoyong, supaya aya tinggalikenen batur. Moal aya rasa nyesel selama urang berjuang di dunia ari sungguh" mah, insyallah allah og ngaridhoan doa anu ku urang di panjat ken ka gusti allah.😓😓😪😪
Betul teh mayang. Ulah eleh ku nyeri!
Heeh we bener pisan lagu ieu sarua jng carita urang nu keur ayeuna" di alaman
Tong waka bbturan dulur sorangan ge nmpo urng ripuh mh eweuh nu nulungan,
Tpi beda jng ayeuna dulur ge ngadareukeutan urng na gs bisa ngala duit sorangan mah.
Sukses trus mang 💪💪
Sing kuat. Nuhun nyaaa
@@asepbalonofficial kuat pasti mang, aya orang tua nu ngasuport.
Cing barokah mamang :)
Lagu na nyentuh kawakalikan sagala nu karasa, tpi lain matak jadi loba ngeluh, malah nambah rasa hayang ngabuktikeun yen urg bisa meuli omongan nu ngarendahkeun urg.. sukses kanggo sadayana nu keur ngarasakeun titik terendah hirup.🤝
Sing kuat. Ulah Éléh Ku Nyeri!
Pasti bisa sok sing keyeng mang. Sing yakin, tong lirén ikhtiar. Bismillah
Ngadanguken lagu ieu setahun yg lalu.alhamdulilah TOS melewati titi terendah dalam hidupku..ayeuna kapanggih kabagjaan.. stabil deui...hatur nuhun ka sadayana anu TOS suport...
Titik paling ngarasa tt guna jadi anak jng nyeri na ka cida nalika nujadi kolot di hina ku sabab lain jelma aya ....
Sing ikhlas weh, pasti aya babalesna da. Sing kuat mang
@@asepbalonofficial siap mamang ....do'a na ..motivasi na... sing di bales ku kasaean we mang... sing di soleh kn ..🤲🤲🤲
Di antosan trus kang lagu" Anyarna salam ti BSD Tangerang colab atuh kang jeng anjar oxs
Hayu barudaaaak trendingkeun euy!🔥
Nuhun Keuyeup Project
Hayu gas mang 🔥🔥
_Idola aing memang _*_TARA GAGAL_*_ dina masalah nyieun lagu ,pokokna mugia sing saenggalna tyasa langkung ngabuktoskeun ka sararea bahwa a asep & sg entertainment teh kumpulan jalmi2 nu calerdas nu caralakan jalmi2 nu bertalenta laluar biasa pokoknamah marulty talent ,, makin maraju mulus rahayu berkah salamet dok aa aakuh ku abdi di do'akeun pisan .. salam santun ti_ * BANK AKEX NARESWARI wawakil ti KELBES N.W.R CHANNEL*
Aamiin ya Allah. Hatur nuhun mamang
Ulah eleh ku nyeuri keur naon di fikiran jadi beban mending hudang bebaskeun omat rezeki, jodoh moal pahili jeung hitut .. Edankeun mang asep , juara lah
Tah eta leres pisan. Nuhunnnn bro
Trending kan yu lur
Nuhunnnn
Teu kuat amang ngadangukena.... 😭😭😭
Kapukul pisan urang dina lirikna.. 😭😭😭😭
Mun balik sok di tanya ka kolot "sia merantau balik mawa naon..?? " disitu urang asa kapukul can bisa ngebhagiaken kolot jeung dulur lan batur.. 😭😭😭
Sing kuaaattt!!
@@wendaidg muhun mang.. 😭
Sing kuat, sing sabar, terus ikhtiar ulah eleh! Yakin engke ge bakal kabuka jalanna.
@@asepbalonofficial aminnn yha allah aminn.. 🙏🙏
Pada dasarna kabeh perjuangan moal aya nu ngenah pasti aya pait amis na tpi nu ngran na hyng sukses kudu bsa berthan najan loba nu ngahalngan
Leres mang. Kedah kuat!
