MAUNG SAJATI - ROCK MUSIC FROM VILLAGE

Поділитися
Вставка
  • Опубліковано 16 жов 2024
  • MAUNG SAJATI
    Ku Oesep Kurniadi
    Ulah reueus jadi teureuh Siliwangi
    Mun tacan panceg dina adeg-adeg kukuh jangji
    Tong adigung jadi sékésélér maung
    Mun tacan tigin dina udagan manusa luhung
    Maung mah tara bet sagawayah
    Teuneung ludeung nyaho ka mana léngkah
    Éstu nyorangan dina lumampah
    Boga sihung lain jang nyieun salah
    Prak ngagaur, gorowokeun bebeneran
    Pék ngagerem, kerekeban kadoliman
    Jung ngagajleng, kowétan kasarakahan
    Prung padungdung, der tanjeurkeun kasundaan
    Éta bukti titisan Siliwangi
    Éta tanda getihna Pajajaran
    Manusa luhung nu kukuh kana jangji
    Nya sia “sirung” maung anu sajati

КОМЕНТАРІ • 21