Ngagugu nafsu | Nadzom Sunda Pepeling Diri

Поділитися
Вставка
  • Опубліковано 18 чер 2023
  • Terimakasih untuk selalu mendukung channel ini! Jangan lupa tinggalkan jejak ya.
    Semoga video nya bermanfaat, do'akan juga semoga Risma dan pembaca sehat-sehat dan di lancarkan urusan baik dunia maupun akhirat. Aamiin
    Follow : @rismayunita07_
    From Channel : Neng Dedes
    Tepang dina syairan nu diseratan
    Najan teu sampurna pikeun ngarandapan
    Mangka ieu sapucuk serat munggaran
    Nyanggakeun jeung mugia kamanfaatan
    Jalma kasipatan ku tara rumasa
    Kana sagala nu geus di pilampahna
    Teu paduli najan migawe sulaya
    Nepikeun kacampur jeung aral subaha
    Ti barang gubragna nepi ka mukallaf
    Jalma henteu leupas tina sifat hilap
    Tina laku lampah jeung sagala ucn ap
    Salah jeung doraka siga nu geus nerap
    Apan eta mangrupa sifat adami
    Nu di tampi sangkan urang ati-ati
    Dimana rek milampah perkara pasti
    Kudu akur jeung patokan sing taliti
    Ulah nepika milampah sagawayah
    Kapahung ngagugu nafsu jeung amarah
    Ngan eta kacida pinuh ku cawokah
    Hirup di atur nafsu eta teh salah
    Mangka aya dina paribasa oge
    Dimana mun melak hade jadi hade
    Tah kitu ka hidep ulah sing talangke
    Hirup genah lamun urang sok tanwande
    Najan migawe hade henteu babari
    Loba pisan gogoda nu nyiliwuri
    Nanging ulah nepikeun poho jeung lali
    Kana bendu mun teu ngawaro ka Gusti
    Pan hirup mah geus aya dina aturan
    Mangka ceunah ulah ngawaro ka setan
    Milampah ibadah eta teh tujuan
    Keur di dunia nu jadi pangumbaraan
    Malah jelas pisan ku dawuhan Rosul
    Yen hirup anu manfaat eta teh punjul
    Poma ulah boga sifat loba wadul
    Ngaku ibadah padahal huleung jentul
    Sing ingeut di akherat bakal di timbang
    Sakumna amal anu ekeur di sorang
    Salameut urang bakal meunang kasenang
    Lading gawe goreng kapaksa dibuang
    Puguh ari milampah ibadah sholat
    Geus jadi sare’at pikeun kabeh umat
    Di mana lamun aya jalma teu to’at
    Wayahna tobat bisi kiamat
    Nya kitu lamun datang waktuna ngaji
    Kudu macakal lantip tur sing taliti
    Tong teupika nyapirakeun ka kiyai
    Nu ngawulang pek sing adab sangkan ngarti
    Mangsa tolab elmu poma tong takabur
    Lungguh payuneun guru sing loba paur
    Tembongkeun hurmat percaya kudu akur
    Ajrih kana elmu-elmun nu luhur
    Jeung deuih ka sadayana sing hariwang
    Ka sepuh ulah wani sentak gantawang
    Komo lamun anak geus wanton miwarang
    Duh Gusti eta teh kacida teu meunang
    Tah kitu ari nyanghareupan lalakon
    Kudu imbang jeung tong ngarempak tetekon
    Pan ku Gusti ge di paparin papagon
    Sangkan hirup bener sareng henteu jongjon
    Ka sadaya nu maca ieu syairna
    Muga-muga ku Gusti Alloh di buka
    Lawang rohmat nu manjing ka sadayana
    Nempatkeun kana jalan nu di pikersa
    Sareng muga-muga teras ditebihan
    Tina kalepatan sipat kakufuran
    Tah sakieu piweujang liwat nadhoman
    Nyanggakeun ka sadayana ikhwan-ikhwan
    Ieu mangrupa serat syair pepeling
    Ti abdi nu bodo sugan jadi penting
    Paranti panggeuing tur jadi babanding
    Kana laku lampah waktos nu rek sumping
    Sakieu serat nu janten panungtungan
    Manan kaluman mending ngahiriringan
    Bral geura cekap tamanatan heulaanan
    Sugan-sugan kapayun nyusul terasan.
    #Pupujuansunda #nadhomsunda #syiiransantri #syairansunda #santrisalafy #siksa #sholat #adzab #qur'an #maot #ajal #ngaji #maot #ajalgeusdatang #dunia

КОМЕНТАРІ •