Ulah eleh kunyeri mugia isuk pageto bakal manggih kaseri ttp semangat mnjalakan skenario Allah, Allah Maha Baik
Aslina ditungguan pisan ieu mah mang.. Dikira mah bakal isuk, ternyata hnteu. Dikira bakal tengah poe, ternyata hnteu oge. Jeung dikira deui bakal aya ke sore, ternyata acan keneh wae. Gogoda gede, tikoro menta dibere cikopi warung mang ende. Tapi aslina euy, aya oge : )
Pokona mah, Ulah Eleh Ku Nyeri💪
Hampura nya. Nuhun geus nungguan broo. Sumanget terussss!
Siapp mang. Sing bermanfaat keur kabehannya mang, sukseslah. Aamiin🙏
Persis pisan kondisina jeung barudak ddieu nu aya d ttik panghandapna, gawe d phk, usaha hampir bangkrut,, geus hampir nyerah ku kaayaan,.
Tp saatos ngadangukeun ieu lagu jol semangat harudang deui, arurang yakin bisa bangkit karna urg teu sorangan,.
Hatur nuhun pisan panutan,. 🙏🙏🙏 Sukses ka sadayana, amin,. 🙏
ULAH ELEH KU NYERI MANG 🔥🔥🔥🔥🔥🔥
Saya pribadi korban phk, sagala dijuallan da menta ka kolot era
Ulah eleh ku nyeri, ulah eleh ku nyeri, yakin bisa bangkit,. Sing karuat 💪, sing sarehat, sing sarukses,. 🙏
@@voicebox_ #ulahelehkunyeri 💪💪 Bangkittt
Sawangsulna. Sing kuattttt nya mang. Yakin da hirup mah terus muter.
Idola aink sehat terus mang aseb balon saparakanca terus berkarya banggakeun orang sunda bisa mendunia terutama majalaya , SG entertainment sukses terusb, cing sarehat mang sadayana
Semangat barudak nu keur ngalaman hirup nu PAIT, maraneh tinggal ngala AMIS na.
ULAH ELEH KU NYEURI.
Titik paling nyeri di hirup urang disaat urang kudu ereun sakola, urang lain nyeri ku urang ereun sajikan tapi urang nyeri ku omongan babaturan Batur bahkan dulur ge ngaromong, urang ges teu boga masa depan, jalan urang geus buntulah, tapi urang moal kudu eleh ku omongan omongan eta!!
Sing kuat man. Urang ge ijazah paket C :) tapi kualitas jelema mah teu diukur tinu ijazahna. Terus ikhtiar, pasti bakal manggih jalan na.
ULAH ELEH KANYEURI!!
tetep majuu najan gawe saukur bisa jang meuli sangu,
tetep ngalengkah najan loba babaturan nu aringkah,
tetep berjuang najan keluarga jg babaturan nganggap urg eweuh masadepan.
percaya proses, karna leuwih nikmat hasil kesang sorangan tibatan saukur menta ka kolot jang nyukupan gengsi ku ieu zaman!!
HATUR NUHUN LAGU JG MOTIVASI NA KANG ASEP JG BRDK SURABI GELO ENTERTAINMENT
Madep! Sawangsulna mang. Abi oge hatur nuhun pisannn
ULAH ELEH KU NYERI.
asli kaalaman dina titik ieu,
Rek kumaha lampah,
Rek kasaha menta tulung,
Dulur jadi batur,
Mudah-mudahan lagu ieu nginspirasi ka sakabeh jelema,
Yen urang teh teu sorangan,
Haturnuhun kasadayana
Kata2 na nyerep kana haté,
"LAWAN KANYERI
INSYA ALLOH MANGGIH
SEURI BAGJA"
cag akh.
Aamiin ya Allah. Hatur nuhun mang ncek
Sok gera ngeluh, gera marewek
Sok pikiran dei naon guna na karitu teh, semakin maneh terpuruk semakin batur ngarendahkeun jng ngahina, kaalaam sep ku didie mun ker di handap boro2 batur nu gelo ge mbung wauh ning 😀tapi omat hiji masa ker di laluhur inget ka gusti jng indung nu ngandung, percuma banyak uang? Gajih lumayan? Ga ada orang tua? Harta bisa kalah dengan kerinduan pada orang tua yang telah tiada 😌😞😢
Leresss mang
Roda berputar sep, santuy kan aja, niat baik akan berjalan mulus nanti nya 🙏sukses terus kanggo baraya asep balon
Benar kecap guru, kaluar SMK bakal ngalaman di mana urang aya di titik, pang handap na, di mana teh boga kuota, jeung di mana ngadenge ingan tatangga, nu te merenah kana hate na
Sing kuattt!
Dunia muter , nu di luhur sing hati-hati kade murag.
Nu di handap sing kuat isuk pageto pasti aya diluhur.
Hade pisan mang karya na
Tah éta pisan! Hatur nuhun mang rian
Keun bae batur rek ngomong naon"ge ka arurang,, nu terpenting mah omongan batur ulah nepi ka jadi benteng penghalang untuk arurang menggapai impian.
Only the strong
Ulahh elehh ku kanyeri ...Keluarga di imah Kudu di bagjakeun
Sing kuat mang ivan
@@asepbalonofficial Siap mang lahhh ...thank you
selalu sukses mang asep mantap lagu lagu na mere motivasi pisan
ULAH ELEH KU NYERI
Ulah nyerah komo nepika pasrah, kudu tetep sumanget
pelangi oge datang sanggeus hujan, kabahagiaan oge datang sanggeus perjuangan..
~ Banjaran 20 April 2021 ~
Bener pisannn. Sing karuatt
Keep strong and humble Asep balon. Just do the best. Respect for you n urang Sunda
Hirup lain saukur tentang senang senang,lain tentang saukur kudu menang,tetep lakuken nu terbaik mesing hate teu kuat hayng cerik
Ulah Eleh Ku Nyeri❤
Setiap orang punya masa sulit,
Semangat barudak buktikn🔥
Siap. Nuhun manggg
Ulah hayang ngarobah nasib Mun sakirana sieun nyingharepan kanyeri jeng kaperih...........
Ulah eleh ku nyeri
Bissmilah
Kelasss mang 🔥
Terbaik babeh
Ieu pisan! Nuhun mang omen
Mantap mamang asep balon iye nuker di rasa ayena
Tapi ges ngadenge lagu iye siyap ngalengkah dei sing sehat nya mang sing di babari kn milik rizkina sing di jabah sagala pamaksudana
Semangat mang aseppp...
Gagahlah....mantap🙏🙏
hatur nuhun sadayana anu terlibat tinu lagu sareng videoklip ieu. Hatur nuhun mang @Asep Balon. Atos MEWAKILI pisan ieu lagu . 🙏👍
Mugia tiasa pendak tina kaayaan sarehat sareung bagja. Urang sararea Amin🙏.
Sawangsulna mang risyad. Abi oge hatur nuhun pisan tos kersa nonton & ngadangukeun lagu ieu. Aamiin ya Allah
Jujur urang pernah ngalaman aya di posisi terendah, urang gs bingung kudu kumaha☹ motivasi asa ges basi,tujuan hirup teuing kumaha deui, tapi alhamdulilah urang bisa nying harepanna. Keluarga,dulur-dulir bahkan babaturan sakurilingen ngajarauhan, nganggap hirup urang moal aya prubahan, tapi urang terus yakin, karena jalan hirup lain jelema nu nentukeun🙏 sing yakin ka diri,lekenan ibadah ka gusti💕.
Dan ayeuna rilil lagu iyeu asa jadi acuan ker hirup nu lewih semangat,lewih getol.🙏 nuhun mang asep balon, timulai berkarya d dunia rapper lagu laguna selalu menginspirasi & memotivasi💕
Sukses terus SG.Entertainment .
Sing kuat, sing sabar Ram. Terus ngadoa jeung ikhtiar. Pasti bakal meunang sesuatu anu saacanna teu pernah dibayangkeun
@@asepbalonofficial aamiin 🙏 Allah Maha baik💕
Anjir naha karek manggih lagu ieu, padahal saacan sok mantau Mang Asep.
Lagu ieu muncul nalika urnag keur ngarasa cape, gagal, can bisa nanaon. Padahal asa kurang kumaha usaha teh.
Hampura mah, pak, jeung saha wae nu geus ngadukung. Hampura urang can bisa nepi ka podium no.1, tapi urang moal eureun sahenteuna nepi ka garis finish 🔥
lagu nambih motivasi dina ngajalankeun hirup di dunia.. sukses selalu kang doa ti cianjur
Undur maa qoola, walaa tandur man qoola..
(Tempo naon nu dilakukueun, ulah nempo saha nu ngalakukeun)
Salama kalakuan eta alus, komo jng kabehan tuluyken we mang, ulah di dengekn cungur nu teu eucreg mah,,
Siap mang hatur nuhun nyaaa
@@asepbalonofficial Siap, Nyeri mah jng soranganen, mun bagja mah jng kabehan,, 💪💪
Never give up Mng Asep balon dan semua dalam tergabung SG entertenment🙏🏻👍🏼🔥🔥🔥🔥🔥
Pastiii. Nuhun Danuu
Balas dendam terbaik adalah pembuktian..semanagat brkrya na kang asep balon
Siappp. Nuhunnnnn
terus berjuang nepi ka maranehna ngomong "eta babaturan jeung dulur urang"
sabab batur jadu dulur,dulur jadi batur eta dinu kahirupan orang sunda,
keur terjatuh jadi pura pura teu wawuh
tempo ngs sukses jelema jadi loba nu so wawuh
sukses nu sajati jelema sukses anu terjatuh bisa berjuang deui nepi k jadi sukses deui,,
ngs sukses bisa nulungan jelema anu terjatuh sebab pernah ngarasakn paitna,,
salam ti ciater subang
Anu di gawe sa ripuh kumahage anger duit mah Ngan sa haritaeun
Terus berjalan walau rintangan beuki berat👍🙏
Benerrrr. Sumanget terus!
ulah eleh ku nyeri kusabab urg hyg sukses th kudu perih hela karek manggih kabagja!
Leresss mang
mewakilken hirup urang ayena ker dititik terendah,tiap belajar photosop selalu denger music ini,terimakasih sudah bikin music ini kang asep
Aya hiji titik dimana urang ngarasakeun kanyeuri..
Baheula urang direndahkeun,sakola ancur ku dulur,loba harapan,loba impian,nganhajakal kabeh diancurkeun,nepi ka kolot ngucur cipanon...tapi ku urang dibales ku seuri,jeung ku urang dibales ku aksi..
Alhamdulilah nu nyepelekeun baheula,ayeuna malik jadi arera..
Jujur lagu iye sarua jeung perjalanan hirup urang ayeuna..
Sukses kangge mang asepbalon,mang acuy,sg entertainment,pokona thebest👍👍👍🙏🙏🙏 sing sarukses sadayana amin,yaa rabballammin🤲🙏😢
Sing kuat mang Fajar. Sing yakin hirup mah bakal berputar. Bismillah
@@asepbalonofficial pasti kuat mang @AsepBalon .Amiin yaa allahh,amiin mang asep🙏nuhun mang🙏
Iye lagu kudu di trendingken lur lagu teh mani nyentuh pisan ka hate karasa pangalaman urang nuhun pisan kang Asep Laguna tos mewakili sing sehat sukses idolaku
#salam Pandeglang
Aamiin bantuan share nya manggg nuhunn
Aslina mang karasa pisan nyeri na ,ker te boga duit pisan hayang ngarokok ngajuk kawarung dulur te pira rokok mangnum 2batang kuat te mere perih nyeri inget wae. Tpi ayeuna mh alamdulilah saetik saetik engges boga usha soragan meh bisa ngabuktikeun kanu jadi dulur urng ge bisa lewih ti mnh na...
Sing sabar, sing kuat, urang nyaho kumaha rasana. Engke ge bakal kapanggih jalanna asal terus ikhtiar. Sumanget!
Ulah elaeh ku perih,,,jalan nuju sukses nu pasti di barengan perih jng nyeri,,nu penting semangatttttttt
Mantap bang sing sabar bang bae ie kur dunya moal salilana nyeri pasti aya kabahagiaan na. Semangat
Betul. Nuhun brooo
Kangen kang buat lagu bhs indo dan lagu memotifasi gregetnya , maaf bang saya subscriber dari jawa tengah 😔
Siap ditunggu aja yaa nanti rilis lagi lagu bahasa indonesiaa
@@asepbalonofficial siap bosku, yg memotivasi hidup, di dengerin pas kerja pagi biar semangat haha
Haturnhun mang Asep Kanggo Lagu Nampar Pisan Kanggo Abi Ayena Nu Tos Cpe Ku ka ayaan K hirupan Ayena Tpi Kmha Ku jaman Ayena MH Serba Hese,,
Mugia Abi Kapayun Na Menang Jalan Na aminn
Mantep pisan mang Asep urg mah bebelaan Jang babaturan beh genah Sagala di pasihken eh dasar manusa nya TOS di bere genah malah nga gogoreng malah nincak deuih Hade pokonamah ULAH ELEH KU ENYERI
Mantap kang asep
Nuhun mang harii
Hatur nuhun mang atas karyana
Lirik na mahal pisan
Aslina ngena pisan kana hatena
Kaalaman deuih ulah eleh ku nyeri.
🙏💪💪
Alhamdulillah hatur nuhun ogé nya mamang
Aing can bisa mere nanaon ker indung jeng bapa jeng adi awewe nu tos aya di surga ....Al Fatihah...🙏🏻
Ulah eleh ku nyeri , mugia kapayuna lewih sae... urang ngarasakeun kanyeri tiheula jang kaharepna lewih kuat ngahadep kanyeri , lewih bisa seuriii tnpa kanyeriii🤘🏻
Aamiinnn nuhun mang rafli
@@asepbalonofficial sami2 mang asep balon semangat kangge kapayuna 🤘🏻👍 , trinpirasi namina asep sami sareng alm.bpa duh,
ulah eleh ku nyeri,sabab biasana mun geus nyeri sok bakal datang seuri sampe urang nyeri dei
Leres mang kitu. Nuhun nyaaap
sanajan urang teh urang ciamis mang, tapi urang ngarasa bangga kunu namina Sg entertainment, unggal karya nu di reales teh sok pas wae kana hate urang, semangat terus mang, urang dagoan karya karya salanjutna🙏🙏
Alhamdulillah. Hatur nuhun mamang. Iraha iraha ameng ka majalaya nya
Siap mang ke di kubar kabar lagii👍👍😂
Ulah eleh ku nyeuri ulah eleh ku perih...bener pisan!!! suggesti diri sorangan maneh bisa! ulah ngarunyaan diri sorangan tuluy mosting video mewek...mending tarik nafas sing jero, konsentrasi mikir nyieun strategi hirup kahareupna kumaha...doa bari usaha...sesana ikhtiar! InshaaAllahh...budak ngora kudu pinter!
Nuhun kang asep tos berkarya
Karyana ngarena pisan mudah2an kang Asep sareng rekan2 trus maju
Lagu y jadi motivasi urang nu ker training nu saban poe Ngan d buly tapi bener urang moal mundur salengkah g najan bubuk
Mang asep di antosan wae, uplodan selanjutna selalu d tunggu. Semoga makin sukses mang asep salam di subang timur
Siappp. Nuhun nyaa
ULAH ELEH KU NYERI
BAKAL DATANG WAKTUNA DO'A NU JADI NYATA
Aamiin ya Allah
Perih pisan ang. Jadi sumanget deui.nuhun ang jadi insfirasi sareng motivasi kangge kuring. #sehat terus ang asep sareng kasadayana.Aamiin
Mantap lagunyah kereeen semoga sukses selalu kang asep balon lagunya memotivasi 👌👍👍👍
Aaaa teu sabar🙁❤️
Tah atos rilisss
Semangat mang asep dan kawan2
Siap nuhunnn G Lit
Nyeri mah kudu mehh nambah kuat tegar perih Hela jadi perah
Betulll
EDAN PISAN LAH ASEP BALKON LUAR BIASA SUKSES TERUS NYA MANG SALAM TI GARUT SOK LAH GUNCANGKEUN ULAH ELEH KU NYERI
Mantap2 kang . Sukses slalu kang
Nuhun septiannn
Di do.akn pisan ku abi kang .. 🙏🙏
Mantap lahh pokona mah 👍👍❤️
Nuhunnnn